Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 27 >> 

1Ishak kacida sepuhna, socana geus teu ningali. Hiji mangsa nyaur Esau, putra cikal, sarta saurna, "Ujang!" "Kulan!" wangsulanana.

2Ishak, "Ama teh geus kolot, geus tereh maot.

3Mana pakarang Ujang, gondewa jeung panah, Ama pangmorokeun.

4Terus olahkeun ku Ujang, jieun kaolahan kasedep Ama, seug bawa ka dieu. Engke ku Ama didahar. Memeh Ama sah ti dunya, hayang ngaberkahan heula ka Ujang."

5Kasauran Ishak ka Esau kadangueun ku Rabeka. Sanggeus Esau indit moro jang ramana,

6Rabeka sasauran ka Yakub, "Bieu Ibu ngadenge Ama sasauran ka Esau, saurna:

7‘Ama pangmorokeun, terus olahkeun jang Ama. Engke ku Ama didahar. Memeh Ama sah ti dunya, hayang ngaberkahan Ujang heula di payuneun PANGERAN.’

8Ayeuna kieu kasep, turutkeun omongan Ibu.

9Jung ayeuna newak embe dua anu ngora, urang olahkeun, jieun rupa-rupa kaolahan kasedep Ama.

10Sanggakeun ku Ujang, sina dituang ku Ama, engke Ujang ku Ama diberkahan, samemeh Ama pupus."

11Wangsul Yakub ka ibuna, "Nanging kumaha, Ibu, kapan Esau mah pinuh ku bulu, dupi kulit abdi mah limit.

12Boa engke Ama ngarampaan awak abdi, uningaeun we panginten yen abdi ngabohong. Upami kitu mah abdi teh ti batan diberkahan anggur disapa."

13Saur ibuna, "Panyapana mah nu kumaha bae ge keun Ibu nu nyangga. Turut bae Ibu, jung ka ditu tewak embe, bawa ka Ibu."

14Yakub newak embe, disanggakeun ka ibuna, terus diolahkeun didamel kaolahan kasedep Ishak.

15Geus kitu Rabeka nyandak pakean Esau anu disimpen di bumi, rap dianggokeun ka Yakub.

16Leungeun jeung punduk Yakub anu henteu katutup ku eta pakean, dibulenan ku kulit embe tea.

17Kaolahan nu raraos teh dipiwarang disanggakeun ku Yakub jeung rotina ka ramana.

18Ku Yakub disanggakeun ka ramana. Saurna, "Ama!" Walerna, "Saha eta? Anak anu mana Ujang teh?"

19Yakub ngawangsul, "Abdi Esau, putra Ama anu cikal. Pamundut Ama parantos sayagi. Geura gugah. Tuang ieu daging kenging abdi moro. Saparantos tuang, abdi berkahan."

20Ishak, "Geuning tereh pisan beubeunangan, Ujang?" Yakub ngawangsul, "Allah panutan Ama parantos nulung ka abdi."

21Saur Ishak deui, "Ser atuh ka dieu, urang rampa ku Ama, na enya Ujang teh Esau anak Ama?"

22Ser Yakub ngadeukeutan ka ramana. Saur ramana sanggeus ngarampaan, "Sorana mah sora Yakub, tapi dirampa leungeunna asa leungeun Esau."

23Anjeunna teu uningaeun yen eta teh Yakub, kawantu leungeun Yakub karaos buluna cara Esau. Barang rek prak ngaberkahan,

24anjeunna mariksa deui, "Na enya ieu teh anak Ama, Esau?" "Leres," wangsulna.

25Saur Ishak, "Sok atuh daging teh asongkeun, ku Ama urang dahar. Engke Ujang diberkahan." Sor ku Yakub disanggakeun, sakalian jeung anggur keur leueuteunana.

26Geus kitu ramana ngalahir, "Ser Ujang ka dieu, Ama cium."

27Yakub nyampeurkeun ka ramana, seja nyium. Pakeanana ku ramana diangseuan. Pok ramana ngucapkeun berkah, "Ieu bau anak Ama, matak seger karasana, seungit tanah nu pinuh ku berkah Allah.

28Mugia Allah ka hidep nurunkeun ibun ti langit, tanah teh mangka subur mangka makmur, sing dipaparin ceuyah ku gandum ceuyah ku anggur.

29Bangsa-bangsa ka hidep mangka taraluk, sararujud tararunduk. Baraya-baraya, ka hidep mangka ngawula, anak-anak indung hidep, ku hidep mangka kapurba. Mangka kasapa sakur nu ka hidep nyapa, mangka jamuga, nu ka hidep ngadudunga."

30Cacap Ishak ngucapkeun berkahna, Yakub geus undur. Ana torojol Esau rakana, tas moro.

31Anjeunna ge popolah, terus disanggakeun ka ramana. Pok unjukan, "Ama, geura gugah. Geura tuang, ieu dagingna, kenging abdi putra Ama. Saparantosna, abdi berkahan."

32Ishak mariksa, "Saha Ujang teh?" Wangsulanana, "Abdi Esau, putra Ama anu cikal."

33Per Ishak ngadegdeg salirana. Mariksa deui, "Ari bieu saha atuh, ka Ama nyuguhan beunang moro? Ku Ama didahar, memeh Ujang datang. Malah ku Ama geus diberkahan, tur berkahna tetep tumetep."

34Gauk Esau ngajerit tarik, terus nangis semu nalangsa kabina-bina. Pok unjukan, "Ama, atuh abdi ge berkahan!"

35Waler Ishak, "Adi Ujang geus nipu ka Ama, nyokot berkah anu Ujang."

36Wangsul Esau, "Parantos dua kali sareng ieu manehna nipu ka abdi. Surup ka ngaranna Yakub. Hak cikal ku manehna dirampas ti abdi, ayeuna berkah anu abdi oge dirampas. Na teu aya deui berkah ti Ama pikeun abdi?"

37Waler Ishak ka Esau, "Yakub ku Ama geus diberkahan sina murba ka Ujang, sakabeh barayana baris jaradi kawulana. Ku Ama geus disina beunghar ku gandum jeung anggur. Jadi kudu kumaha atuh Ama ka Ujang teh?"

38Esau ngeukeuhan ka ramana, "Naha Ama kagungan berkah teh mung hiji-hijina? Berkahan abdi oge, Ama!" saurna, bari segruk bae nangis.

39Geus kitu saur Ishak, "Tanah hidep hamo subur hamo makmur, ti langit mo ngambeu ibun.

40Hirup hidep ngan ku pedang, ka adi baris ngawula. Tapi upama hidep usaha bebeakan, engke bisa bebas tina kakawasaanana."

41Esau kacida ngunek-ngunekna ka Yakub, dumeh berkahna enggeus dirampas. Heug bae mikir, "Mo lila deui ge Ama ngantunkeun. Beres eta, dipaehan si Yakub ku aing!"

42Tapi eta niat Esau teh kauningaeun ku Rabeka. Yakub ku anjeunna disaur, "Ujang! Esau lanceuk Ujang ngarah, rek maehan ka Ujang.

43Ayeuna turutkeun papatah Ibu. Geura sasadiaan, terus kabur ka Haran, ka dulur Ibu anu ngaran Laban.

44Di dinya bae heula, nepi ka sirepna amarah lanceuk Ujang,

45moal nginget-nginget deui kalakuan Ujang ka manehna. Mun geus kitu, Ibu tangtu ngajurungan saha bae ka ditu, neang Ujang mulang deui ka Ibu. Ku naon atuh Ibu teh tepi ka kudu ditinggalkeun ku anak duanana sapoe reujeung?"

46Ti dinya Rabeka nepangan Ishak, saurna, "Abdi teh parantos bosen ningal bojo-bojona Esau, teu sabangsa sareng urang. Upami Yakub oge dugi ka bojoan ka urang dieu, bangsa Het, langkung sae pondok umur bae abdi mah."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel