Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Filipi 2 >> 

1Aranjeun jadi kuat lantaran ngahiji jeung Kristus. Bisa senang hate lantaran dipikaasih ku Anjeunna. Aranjeun diaping ku Roh Allah, harade hate jeung silih karunyaan pada batur.

2Sing sahate deuih, sakanyaah, sajiwa, sapikiran, sangkan hate sim kuring leuwih senang.

3Dina ngalampahkeun naon bae ulah ku karana kapentingan pribadi, ulah kajurung ku hayang kapuji. Sabalikna sing silih hormatan, batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.

4Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.

5Kudu nyonto kana sikep Yesus Kristus:

6Anjeunna teh kagungan sipat Allah. Najan kitu taya manah nyasamikeun anjeun jeung Allah.

7Malah-malah ngantunkeun sagala kamulyaana-Na, nyasamikeun anjeun jeung jalma nu kumawula, kersa saharkat jeung jalma, jeung nganggo rupa manusa.

8Ngarendahkeun anjeun, tunduk tumut ka Allah nepi ka pupus, pupus lantaran disalib.

9Ku sabab kitu ku Allah dijungjung luhur, dipasihan gelaran anu unggul ti batur.

10Sakumna mahluk di sawarga, di bumi, jeung di handapeun bumi, bakal ngajungjung jenengan Yesus, deku sujud ka Anjeunna.

11Kabeh bakal ngaku Yesus Kristus teh Gusti. Ku hal eta Allah Rama dimulyakeun.

12Ku sabab kitu dulur-dulur, sanggeus urang pajauh kieu, papatah sim kuring teh turut sing leuwih ti waktu urang keur reureujeungan keneh. Sing terus rarajin jeung sieun ku Allah supaya kasalametan aranjeun jadi sampurna.

13Sabab Allah ku manten oge aya jeung barangdamel di aranjeun, supaya aranjeun daraek jeung saranggup ngalakonan tujuan pangersa-Na.

14Lampahkeun sagala kawajiban ulah bari kukulutus atawa cekcok.

15(2:15-16) Tembongkeun yen aranjeun mulus laku beresih hate, sampurna taya kuciwa, sakumaha layakna anu jadi putra Allah di tengah jelema-jelema nu teu balener di ieu dunya nu pinuh ku dosa. Enggoning ngawartakeun wawaran perkara hirup ka nu sejen, kudu jadi saibarat bentang-bentang anu nyaangan langit. Lamun kitu, munasabah mun dina poean Kristus sumping sim kuring agul ku aranjeun teh, da bukti usaha jeung pagawean sim kuring henteu mubadir.

16(2:15)

17Bisa jadi nyawa sim kuring kudu jadi kurban cara iman aranjeun anu dikurbankeun ka Allah. Lamun enya kudu nepi ka kitu, sim kuring atoh jeung milu bungah ka aranjeun.

18Sabalikna aranjeun oge kudu atoh ku eta hal sim kuring jeung milu bungah ka sim kuring.

19Lamun aya widi Gusti, sim kuring ngaharep bisa buru-buru ngutus Timoteus ka aranjeun, hayang meunang bejana supaya teteg.

20Ngan anjeunna saurang di ditu mah anu saperasaan jeung sim kuring, jeung kacida mikamelangna ka aranjeun.

21Batur mah ngan ngaruruskeun kapentingan dirina bae, cul urusan pikeun Yesus Kristus.

22Timoteus mah ku aranjeun ge geus kanyahoan alus. Jeung sim kuring mah mani kawas anak jeung bapa, totomplokan digawe babarengan nguarkeun wawaran tea.

23Lamun perkara sim kuring geus puguh katangtuanana, anjeunna rek terus diutus.

24Sim kuring pribadi mun geus aya widi Gusti rek buru-buru nepungan ka aranjeun.

25Ari Epaproditus anu ku aranjeun dijurung ngabantu sim kuring, asa perlu disina mulang. Anjeunna geus milu sabilulungan jeung sim kuring.

26Ayeuna geus sonoeun, jeung melangeun sieun aranjeun susah dumeh meunang beja anjeunna teu damang.

27Memang, repot teu damangna, meh bae. Tapi sukur Allah mikawelas, tur lain ka anjeunna bae, ka sim kuring oge deuih nepi ka sim kuring teu tambah kasusah.

28Eta sababna sim kuring beuki perlu ngajurung anjeunna mulang nepungan aranjeun sangkan aranjeun bungah, kasusah sim kuring ge leungit.

29Bageakeun, tarima sing bungah eta dulur sakapercayaan teh. Jelema kawas anjeunna wajib dihormat sakumaha layakna.

30Ngabantuna ngalakonan kawajiban ti Kristus ngawakilan aranjeun teh mani tega kana pati, nepi ka mehmehan tiwas.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Filipi 2 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel