Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ezra 2 >> 

1Anu arindit ti propinsi Babul teh kacida lobana, marulang ka Yerusalem jeung Yuda, ka kota asalna masing-masing. Harirupna di pangbuangan di Babul teh ti jaman ditawan ku Raja Nebukadnesar.

2Marulangna dipingpin ku Serubabel, Yesua, Nehemia, Seraya, Rilaya, Mordekai, Bilsan, Mispar, Bigwai, Rehum jeung Baana. Ieu daptar golongan-golongan urang Israil jeung jumlah tiap-tiap golonganana pangbuangan:

3(2:3-20) Golongan Paros aya 2.172. Golongan Sepaca aya 372. Golongan Arah aya 775. Golongan Pahat Moab (turunan Yesua jeung Yoab) aya 2.812. Golongan Elam aya 1.254. Golongan Satu aya 945. Golongan Sakai aya 760. Golongan Bani aya 642. Golongan Bebai aya 623. Golongan Asgad aya 1.222. Golongan Adonikam aya 666. Golongan Bigwai aya 2.056. Golongan Adin aya 454. Golongan Ater (anu katelah Hiskia) aya 98. Golongan Besai aya 323. Golongan Yora aya 112. Golongan Hashum aya 223. Golongan Gibar aya 95.

4(2:3)

5(2:3)

6(2:3)

7(2:3)

8(2:3)

9(2:3)

10(2:3)

11(2:3)

12(2:3)

13(2:3)

14(2:3)

15(2:3)

16(2:3)

17(2:3)

18(2:3)

19(2:3)

20(2:3)

21(2:21-35) Daptar anu marulang ka tempat-tempat urut karuhunna: Urang Betlehem aya 123. Urang Netopa aya 56. Urang Anatot aya 128. Urang Asmawet aya 42. Urang Kiryat Yarim, Kepira jeung Berot aya 743. Urang Ramah jeung Geba aya 621. Urang Mikmas aya 122. Urang Betel jeung Ai aya 223. Urang Nebo aya 52. Urang Elam lianna aya 1.254. Urang Magbis aya 156. Urang Harim aya 320. Urang Lod, Hadid jeung Ono aya 725. Urang Yeriho aya 345. Urang Senaa aya 3.630.

22(2:21)

23(2:21)

24(2:21)

25(2:21)

26(2:21)

27(2:21)

28(2:21)

29(2:21)

30(2:21)

31(2:21)

32(2:21)

33(2:21)

34(2:21)

35(2:21)

36(2:36-39) Nya ieu golongan-golongan para imam anu marulang ti pangbuangan: Golongan Yedaya (turunan Yesua) aya 973. Golongan Imer aya 1.052. Golongan Pashur aya 1.247. Golongan Harim aya 1.017.

37(2:36)

38(2:36)

39(2:36)

40(2:40-42) Nya ieu golongan-golongan urang Lewi anu marulang ti pangbuangan: Golongan Yesua jeung Kadmiel (turunan Hodawia) aya 74. Pamaen musik di Bait Allah (turunan Asap) aya 128. Tukang ngajaga Bait Allah (turunan Salum, Ater, Talmon, Akub, Hatita jeung Sobai) aya 139.

41(2:40)

42(2:40)

43(2:43-54) Golongan-golongan para pagawe Bait Allah anu marulang ti pangbuangan nya eta: Golongan Siha, golongan Hasupa, golongan Tabaot. Golongan Keros, golongan Siaha, golongan Padon. Golongan Lebana, golongan Hagaba, golongan Akub. Golongan Hagab, golongan Samlai, golongan Hanan. Golongan Gidel, golongan Gahar, golongan Raya. Golongan Resin, golongan Nekoda, golongan Gasam. Golongan Usa, golongan Paseyah, golongan Besai. Golongan Asna, golongan Mehunim, golongan Nepusim. Golongan Bakbuk, golongan Hakupa, golongan Harhur. Golongan Baslut, golongan Mehida, golongan Harsa. Golongan Barkos, golongan Sisera, golongan Temah. Golongan Nesiah jeung golongan Hatipa.

44(2:43)

45(2:43)

46(2:43)

47(2:43)

48(2:43)

49(2:43)

50(2:43)

51(2:43)

52(2:43)

53(2:43)

54(2:43)

55(2:55-57) Ieu golongan-golongan gandek-gandek Suleman anu marulang ti pangbuangan: Golongan Sotai, golongan Hasoperet, golongan Peruda. Golongan Yaala, golongan Darkon, golongan Gidel. Golongan Sepaca, golongan Hatil, golongan Pokeret, golongan Hasebaim jeung golongan Ami.

56(2:55)

57(2:55)

58Jumlah turunan pagawe-pagawe Bait Allah jeung gandek-gandek Suleman anu marulang ti pangbuangan aya 392.

59(2:59-60) Aya 652 anu kaasup ka golongan-golongan Delaya, golongan Tobia, jeung golongan Nekoda anu marulang ti tempat-tempat: Tel Mela, Tel Harsa, Kerub, Adan jeung Imer; tapi ngeunaan maranehna henteu aya katerangan anu tetela yen kaasup ka urang Israil.

60(2:59)

61(2:61-62) Di antara golongan-golongan imam anu henteu bisaeun ngabuktikeun karuhunna, nya eta: golongan Habaya, golongan Hakos jeung golongan Barsilai. (Karuhun golongan Barsilai nikahna ka hiji awewe anakna Barsilai ti Gilad, terus make ngaran golongan mitohana.) Ku sabab teu barisa nembongkeun surat-surat lahirna, maranehna dicoret tina kaimamanana.

62(2:61)

63Ku gupernur Yahudi diputuskeun yen maranehna mah teu aya hak ngadahar tina kurban suci samemeh aya imam anu ngadeg nyekel Urim jeung Tumim.

64(2:64-67) Jumlah anu marulang ti pangbuangan aya 42.360 urang. Gandek-gandek lalaki jeung awewe aya 7.337. Pamaen musik, lalaki jeung awewe aya 200. Kuda 736. Bigal 245. Onta 435. Kalde 6.720.

65(2:64)

66(2:64)

67(2:64)

68Sanggeus daratang ka Bait Allah di Yerusalem, kapala-kapala golongan teh loba anu suka rela mere pangbakti pikeun ongkos ngadegkeun deui Bait Allah dina urutna.

69Maranehna sakuat-kuat nyumbang ngabantu sangkan Bait Allah bisa ngadeg. Jumlah sumbangan kabehna: emas 500 kilo, perak 2.800 kilo, pakean imam 100.

70Ari para imam, urang Lewi, jeung sabagian rahayat caricingna di Yerusalem jeung di tempat-tempat anu dareukeut ka dinya. Para pamaen musik, tukang ngajaga Bait Allah jeung pagawe-pagawe Bait Allah caricingna di tempat-tempat anu dareukeut ka Yerusalem. Urang Israil lianna maratuhna di tempat-tempat urut pamatuhan karuhunna masing-masing.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ezra 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel