Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Habakuk 3 >> 

1Ieu paneda Nabi Habakuk:

2Nun PANGERAN, abdi parantos nguping sugri anu dipidamel ku Gusti. Hate abdi pinuh ku rasa hormat. Eta padamelan Gusti nu aragung, mugi pidamel deui jaman abdi-abdi ayeuna. Mugi Gusti mikawelas, sanaos upami keur bendu.

3Allah tereh sumping deui ti Edom. Allah nu suci, tereh sumping ti pagunungan Paran. Kamulyaana-Na minuhan langit, sarta bumi pinuh ku pujian ka Mantenna.

4Sumping-Na bareng jeung kilat ngagebray, panangana-Na ngaluarkeun cahaya, nya di dinya disumputkeun pangawasa-Na.

5Di hareup Mantenna ngagiring panyakit, di tukang diiring ku maot.

6Ana Mantenna ngarandeg, bumi ngariyeg. Bangsa-bangsa dipencrong, kabeh ngagebeg. Gunung-gunung nu aya ti jaman purba alambrug, pasir-pasir anu umurna mangabad-abad rarugrug, pasir-pasir anu baheula diambah ku Mantenna.

7Abdi ningal urang Kusyan kasieunan, urang Midian ngadegdeg.

8Nun PANGERAN, pangna bendu teh naha ku margi walungan-walungan? Pang Gusti wera teh naha ku margi lautan? Gusti nitihan mega sareng mega topan lir karetana, waktos sumping nyandak kaunggulan kangge umat Gusti.

9Gusti ngawengkang gondewa, bade ngalepas jamparing. Kilat Gusti meulah bumi.

10Barang gunung-gunung ningal ka Gusti, per ngadaregdeg, hujan bahe ti langit. Cai handapeun daratan ngaguruh, ombakna laluhur pagulung-gulung.

11Waktos jamparing-jamparing Gusti tingbelesat sareng tumbak Gusti ngagurilap, panonpoe sareng bulan ngarandeg.

12Sajeroning wera Gusti lungsur ngambah lemah, bangsa-bangsa ku Gusti dileyek.

13Gusti majeng, bade nyalametkeun umat Gusti ngajait raja pilihan Gusti. Pamingpin para durjana ku Gusti dihajar ngajungkel, para panganutna seep ditumpes.

14Jamparing-jamparing Gusti narancleb ka kapala pasukan musuh, anu keur nyebrut sapertos topan, niat ngubrak-ngabrik abdi-abdi, bangun atoh ku nu cilaka, sapertos kabiasaan jalmi-jalmi tukang ngagencet rerencepan.

15Bari tunggang kuda Gusti ngucek-ngucek laut, cai laut nu hebat dugi ka ngabudah.

16Ngareungeu eta kaula ngarasa ketir, biwir ngeleper lantaran sieun awak leuleus, di handap suku titatarajong. Bari ngahephep kaula ngadago waktuna PANGERAN bakal nerapkeun hukum ka nu narajang ka urang.

17Najan kondang teu baruahan, tangkal anggur taya anggurna, najan panen jetun gagal, jeung di huma taya pelak gandum najan domba kabeh paraeh, kandang sapi kararosong,

18kaula moal weleh suka jeung bungah, sabab aya PANGERAN Allah, jurusalamet kaula.

19Ku PANGERAN Nu Maha Agung dipaparin kakuatan, dipaparin suku anu tangginas kawas uncal, aman ngambah pagunungan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Habakuk 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel