Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 20 >> 

1PANGERAN ngandika deui ka Musa,

2pikeun urang Israil, "Anu mikeun salah saurang anakna pikeun sarat ngabakti ka si Molek aallahan tea, boh ti kalangan maraneh boh ti nu sejen anu narumpang di maraneh, ku sakabeh jelema kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh.

3Anu nyerenkeun salah saurang anakna ka si Molek pikeun maksud nyumahkeun kasucian Kemah jeung kasucian jenengan Kami, ku Kami tangtu dilawan sarta moal diaku deui umat.

4Upama anu boga kalakuan kitu ku jamaah diantep teu dipaehan,

5bakal dilawan ku Kami pribadi, boh manehna saanak pamajikanana, boh nu marilu teu satia ka Kami ngabarakti ka si Molek, ku Kami moal diaku deui umat.

6Jelema anu menta pituduh ka tukang nyarumah bakal dilawan ku Kami, jeung moal diaku deui umat.

7Masing marulus kalakuan, sabab Kami teh PANGERAN Allah maraneh.

8Masing narurut kana pikukuh-pikukuh Kami, sabab maraneh geus dipilih ku Kami, PANGERAN."

9Ti dinya PANGERAN nurunkeun pikukuh-Na, "Sing saha anu nyumpahan ka bapa atawa ka indung kudu dipaehan, sabab manjing hukum paeh.

10Sing saha anu ngaranyed ka pamajikan batur sasama Israil kudu dipaehan jeung awewena.

11Sing saha anu ngajinahan salah sahiji pamajikan bapana, teu ngendahkeun ka nu jadi bapa, kudu dipaehan jeung awewena. Kudu paraeh ku salahna sorangan.

12Sing saha anu jinah jeung minantu awewe kudu dipaehan jeung awewena, sabab kanircaanana manjing hukum paeh. Kudu paeh ku salahna sorangan.

13Sing saha anu silih jima jeung papada lalaki, hiji kalakuan anu pikagirukeun, kudu dipaehan duanana. Kudu paraeh ku salahna sorangan.

14Sing saha nu kawin nya ka anakna nya ka indungna, kudu diduruk tiluanana nepi ka paeh ku karana eta kalakuanana; hal anu saperti kitu pacuan aya di maraneh.

15Lalaki anu ngajima sato kudu dipaehan jeung satona.

16Awewe anu sapatemon jeung sato kudu dipaehan jeung satona, sabab manjing hukum paeh.

17Anu kawin jeung dulur saindung sabapa atawa jeung kapidulur, duanana kudu diearkeun ka balarea tuluy usir kaluar ti jamaah. Lalakina ku sabab geus nyorang orat dulur sorangan, kudu nanggung susah payahna.

18Lalaki anu sapatemon jeung awewe nu keur haid kudu diusir jeung awewena ti jero jamaah, sabab nyumahkeun pikukuh hal kaberesihan diri.

19Alo sapatemon jeung bibi duanana kudu nanggung balukar kanircaanana.

20Anu ngajinahan salah sahiji pamajikan pamanna, ngahina ka nu jadi paman, duanana kudu nanggung balukarna moal baroga anak.

21Lalaki anu kawin ka dulur saindung sabapa moal boga anak. Lalakina geus migawe kanistaan sarta teu ngajenan ka nu jadi dulur."

22PANGERAN nimbalan deui, "Tarurut pikukuh jeung timbalan-timbalan Kami, supaya maraneh ulah nepi ka ditolak ku tanah Kanaan anu ayeuna keur diteang kalawan panuyun Kami.

23Pacuan nyangkok adat kabiasaan urang ditu. Eta bangsa-bangsa anu nyarembah ka brahala teh ku Kami rek diusir ti ditu, sangkan maraneh bisa arasup. Maranehna geus nyumahkeun ka Kami ku sagala kadorakaanana.

24Kami geus jangji, eta tanah anu mukti jeung lendo taneuhna teh rek dibikeun ka maraneh. Kami teh PANGERAN, Allah maraneh anu geus ngahaja milih maraneh dipisahkeun ti bangsa-bangsa sejen.

25Ku sabab kitu maraneh kudu enya-enya ngabedakeun sasatoan jeung bangsa manuk anu halal jeung nu haram. Naon bae anu kudu diharamkeun ku Kami geus diterangkeun. Lamun didalahar maraneh bakal najis.

26Maraneh kudu mulus kalakuan, kudu tetep jadi umat Kami bae nyalira, sabab Kami teh PANGERAN, sarta Kami teh suci. Maraneh ku Kami geus dipeting, dipisahkeun ti bangsa-bangsa sejen, sangkan jadi umat Kami bae.

27Sing saha anu menta nasehat ka arwah-arwah jelema nu geus paraeh kudu dibaledogan ku batu nepi ka paeh, sabab kalakuan kitu teh manjing hukum paeh."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Imamat 20 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel