Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ester 5 >> 

1Sanggeus saum tilu poe, Ester dangdos ku anggoan karatuan, tuluy ngadeg di latar padaleman, mayun ka kamar singgasana. Kaleresan raja keur linggih dina korsi karajaan, mayun ka lawang.

2Barang ningali aya Ratu Ester ngadeg di buruan, anjeunna teu werat nampik, lajeng nyodorkeun teteken emas. Enggal Ester nyaketan, ceg nyepeng kana congo teteken.

3Raja mariksa, "Aya pikersaeun naon enung, Ratu Ester? Saurkeun bae aya pamundut mah. Tangtos dikabul najan mundut sabeulah karajaan oge."

4Ester ngawaler, "Manawi sapuk ing panggalih, abdi gusti nyembahkeun panuhun, mugi Kangjeng Raja miwah Juragan Haman engke wengi kersa linggih tuang leueut, kenging abdi gusti nyayagikeun."

5Sang raja geuwat nimbalan nyaur Haman sina gancang-gancang sumping, bade dicandak linggih ka Ester. Bral raja jeung Haman arangkat nedunan pangangkir Ester.

6Bari ngaleueut anggur, raja mariksa ka Ester, timbalanana, "Mangga saurkeun, naon nya pamundut tangtos dikabul. Naon nya kahoyong tangtos buktos. Palay sabeulah karajaan oge teu aya wagelanana."

7Ester ngawaler,

8"Manawi Kangjeng Raja kersa ngabulkeun panuhun, mugi enjing kersa linggih deui sareng Juragan Haman tuang leueut nu bade disayagikeun ku abdi gusti. Menggahing panuhun abdi enjing bade diunjukkeunana."

9Samulihna Haman tina tuang, pohara ngaraos bagjana, hegar manah. Tapi ana ret ningali Mordekai anu keur aya di lawang karaton, turug-turug taya pisan riuk-riukna hormat waktu anjeunna ngalangkung, nyel bae bendu.

10Tapi nyabar-nyabar anjeun bae, terus mulih ka bumi. Sasumpingna tuluy nyaur rerencanganana ka bumi. Seres oge, garwana disaur dicandak ngariung.

11Gorolang sasauran muji anjeun, nyaurkeun sakumaha beungharna, sakumaha gereyekna putra-putra, sakumaha dijungjungna ku raja nepi ka dibere pangkat nu mulya, sakumaha pentingna anjeunna, leuwih punjul ti batan pajabat-pajabat raja sejenna.

12Jeung kieu deui saurna, "Malah bieu mah tas diondang tuang ku Ratu Ester. Ngan kaula bae jeung raja nu diondang teh. Isukan ge diangkir deui.

13Tapi ana geus nenjo si Mordekai, si Yahudi, diuk di lawang karaton, les bae eta kabagjaan teh leungit, asa taya hartina."

14Ari walon garwa jeung rerencanganana, "Atuh miwarang bae ngadamel panggantungan anu luhurna dua puluh dua meter. Enjing unjukkeun ka raja. Gantung eta si Mordekai teh. Parantos kitu mah angkat kana pangangkir tangtos kalayan senang." Ku pangraos Haman, eta usul kacida hadena, tuluy bae ngadamel panggantungan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ester 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel