Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ezra 7 >> 

1Heuleut mangtaun-taun ti harita, sanggeus Artahsasta jadi raja Persia, aya hiji jelema jenenganana Esra. Anjeunna turunan Harun, Imam Agung tea. Jujutan ka dituna kieu: Esra putra Seraya. Seraya putra Asarya. Asarya putra Hilkia.

2Hilkia putra Salum. Salum putra Sadok. Sadok putra Ahitub.

3Ahitub putra Amarya. Amarya putra Asarya. Asarya putra Merayot.

4Merayot putra Serahya. Serahya putra Usi. Usi putra Buki.

5Buki putra Abisua. Abisua putra Pinehas. Pinehas putra Elasar. Elasar putra Harun.

6(7:6-7) Esra rea kauningana tina hal papakon PANGERAN, Allah Israil, anu ku Mantenna dipaparinkeun ka Musa tea. Ku berkahing PANGERAN Allahna, sapanuhun anjeunna ka raja, ku raja dikabul. Dina taun anu katujuh pamarentahan Raja Artahsasta, Esra ngantunkeun Babul, mulih ka Yerusalem jeung hiji rombongan urang Israil, di antarana aya imam-imam, kaom Lewi, tukang mamaos, tukang jaga Bait Allah jeung tukang digarawe di Bait Allah.

7(7:6)

8(7:8-9) Angkatna ti Babul tanggal hiji bulan kahiji, sarta kalawan pangjaring Allah, dina tanggal hiji bulan lima anjeunna geus sumping ka Yerusalem.

9(7:8)

10Manahna geus gilig seja ngulik jeung ngalakonan Hukum PANGERAN, sarta seja ngajarkeun eta hukum-hukum jeung katangtuan-katangtuanana ka urang Israil.

11Raja Artahsasta maparinkeun hiji piagem ka Esra, imam tur ahli Hukum, anu pepek kauningana tina sual hukum-hukum katut timbalan-timbalan anu ku PANGERAN dipaparinkeun ka urang Israil. Eta piagem eusina kieu:

12"Surat kami Artahsasta, raja sagala raja. Kahatur Imam Esra, ahli Hukum Allah sakumna langit.

13Kami marentahkeun: Urang Israil nu aya di sakuliah karajaan kami, imam-imam, jeung kaom Lewi, anu harayang mulang ka Yerusalem, ku kami diidinan marulang milu jeung maneh.

14Kami jeung anggota dewan pertimbangan tujuhan, ngutus maneh ka Yerusalem jeung Yuda pikeun ngadongdon hal Hukum Allah maneh anu ku Mantenna dipercayakeun ka maneh, ditarurut henteuna di ditu.

15Bawa ku maneh emas jeung perak ti kami jeung ti anggota-anggota dewan pertimbangan, ku kami dibaktikeun ka Allah Israil anu Bait-Na di Yerusalem.

16Oge perak jeung emas beunang maneh ngumpulkeun ti sakuliah Babul, katut sumbangan-sumbangan pangbakti ti urang Israil, ti imam-imamna, anu disumbangkeun pikeun Bait Allah, Allahna di Yerusalem.

17Duit balanjakeun masing ati-ati, beulikeun sapi, domba, anak domba, tarigu jeung anggur, kurbankeuneun dina altar Bait Allah di Yerusalem.

18Perak jeung emas anu sesana, pake kana naon bae hadena ceuk pangrasa maneh jeung dulur-dulur, asal cocog jeung pangersa Allah maraneh.

19Paparabotan anu dipasrahkeun ka maneh pikeun kaperluan Bait Allah, baktikeun ka Allah.

20Naon-naon anu dipikabutuh pikeun Bait Allah, baris dicumponan tina dana karajaan.

21Ka sakabeh bendahara nagara di wewengkon Eprat Kulon kami mere parentah, sangkan sagala kaperluan anu baris disodorkeun ku Imam Esra anu ahli dina Hukum Allah sakumna langit, kudu gancang dicumponan.

22Kami ngawidian ngaluarkeun dana: perak nepi ka wates 3.400 kilo, tarigu wates 10.000 kilo, anggur 2.000 liter, minyak jetun wates 2.000 liter jeung uyah sakumaha bae perluna.

23Naon bae anu dipundut ku Allah sakumna langit pikeun kaperluan Bait-Na ku maraneh kudu dicumponan masing tigin, sangkan Mantenna henteu ngabenduan ka kami atawa ka raja-raja gaganti kami ka hareup.

24Maraneh ku kami dilarang narik pajeg ti imam-imam, ti kaom Lewi, ti tukang mamaos, ti tukang-tukang jaga Bait Allah, ti pagawe-pagawe Bait Allah, atawa ti saha bae anu aya patalina jeung urusan kaperluan Bait Allah.

25Ari maneh, Esra, anu boga hikmah ti Allah, maneh kalawan make eta hikmah kudu ngajenengkeun pamong-pamong praja jeung hakim-hakim, pikeun ngatur rahayat di wewengkon Eprat Kulon anu ngalampahkeun Hukum Allah maneh. Rahayat anu acan nyaho kana eta Hukum, ajar ku maneh.

26Sing saha anu baha kana timbalan-timbalan Allah maneh, atawa kana undang-undang karajaan, kudu buru-buru dikeunaan hukuman, dipaehan, atawa dibuang, atawa dijabel kakayaanana atawa dibui."

27Seug Esra sasauran, "Sagala puji ka PANGERAN, Allahna karuhun. Ku karana pangersa Gusti, Raja jadi sakitu ngajenanana ka Bait PANGERAN di Yerusalem.

28Nun Allah, ku karana sih kurnia Gusti, Raja sareng dewan pertimbanganana katut para gegedenna anu kawasa, jadi pohara heman asihna ka abdi. Nun PANGERAN Allah panutan, jisim abdi ku Gusti parantos dipaparin wawanen dugi ka tiasa ngajak mulang kapala-kapala kaom Israil."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ezra 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel