Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hakim-hakim 15 >> 

1Heuleut sawatara waktu, keur usum dibuat gandum, Simson angkat seja mendakan garwana, nyandak anak embe. Ari saurna ka rama garwana, "Abdi bade ka pangkeng pun bojo." Tapi ku eta dihalangan,

2pokna, "Sugan teh enya hidep geus teu suka ka anak Bapa, anu matak ku Bapa teh dibikeun ka batur hidep keneh. Tapi aya adina, leuwih geulis. Pek eta keur hidep, gagantina."

3Saur Simson, "Ayeuna mah, lamun abdi nyieun kitu nyieun kieu ka urang Pelisti, geus lain salah abdi deui."

4Bral bae angkat, tuluy newakan ajag meunang tilu ratus siki, seug ditalian dua-dua, buntutna dikantetkeun. Lebah patumbuna diteundeunan obor.

5Oborna diseungeutan, tuluy ajagna dikencar-kencarkeun ka pibuateun urang Pelisti. Ku lantaran kitu, anu kahuru teh lain ngan gandum anu geus ditumpuk bae, anu acan dipibuatan oge kahuru, malah kebon jetunna oge milu kahuruan.

6Sanggeus ku urang Pelisti disusud saha anu boga gawe, kanyahoan yen ku Simson, dumeh garwana ku mertuana, urang Timna tea, dibikeun ka rerencanganana. Seug eta wanita teh ku urang Pelisti diduruk, imah bapana oge dihuru.

7Saur Simson ka maranehanana, "Kitu kutan peta maraneh! Aing sumpah, moal waka eureun sapanjang can bisa ngabales!"

8Der anjeunna narajang rosa pisan, nepi ka kacida lobana urang Pelisti anu paraeh. Geus kitu anjeunna angkat, terus calik di hiji guha cadas di Etam.

9Geus kitu urang Pelisti arindit, nyieun pakemahan di Yuda, tuluy narajang kota Lehi.

10Urang Yuda daratang nanyakeun, "Ku naon narajang ka dieu?" Jawabna, "Arek ngabarogod Simson, rek dibales sakumaha kalakuanana ka kami."

11Seug tilu rebu urang Yuda arindit ka guha cadas di Etam, kieu pokna ka Simson, "Na teu uninga yen urang Pelisti teh dunungan urang? Ku naon anjeun nyusahkeun ka kuring?" Waler Simson, "Kuring mah sakadar ngabales kana kalakuan maranehanana."

12Ceuk urang Yuda, "Kuring ka dieu teh arek ngabarogod anjeun, rek diserenkeun ka urang Pelisti." Saur Simson, "Tapi aranjeun kudu sumpah, yen aranjeun pribadi mah moal maehan ka kuring."

13Tembal maranehanana, "Ngan seja ngabarogod wungkul, tuluy dipasrahkeun ka urang Pelisti. Paliyas teuing maehan mah." Ti dinya Simson dibarogod ku dua tambang anu weuteuh keneh, tuluy diiringkeun ti dinya.

14Barang sumping ka Lehi, anjeunna ku urang Pelisti dipapag ku surak bari diburu. Saharita keneh anjeunna kasumpingan kakawasaan PANGERAN, ngadak-ngadak tanagana jadi rongkah. Tali anu ngabarogod pananganana dipegatkeun, kawas megatkeun benang tutung kabeuleum bae.

15Beh anjeunna mendak tulang cacapek kalde baseuh keneh, top dipulung, tuluy dianggo ngababukan urang Pelisti, nepi ka aya sarebu urang anu paraeh ku eta.

16Geus kitu Simson ngawih, "Ku tulang cacapek kalde sapotong, kami maehan sarebu jalma. Ku tulang cacapek kalde sapotong, kami numpukkeun bangke-bangkena."

17Sanggeus ngahariring, lung cacapek kalde teh dialungkeun. Ari tempat kajadianana disebutna Ramat Lehi.

18Geus kitu Simson ngaraos pohara halabhabna, seug sasambat ka PANGERAN, "Abdi ku Anjeun parantos dikersakeun sakitu unggulna. Dupi ayeuna, naha abdi teh kedah maot ku bawaning halabhab, sareng kedah beunang ku urang Pelisti, bangsa anu henteu disunatan?"

19Lajeng Allah di Lehi muka liang handapeun cadas, seug aya cai bijil ti dinya. Regot Simson ngaleueut, salirana karaos seger meueusan. Eta cinyusu dingaranan Hakor, nu tetep aya di Lehi tepi ka ayeuna.

20Lilana Simson jeneng hakim di Israil dua puluh taun, nya eta jaman tanah Israil dijajah ku urang Pelisti.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Hakim-hakim 15 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel