Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hakim-hakim 4 >> 

1Sanggeus Ehud pupus, urang Israil doraka deui ka PANGERAN.

2Seug ku PANGERAN diselehkeun ka Yabin, raja Kanaan anu marentahna di kota Hasor. Panglima perangna ngaranna Sisera, cicingna di Haroset Hagoyim.

3Yabin kagungan salapan ratus kareta perang tina beusi. Marentahna ka urang Israil dua puluh taun, kacida kerasna jeung bengisna. Urang Israil sasambat menta tulung ka PANGERAN.

4Harita anu ngurus urang Israil teh hiji nabi istri jenengan Debora, istrina Lapidot.

5Anjeunna biasa sok calik di handapeun hiji tangkal korma, antara Ramah jeung Betel di kota pagunungan Epraim. Urang Israil sok daratang ka anjeunna menta bongbolongan.

6Dina hiji poe anjeunna miwarang sumping ka Barak bin Abinoam ti kota Kedes, wewengkon Naptali. Saur Debora ka anjeunna, "Ieu aya timbalan ti PANGERAN, Allah Israil pikeun anjeun kieu, ‘Kumpulkeun 10.000 urang jalma lalaki ti kaom Naptali jeung Sebulun, bawa ka Gunung Tabor.

7Engke Sisera, panglima angkatan perang Yabin, ku Kami rek disina datang jeung sabaladna katut kareta-kareta perangna, rek merangan ka maneh di Walungan Kison. Tapi maneh ku Kami baris dibere kaunggulan dina eta perang.’"

8Barak ngawalon, "Upami miosna sareng Ibu, mangga. Upami teu sareng Ibu mah moal mios."

9Waler Debora, "Heug dibarengan ku Ibu. Tapi ari kitu mah hidep moal aya kasebutna, lantaran Sisera teh ku PANGERAN baris diselehkeun ka leungeun hiji awewe." Ti dinya Debora jengkar ka Kedes, nyarengan Barak.

10Barak ngumpulkeun jelema ti kaom Sebulun jeung Naptali, tuluy maju ka Kedes diiring ku 10.000 urang, disarengan ku Debora.

11Kocap Heber urang Keni turunan Hobab dahuan Musa tea, harita geus ngadegkeun kemah deukeut hiji tangkal kiara di Saanaim, misahkeun maneh ti urang Keni lianna.

12Sisera geus nyahoeun yen aya Barak unggah ka Gunung Tabor,

13geuwat ngumpulkeun balad katut kareta perangna anu salapan ratus, terus dikeprak ti Haroset Hagoyim ka Walungan Kison.

14Ari saur Debora ka Barak, "Maju! PANGERAN anu mingpin hidep. Poe ieu Sisera baris taluk ka hidep." Barak jeung sapuluh rebu perjuritna turun ti Gunung Tabor.

15Ari Sisera sabaladna kitu deui barisan karetana, barang breg diambreg ku balad Barak teh ku PANGERAN sina jadi pabaliut teu paruguh. Sisera ngajleng tina karetana, tuluy ngabecir kabur.

16Balad jeung barisan karetana, ku Barak diobrot nepi ka Haroset Hagoyim, di dinya balad Sisera beak ditumpes taya nu ngari.

17Ari Sisera kaburna muru ka pakemahan Yael, bojo Heber urang Keni tea, dumeh kulawarga Heber hirupna akur jeung Raja Yabin ti Hasor.

18Yael norojol mapagkeun Sisera bari ngahaturanan linggih, pokna, "Mangga Juragan, lebet. Teu kedah asa-asa." Sisera asup, ku Yael dititah nyumput tukangeun reregan.

19Sisera ngomong, "Cik kami menta cai, hayang nginum." Ku Yael diasongan cisusu, regot diinum, tuluy sina nyumput deui.

20Ceuk Sisera ka Yael, "Maneh tunggu di lawang. Mun aya nu mapaykeun, bejakeun euweuh sasaha."

21Ku bawaning cape, reup Sisera sare tibra pisan. Yael nyokot palu jeung pancuh kemah, tuluy nyampeurkeun Sisera ati-ati pisan. Jebrod palipisan Sisera dipaseuk ku talutug kemah, dipancuhkeun kana taneuh.

22Ti dinya Barak ngarongheap seja milarian Sisera. Yael norojol mapagkeun bari haturan, "Tingali geura, jalmi anu dipilarian ku Juragan tea." Anjeunna asup ka jero kemah jeung Yael, kasampak Sisera ngajoprak dina taneuh geus teu nyawaan, palipisanana dipaseuk ku pancuh kemah.

23Poe eta PANGERAN maparin kaunggulan ka urang Israil. Yabin raja Kanaan teh kasoran.

24Ku urang Israil hantem dibeberik nepi ka ahirna binasa.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Hakim-hakim 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel