Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Galatia 3 >> 

1Dulur-dulur, urang Galata! Kapangaruhan ku saha nepi ka jadi barodo kitu? Kapan hal pupusna Kristus lantaran disalib teh ku sim kuring geus eces pisan diterangkeunana!

2Coba jawab: Aranjeun pang narampa Roh Allah teh pedah ngalakonan Hukum Agama Yahudi, atawa ku lantaran ngadenge sarta percaya kana eta Injil Kasalametan?

3Ku naon jadi barodo kitu? Geus bener-bener hirup aranjeun mimiti nurutkeun panuyun Roh Allah, ku naon ayeuna marake jalan tarekah sorangan?

4Naha teu aya pisan karasana pangalaman hirup nu enggeus-enggeus teh? Piraku!

5Aranjeun ku Allah geus dipaparinan Roh-Na, geus narenjo kaahengan-kaahengan ti Mantenna. Naha pang kitu teh pedah ngalakonan Hukum Agama Yahudi, atawa ku lantaran ngadenge jeung percaya kana Injil Kasalametan tea?

6Sing aringet, Ibrahim kumaha? Ceuk Kitab Suci, "Anjeunna percaya ka Allah, sarta ku lantaran percaya, anjeunna diangken bener."

7Sakitu tetelana, anu saenyana turunan Ibrahim teh nya eta anu percaya ka Allah.

8Geus diwejangkeun dina Kitab Suci, bangsa-bangsa nu lain Yahudi bakal diangken bener ku Allah, asal percaya ka Mantenna. Eta Injil Kasalametan teh dina Kitab Suci disebutkeun geus dijangjikeun ku Allah ka Ibrahim, ungelna, "Ku jalan maneh sakumna manusa bakal dipaparinan berkah Allah."

9Ibrahim percaya, anu matak ku Allah diberkahan. Nya kitu, kabeh sakur anu percaya cara anjeunna bakal dipaparin berkah.

10Anu ngagantungkeun hirupna kana Hukum Agama, hirupna kaancam ku hukuman. Sabab ceuk Kitab Suci, "Saha-saha anu henteu enya-enya ngalakonan sakur anu ditulis dina Kitab Hukum Agama, tangtu dihukum ku Allah."

11Jadi tetela, saurang ge moal aya anu diangken bener ku Allah pedah ngalakonan eta Hukum Agama. Sakumaha ceuk Kitab Suci, "Anu bakal hirup ngan anu percaya ka Allah sarta anu ku Mantenna diangken bener."

12Hukum Agama Yahudi sabalikna, henteu ngandelkeun kana kapercayaan. Sakumaha ceuk Kitab Suci, "Anu ngalakonan sakabeh Hukum Agama Yahudi tangtu hirup."

13Tapi urang mah geus leupas tina ancaman jeung panyapa eta Hukum Agama. Geus dileupaskeun ku Kristus. Nya Anjeunna anu nandangan panyapana, jadi gaganti urang. Hal eta kieu diungelkeunana dina Kitab Suci, "Anu dihukum gantung dina tihang kai, jelema anu disapa ku Allah."

14Pang Kristus nepi ka kersa kitu, nya eta supaya berkah anu ku Allah dijangjikeun ka Ibrahim tea bisa oge katampa ku bangsa-bangsa nu lain Yahudi. Ku jalan percaya ka Kristus Yesus, urang oge dipaparin Roh Allah anu dijangjikeun ka Ibrahim.

15Dulur-dulur! Ieu aya conto tina kahirupan sapopoe. Upama dua jelema geus satuju kana hiji perkara dina surat perjangjian anu geus ditanda tangan, moal aya jelema saurang ge nu bisa ngabatalkeun eta perjangjian, atawa nambahan eusina.

16Ayeuna, Allah geus ngadamel perjangjian ka Ibrahim jeung turunanana. Eta kecap turunan ditulisna dina Kitab Suci henteu make kecap jama "turunan-turunan", anu nuduhkeun loba. Ditulisna make kecap tunggal, "turunan", tegesna ngan saurang, nya eta Yesus Kristus.

17Maksud sim kuring, Allah ngadamel jangji jeung Ibrahim teh samemeh aya Hukum Agama, sarta Mantenna jangji bakal ngalaksanakeun perjangjiana-Na. Hukum Agama kaluarna opat ratus tilu puluh taun ti harita, tangtu moal bisa ngabatalkeun eta perjangjian, moal bisa ngaleungitkeun jangji Allah.

18Ari sih kurnia Allah gumantung kana Hukum Agama mah tandana Allah henteu nyepeng kana perjangjiana-Na. Padahal pang Allah maparinkeun eta sih kurnia ka Ibrahim teh lantaran Mantenna geus jangji.

19Ari Hukum Agama pikeun naon atuh? Eta mah pikeun panambah, pikeun nuduhkeun yen manusa geus ngalanggar. Hukum Agama sipatna ngan pikeun saheulaanan, waktuna ngan nepi ka mangsa sumpingna turunan Ibrahim anu dijangjikeun tea. Hukum Agama diturunkeunana ku malaikat-malaikat, diserenkeunana ka hiji jelema anu jadi wawakil.

20Anu diwakilan teh tangtu jalma rea, da ari ngan eta saurang mah teu perlu ku wawakil. Ari Allah kapan ngan hiji.

21Lamun kitu Hukum Agama teh meureun papalingpang jeung jangji Allah? Sama sakali henteu! Sabab lamun jelema bisa hirup ku ngalakonan Hukum Agama, unggal jelema oge tangtu bisa diangken bener ku Allah, asal tigin kana eta Hukum Agama.

22Padahal ceuk Kitab Suci, saalam dunya geus katalikung ku kawasa dosa. Ku lantaran kitu, sih kurnia anu dijangjikeun ku Allah teh kakara bisa katampa lamun geus percaya ka Kristus.

23Tapi samemeh nepi kana waktu urang percaya ka Kristus, urang teh dikerem rapet ku aturan-aturan eta Hukum Agama lir dipanjara, nepi ka datang mangsana urang percaya.

24Jadi gunana eta Hukum Agama teh pikeun ngincer ngawaskeun kasalahan-kasalahan urang nepi ka mangsa sumping Kristus. Geus kitu kakara urang bisa diangken bener ku Allah, lamun percaya ka Anjeunna.

25Ayeuna, ku sabab anu kudu dipercaya geus aya, geus waktuna manusa percaya ka Kristus. Ayeuna hirup urang geus henteu diawaskeun deui ku eta Hukum Agama.

26Ku sabab geus percaya ka Kristus Yesus, hirup geus ngahiji jeung Anjeunna, aranjeun teh geus jaradi putra Allah.

27Aranjeun geus dibaptis disatunggalkeun jeung Kristus, geus kabulen ku sipat Kristus ku anjeun.

28Ku lantaran kitu, boh urang Yahudi, boh nu lain Yahudi, boh jelema merdeka, boh jelema kumawula, boh awewe, boh lalaki, geus henteu dibeda-beda, geus ngajadi hiji dina katunggalan jeung Kristus Yesus.

29Ku sabab geus jadi kagungan Kristus, aranjeun teh jadi turunan Ibrahim anu bakal nampa berkah anu dijangjikeun ku Allah tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Galatia 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel