Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 25 >> 

1Ari Ibrahim nikah deui. Garwa nu ayeuna Keturah.

2Ngababarkeun: Simran, Yoksan, Medan, Midian, Isbak jeung Suah.

3Yoksan puputra Syeba jeung Dedan. Ari putra-putra Dedan nya eta: urang Asur, urang Letus jeung urang Leum.

4Midian puputra Epa, Eper, Hanok, Habida jeung Eldaa. Sakitu turunan anjeunna ti Keturah.

5Ibrahim ngahibahkeun sagala kakayaanana ka Ishak.

6Tapi samemeh anjeunna pupus, putra-putra ti garwa nu lianna oge dipaparin bagian. Sanggeus mareunang bagian ku anjeunna dijarurung laku ka tanah wetan, sina jarauh ti Ishak.

7Ibrahim yuswana nepi ka 175 taun.

8Jadi pupusna teh sanggeus sepuh pisan.

9Ku Ishak jeung Ismail dikurebkeun di Guha Makpela, anu pernahna di hiji lahan wetaneun Mamre, bogana Epron bin Sohar, urang Het.

10Eta lahan ku Ibrahim geus digaleuh ti urang Het. Nya di dinya anjeunna dikurebkeunana. Sarah oge, geureuhana, dikurebkeunana teh di dinya.

11Sadikantunna ku Ibrahim, Ishak diberkahan ku Allah, matuhna deukeut Sumur Lahai Roy.

12Ari Ismail, putra Ibrahim ti Hajar urang Mesir, embanna Sarah tea,

13kagungan sababaraha putra lalaki. Ieu ngaran-ngaranna, nurutkeun parelean umurna: Nebayot, Kedar, Adbel, Mibsam,

14Misma, Duma, Masa,

15Hadad, Tema, Yetur, Napis jeung Kedma.

16Aranjeunna jaradi karuhun ti dua belas kaom, sarta ngaran-ngaranna diparake ngaran-ngaran pakampungan-pakampungan jeung tempat-tempat pakemahanana.

17Ari Ismail yuswana 137 taun, tuluy pupus.

18Turunan anjeunna hirupna di wewengkon antara Hawila jeung Sur, wetaneun Mesir, sapanjang jalan anu brasna ka tanah Asur. Harirupna misah ti nu jadi dulur.

19Ieu lalakon Ishak putra Ibrahim.

20Nikahna dina yuswa opat puluh taun, ka Rabeka putra Betuel urang Aram ti Mesopotami, saderekna Laban.

21Ku sabab garwana henteu bae kagungan putra, ku anjeunna dipangnedakeun ka PANGERAN. Panedana dikabul, Rabeka bobot,

22bobotna kembar. Waktu keur dikandungna keneh, eta dua sakembaran teh papaduk-paduk. Saur Rabeka, "Ku naon aing teh nepi ka nyorang nu siga kieu?" Seug anjeunna neneda ka PANGERAN, neda bongbolongan.

23Ku PANGERAN diwaler, lahirana-Na, "Di jero kandungan maneh aya dua bangsa. Di mana gumelar, baris jadi dua kaom anu silih lawan. Nu hiji leuwih kuat batan nu sejen, sarta cikalna baris ngawula ka adina."

24Nepi ka waktuna, Rabeka babar, putrana kembar.

25Anu kaluarna ti heula kulitna beureum jeung pinuh ku bulu, nu matak dingaranan Esau.

26Anu kaluar pandeuri, leungeunna ngeupeul pageuh kana keuneung Esau, nya dingaranan Yakub. Harita, yuswa Ishak geus 60 taun.

27Sanggeus sawawa, Esau jadi paninggaran anu ahli, purah ngencar ti imah, ari Yakub adatna cicingan, karesepna di imah.

28Ishak resep ka Esau, da sedep daging beubeunangan Esau moro. Sabalikna Rabeka resep ka Yakub.

29Dina hiji poe waktu Yakub keur popolah, jol Esau balik tas moro. Ku sabab lapar,

30pok ngomong ka Yakub, "Cik Akang menta eta anu beureum-beureum, lapar mani leuleus." (Nya ti harita Esau teh meunang lalandian Edom.)

31Ari tembal Yakub, "Mangga. Tapi kudu ditukeuran ku hak cikal Akang."

32Ceuk Esau, "Heug! Akang mah dareukeut kana paeh ieuh; jadi naon untungna keur Akang hak kacikalan teh?"

33Jawab Yakub, "Sumpah heula yen rek mikeun hak cikal Akang." Seug Esau sumpah, terus hak cikalna dijual ka Yakub.

34Geus kitu ku Yakub diberean roti jeung kaolahan kacang beureum tea. Beres dahar nginum, Esau cengkat terus indit. Kitu Esau mah, luas miceun hak cikalna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 25 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel