Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Hosea 10 >> 

1Urang Israil saibarat tangkal anggur anu leubeut buahna. Tapi beuki leubeut buahna, beuki loba nyieunan altar. Beuki loba tanahna mere hasil, beuki dialus-alus tihang-tihang brahalana.

2Eta bangsa anu serong hate teh baris tereh nandangan lara ku karana dosana. Altar-altarna ku Allah bakal diancur-ancurkeun, tihang-tihang brahalana bakal dirubuh-rubuhkeun.

3Moal lila deui eta jalma-jalma bakal nyarebut, "Urang teu boga raja lantaran teu sieun ku Allah. Tapi bisaeun ngayakeun naon raja pikeun urang?"

4Maranehna ngaromong kosong jeung nyieun jangji-jangji palsu sarta pamupakatan anu taya gunana. Hukum geus leungit adilna, kalah ka ngaruksak cara jukut racun dina tanah beunang ngawuluku.

5Jalma-jalma nu caricing di kota Samaria bakal sarieun jeung prihatin, sabab arca sapi emasna di Betel geus euweuh. Maranehna jeung imam-imam anu ngawulaan eta arca careurik aluk-alukan, narenjo eta arca dipesek lapis emasna anu murub mubyar.

6Eta arca bakal diakut ka Asur, dipake upeti ka raja gede di dinya. Israil geus nurutkeun hiji rarancang anu ngalantarankeun dirina bakal meunang era jeung dihina.

7Rajana bakal ngaleong cara tatal palid di walungan.

8Kuil-kuil di puncak pasir Awen, paranti urang Israil ngabakti ka brahala, bakal dirubuh-rubuhkeun, altarna bakal ngajejembrung ku jujukutan jeung cucuk. Urang Israil bakal sasambat ka gunung-gunung, "Kuring sumputkeun!" Jumerit ka pasir-pasir, "Kuring rungkupan!"

9PANGERAN ngandika, "Ti jaman urang Israil nyieun dosa di Gibea, nepi ka ayeuna teu eureun-eureun dosana ka Kami. Ku sabab kitu nya di Gibea oge maranehna bakal ditarajang ku perang.

10Ieu bangsa doraka teh ku Kami rek ditarajang, rek dihukum. Bangsa-bangsa sina ngahiji bareng merangan maranehna; maranehna dihukum lantaran loba pisan dosana.

11Israil tadina lir ibarat sapi ngora anu iceus, daek dipake ngirik gandum. Tapi Kami geus mutuskeun, pundukna anu alus ayeuna rek diterapan pasangan jeung rarangken, rek digawekeun kana pagawean anu leuwih beurat. Yuda sina narik wuluku, Israil sina narik garu.

12Ceuk Kami, ‘Pikeun kaperluan maneh keneh, maneh kudu ngawuluku tanah bukaan anyar, melak bibit kaadilan, mupu berkah-berkah hasil kata’atan maneh ka Kami. Geus waktuna maneh teh ayeuna mah tobat ka Kami, PANGERAN maneh, sarta Kami tangtu datang ngocorkeun berkah.’

13Tapi maneh kalah ka melak kagorengan, mupu kajahatan. Maneh nyatu hasil tina ngabohong. Ku sabab maneh sumender kana kareta-kareta perang jeung kana lobana prajurit,

14rahayat maneh bakal ditarajang ku perang, sarta benteng-benteng maneh kabeh bakal tumpur. Eta perang bakal sarua jeung perang jaman Raja Salman ngagempur kota Bet Arbel, indung-indung bareng jeung barudakna paraeh digilesan.

15Kitu anu bakal kasorang ku maraneh, eh urang Betel, lantaran kalakuan maraneh kacida jahatna! Ari raja Israil bakal paeh ti barang mimiti perang."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Hosea 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel