Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 18 >> 

1PANGERAN ngandika ka Musa

2pikeun urang Israil. Pangandika-Na, "Maraneh ulah nurutan urang Mesir urut maraneh bareto ngumbara.

3Jeung ulah nurutan urang Kanaan anu ayeuna ku Kami dituju rek mawa maraneh ka ditu.

4Tarurut aturan jeung hukum Kami, lampahkeun timbalan Kami, PANGERAN Allah maraneh.

5Estokeun pituduh ti Kami, lakonan sangkan salamet. Kami teh PANGERAN."

6Ti dinya PANGERAN nurunkeun ieu pikukuh: Maraneh teu meunang sapatemon jeung awewe baraya sorangan.

7Teu meunang sapatemon jeung indung, ngahina ka bapa jeung ka indung sorangan.

8Teu meunang ngahina ka bapa, sapatemon jeung salah saurang pamajikanana.

9Teu meunang sapatemon jeung dulur awewe atawa dulur tere awewe, boh jeung nu saimah boh jeung nu misah imah.

10Teu meunang sapatemon jeung incu awewe, hina diri.

11Teu meunang sapatemon jeung kapiadi awewe, da eta teh sasat adi teges.

12(18:12-13) Teu meunang sapatemon jeung bibi ti bapa atawa bibi ti indung.

13(18:12)

14Teu meunang sapatemon jeung pamajikan paman da eta teh bibi maneh keneh.

15Teu meunang sapatemon jeung minantu awewe,

16teu meunang sapatemon jeung pamajikan adi atawa pamajikan lanceuk.

17Teu meunang sapatemon jeung anak atawa incu ti awewe anu kungsi sapatemon jeung maraneh, sabab eta teh sasat anak atawa incu sorangan, lampah kitu rucah.

18Ulah nyandung ka adi atawa lanceuk pamajikan satungtung pamajikan maneh hirup keneh.

19Teu meunang sapatemon jeung awewe anu keur haid sabab awewena keur reged.

20Teu meunang sapatemon jeung pamajikan batur, eta lampah najis.

21Anak maraneh ulah dibikeun dijieun sarat muja ka aallahan anu ngaranna si Molek, kalakuan kitu ngahinakeun pajenengan Allah PANGERAN.

22Teu meunang jima jeung papada lalaki, eta kalakuan pikacuaeun Allah.

23Teu meunang ngajima sasatoan. Awewe teu meunang sapatemon jeung sato, kalakuan anu nya nista nya rujit.

24Pacuan ngarurujit diri ku kalakuan anu karitu. Anu sok ngarurujit diri kitu teh urang kapir, anu maratuhna di Kanaan saheulaeun maraneh, anu ku PANGERAN keur disingkirkeun supaya maraneh bisa arasup ka ditu.

25Kalakuan maranehna kitu bakal ngalantarankeun eta tanah reged, sarta eta tanah ku PANGERAN tangtu disiksa datang ka ngutahkeun jalma-jalma pangeusina.

26(18:26-27) Kalakuan maranehna kacida rarujitna nepi ka tanahna oge jadi rujit. Maraneh mah ulah kitu. Maraneh kabeh urang Israil kitu deui nu lain urang Israil nu di darieu, kudu tunduk kana pikukuh jeung timbalan PANGERAN,

27(18:26)

28sangkan ulah diutahkeun ku eta tanah cara urang ditu anu maratuhna ti heulaeun maraneh.

29Nu matak sing saha anu boga kalakuan rujit saperti kitu moal diaku deui umat Allah.

30PANGERAN ngandika deui, "Tekanan ieu pikukuh-pikukuh ti Kami. Ulah boga kalakuan cara jelema-jelema anu baheula maratuh di ditu samemeh maraneh. Ulah ngarereged maneh ku kalakuan-kalakuan anu karitu. Kami teh PANGERAN, Allah maraneh."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Imamat 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel