Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 16 >> 

1Sanggeus putra Harun anu duaan tea tiwas lantaran ngahaturkeun seuneu anu henteu suci, PANGERAN nimbalan deui ka Musa.

2Kieu timbalana-Na, "Bejakeun ka Harun lanceuk maneh, yen ari asup ka jeroeun lalangse rek ka Kamar Pangsucina, kudu dina waktu nu geus tangtu. Sabab dina waktu-waktu eta bae Kami aya di dinya, dina mega luhureun tutup Peti Perjangjian. Lamun hal ieu ku manehna dirempak tangtu tiwas.

3Manehna kakara meunang asup ka Kamar Pangsucina lamun geus ngurbankeun hiji anak sapi jalu keur kurban pamupus dosa jeung hiji domba jalu keur kurban beuleuman."

4Geus kitu PANGERAN maparinkeun papakonna. Samemeh lebet ka Kamar Pangsucina, Harun kudu siram heula, terus dangdos ku anggoan imam, nya eta jubah kaci, lancingan pondok, beulitan, jeung dastar.

5Ari jamaah Israil kudu nyerenkeun dua embe jalu ka Harun keur kurban pamupus dosa, jeung hiji domba jalu keur kurban beuleuman.

6Harun ku anjeun kudu ngahaturkeun kurban sapi jalu keur mupus dosa salirana saputra garwa.

7Geus kitu dua embe jalu tea ku anjeunna kudu dijogokeun di lawang Kemah PANGERAN,

8tuluy kudu dilotrekeun ku dua batu elot. Elot nu hiji unina "Haturan PANGERAN", nu hiji deui unina "Pikeun Asasel".

9Embe anu keuna ku elot haturan PANGERAN ku Harun kudu dipeuncit pikeun kurban pamupus dosa.

10Embe anu keuna ku elot pikeun Asasel kudu disanggakeun hirup-hirup ka PANGERAN, engkena kudu dibuburak ka gurun keusik pikeun Asasel keur mupus dosa jamaah.

11Sapi jalu ku Harun kudu dipeuncit keur kurban pamupus dosa, panebus dosa salirana saputra garwa.

12Sanggeus kitu anjeunna kudu nyandak parukuyan dieusi ruhak tina altar, jeung seuseungitan dua keupeul, bawa asup ka Tempat Pangsucina.

13Sanggeus aya di pangdeuheusan ka PANGERAN, eta seuseungitan asupkeun kana parukuyan, haseup kukusna sina ngaliputan turub Peti Perjangjian, nepi ka eta Peti teu katingali ku anjeunna, sabab lamun katingali tanwande anjeunna tiwas.

14Getih sapi tea kudu dicandak saeutik, kepret-kepret kana turub Peti Perjangjian jeung ka hareupeun eta Peti tujuh kali.

15Geus kitu kudu meuncit embe pikeun kurban mupus dosa tea pikeun nebus dosa jamaah. Getihna bawa ka Kamar Pangsucina, kepret-kepret kana turub Peti Perjangjian jeung ka hareupeun eta Peti sakumaha halna getih sapi tea.

16Ku jalan kitu anjeunna ngadamel upacara nyucikeun Kamar Pangsucina tina rereged jeung sagala dosa urang Israil. Nu matak kudu kitu teh lantaran eta Kemah Tepangan aya di tengah pasanggrahan, tempat rereged.

17Salila Harun keur aya di jero Tempat Pangsucina ngajalankeun upacara nyucikeun nepi ka kaluarna deui, di jero Kemah teu meunang pisan aya jelema sejen. Sarengsena ngajalankeun upacara keur salirana saputra garwa jeung keur sajamaah,

18kudu terus kaluar ka tempat altar kurban beuleuman; eta oge kudu disucikeun, tatandukanana sakurilingna olesan getih sapi jeung getih embe tea.

19Altarna kudu dikepretan getih ku curuk tujuh kali. Ku jalan kitu eta altar teh disucikeun tina dosa urang Israil.

20Sanggeus beres upacara nyucikeun Tempat Pangsucina, babagian Kemah Tepangan jeung altar, embe pikeun Asasel, nu hirup keneh tea, ku Harun kudu disanggakeun ka PANGERAN.

21Anjeunna kudu numpangkeun panangan duanana kana sirah eta embe bari ngikrarkeun sagala kadorakaan, sagala dosa, jeung sagala kabasangkalan urang Israil, diteumbleuhkeun kana sirah eta embe. Ti dinya eta embe kudu dibuburak ka tengah gurun keusik ku hiji jelema anu geus ditangtukeun.

22Jadi sagala dosa urang Israil teh dibawa ku eta embe ka salah sahiji tempat anu taya jelemana.

23Geus kitu Harun kudu lebet deui ka jero Kemah, tuluy cucul-cucul anggoan imam anu dianggo basa memeh lebet ka Tempat Pangsucina. Anggoan teh disimpen di jero Kemah.

24Ti dinya anjeunna kudu siram di tempat suci, tuluy gentos anggoan ku anggoan ku anjeun. Sanggeus kitu kudu kaluar pikeun nyanggakeun kurban beuleuman pikeun ngaleungitkeun dosa salirana jeung dosa jamaah.

25Gajih sato kurban dosa tea kudu dibeuleum dina altar.

26Jelema anu ngabuburak embe pikeun Asasel tea, memeh asup deui ka pasanggrahan kudu nyeuseuh heula pakeanana terus mandi.

27Sapi jeung embe anu geus dipeuncit pikeun kurban dosa, anu getihna dibawa asup ka Tempat Pangsucina pikeun ngaleungitkeun dosa tea, kudu dibawa ka luareun pasanggrahan terus duruk. Kulitna, dagingna, jeroanana, kabeh kudu diduruk.

28Jelema anu ngadurukna samemeh asup deui ka pasanggrahan kudu nyeuseuh heula pakeanana terus mandi.

29Ieu aturan-aturan anu kudu digumatikeun salilana. Dina poe nu kasapuluh bulan katujuh, urang Israil kitu deui urang asing anu cicing di maranehna kudu paruasa sarta teu meunang barang gawe naon-naon.

30Dina poe eta kudu nyieun upacara nyucikeun urang Israil tina sagala dosana supaya dirina beresih nurutkeun agama.

31Poe eta kudu jadi poe anu kacida sucina, kudu dipake pikeun puasa jeung teu meunang pisan barang gawe. Ieu aturan kudu digumatikeun salilana.

32Imam Agung, anu geus diistrenan jeung geus disucikeun pikeun ngaganti bapana, kudu ngalampahkeun eta upacara nyucikeun. Kudu make pakean imam,

33tuluy kudu ngalampahkeun upacara nyucikeun Kamar Pangsucina, nyucikeun bagian-bagian sejen Kemah PANGERAN, nyucikeun imam-imam, jeung nyucikeun sakumna urang Israil.

34Ieu aturan-aturan kudu digumatikeun salilana. Upacara kieu kudu dilampahkeunana sataun sakali, pikeun nyucikeun sakumna urang Israil tina sakabeh dosana. Eta timbalan PANGERAN ku Musa dijalankeun.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Imamat 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel