Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ibrani 5 >> 

1Sakur imam agung dipilihna ti sasama manusa, diangkat pikeun jadi wawakil sasamana manusa ngalalayanan Allah, kapapancenan ngahaturkeun pangbakti-pangbakti jeung kurban-kurban panebus dosa.

2Ku sabab dirina oge rea kalemahanana, imam agung bisa lemah lembut ka jelema anu taya kanyaho jeung rea salahna.

3Ku sabab dirina ge sipat lemah, ngurbanna teh lain ngan pikeun nebus dosa jalma rea bae, tapi keur dirina oge.

4Imam agung teu aya anu ngajenengkeun maneh, sabab kudu aya panyaur heula ti Allah, saperti Harun contona.

5Kristus oge kitu, jadi Imam Agung teh henteu ngangkat anjeun, tapi dijenengkeun ku Allah. Kieu dawuhan Allah ka Anjeunna, "Hidep Putra Ama, poe ieu Ama jadi Rama Hidep."

6Dina kasempetan sejen kieu dawuhan Allah, "Hidep jadi Imam langgeng saperti Imam Melkisidik."

7Waktu keur jumeneng keneh di ieu bumi, Yesus sasambat bari medal cisoca ka Allah, anu iasa ngaluputkeun Anjeunna tina ancaman pati. Ku sabab rendah manah jeung ajrih, paneda-Na ku Allah dikabul.

8Yesus sanajan Putra Allah, tumut sarta sadrah nandangan sangsara.

9Ku sabab kitu sanggeus dijadikeun sampurna, Yesus teh jadi sumber kasalametan jelema-jelema anu aranut ka Anjeunna,

10sarta ku Allah diembarkeun jadi Imam Agung golongan Melkisidik.

11Hal Yesus jadi Imam Agung, loba anu perlu diterangkeun, tapi hese nerangkeunana, lantaran aranjeun kendor kana ngarti.

12Geus sakitu lilana dialajar dina hambalan kahiji pangajaran-pangajaran ti Allah, kuduna mah ayeuna geus jaradi guru tina hal eta. Ari pek masih keneh kudu diajar ku batur, can bisa meuweung anu teuas-teuas, kakara bisa kana susu.

13Anu disusuan keneh mah orok, anu tacan boga pangalaman, tacan nyaho salah jeung bener.

14Kadaharan anu teuas-teuas mah ngan pikeun anu geus cukup umur, anu geus boga pangalaman bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ibrani 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel