Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Imamat 6 >> 

1PANGERAN ngandikakeun deui aturan-aturan ka Musa.

2(6:2-3) Jelema anu boga dosa ka PANGERAN lantaran miboga barang baturna papada urang Israil, boh beunang manggih boh beunang maling atawa beunang nipu, atawa ngangles nepi ka susumpahan majar teu manggihan eta barang, eta jelema kudu dipangnyieunkeun kurban.

3(6:2)

4(6:4-5) Anu boga dosa saperti kieu, barang naon bae anu dipibogana ku jalan teu jujur tea kudu dibayar. Lamun dosana geus kabitur, barang tea kudu dibayar sahargana ka nu boga hakna, ditambah uang dengda saperlimana tina harga barang papanggihanana.

5(6:4)

6Tuluy kudu nyerenkeun domba atawa embe jalu anu mulus ka imam, sina dikurbankeun ka PANGERAN. Satona kudu ditaksir heula pihargaeunana nurutkeun patokan Kemah PANGERAN.

7Jadi eta jelema teh ku imam dipangurbankeun pikeun nebus dosana, tangtu dosana dihampura.

8PANGERAN ngandika deui ka Musa,

9hal aturan kurban beuleuman anu dipapancenkeun ka Harun. Kurbanna dibeuleumna dina altar kudu sapeupeuting, seuneuna teu meunang pareum.

10Imamna kudu make calana pondok jeung jubah lawon kaci, geus kitu kudu ngangkat lebu anu geus kalabur ku minyak gajih tina altar, simpen heula gigireun altar.

11Geus kitu kudu ganti pakean. Lebu teh bawa ka luareun pasanggrahan, ka tempat paranti beberesih.

12Seuneu dina altar kudu terus hurung. Saban isuk ku imam kudu disuluhan deui. Kurban beuleuman tea teundeun dina luhurna, tuluy gajih kurban panarima tea beuleum.

13Seuneuna kudu mayeng hurungna ulah pareum-pareum.

14Kurban gandum papakonna kieu: Kurbanna ku imam turunan Harun kudu dihaturkeun ka PANGERAN, hareupeun altar.

15Cokot tipungna sakeupeul, minyakna saeutik jeung dupana, beuleum dina altar, pikeun sarat yen enggeus disanggakeun kabeh ka PANGERAN. Anu baris ditampi ku PANGERAN nya eta seungitna.

16(6:16-17) Sesana kudu dijieun roti teu diragi terus dalahar ku imam-imam. Didalaharna kudu di tempat suci, di latar Kemah Tepangan. Eta sabagian kurban kadaharan ku PANGERAN diajangkeun pikeun para imam, sarta kaayaanana kacida sucina sakumaha kurban pamupus dosa jeung kurban ganti rugi.

17(6:16)

18Pikeun saterusna, kabeh turunan Harun anu lalaki meunang ngadalahar, tur bakal mayeng mareunang bagian tina kadaharan anu dihaturkeun ka PANGERAN. Salian ti eta saha-saha anu nyabak eta kadaharan bakal cilaka ku pangaruh kasucianana.

19PANGERAN ngandikakeun deui aturan

20hal ngangkat imam turunan Harun. Dina poean diangkatna kudu ngahaturkeun kurban ka PANGERAN, tipung sakilo (sarua lobana jeung pikeun kurban kadaharan sapopoe), satengahna dikurbankeunana isuk-isuk, satengahna deui pasosore.

21Galeyan ku minyak tuluy dadarkeun. Sanggeus didadar tuluy bubukkeun, seug sanggakeun jadi kurban kadaharan. Seungitna bakal katampi ku PANGERAN.

22Saban turunan Harun anu jadi Imam Agung kudu nekanan ieu kurban. Kurbanna kudu beak kabeh dibeuleumna, haturan PANGERAN.

23Kabeh kurban kadaharan ti imam teu meunang didahar, kudu beak kabeh diduruk.

24PANGERAN ngandika deui ka Musa,

25hal aturan-aturan anu kudu ditekanan ku Harun sapala putra hal kurban pamupus dosa. Sato anu rek dijieun kurban dosa kudu dipeuncit kalereun altar, tempat paranti meuncit sato kurban beuleuman. Ieu kurban kacida sucina.

26Imam anu ngurbankeunana kudu ngadahar eta kurban di tempat anu suci, nya eta di buruan Kemah Tepangan.

27Sing saha atawa naon bae anu antel kana daging eta kurban bakal cilaka ku suci-sucina eta kurban. Barang atawa papakean anu kakecretan ku getihna kudu diseuseuh di tempat anu suci.

28Pariuk urut ngagodogna kudu dipeupeuskeun. Upama tempat ngagodogna tina tambaga, kudu dikosokan tuluy kumbah ku cai sing beresih pisan.

29Kulawarga eta imam anu lalaki meunang ngadahar ieu kurban anu geus jadi kacida sucina.

30Tapi kurban anu getihna dibawa asup ka jero Kemah Tepangan pikeun dipake upacara mupus dosa, dagingna teu meunang didahar, kudu dibeuleum nepi ka beak.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Imamat 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel