Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 32 >> 

1Yakub sarombonganana maju deui. Di satengahing jalan Yakub ningali aya para malaikat Allah.

2Pok bae misaur, "Ieu tangtu balad Allah." Ku sabab kitu eta tempat ku anjeunna dingaranan Mahanaim.

3Ti dinya Yakub ngirim sawatara utusan sina leumpang miheulaan anjeunna, sina ka Esau rakana, di nagri Edom.

4Anjeunna titip saur keur Esau rakana, kieu, "Jisim abdi, Yakub, badega nu laip, sumeja unjuk uninga ka Juragan Esau, yen nembe tiasa wangsul deui ayeuna, saparantos lami nya matuh di Paman Laban.

5Wangsul teh babantunan, sapi, kalde, domba sareng embe, sarawuh badega-badega. Sakitu nu kapiunjuk, taya sanes mung sumeja nyuhunkeun piwelasna."

6Sanggeus baralik deui, para utusan teh unjukan ka Yakub, "Sareng Esau tuang raka parantos tepang. Anjeunna keur ka dieukeun, nyandak balad opat ratus."

7Yakub sakalangkung gugup bawaning ngaraos gimir. Jalma-jalmana dibagi dua bagian, kitu deui domba, embe, sapi jeung onta.

8Dina manahna, "Bisi upama pareng digempur ku Esau, sugan bae anu sabagian deui bisa lolos."

9Yakub neneda, "Nun Allah panutan Aki Ibrahim, Allah panutan pun Bapa Ishak! GUSTI kapungkur nimbalan, ‘Maneh geura mulang ka kaom sorangan di bali geusan. Kami baris hade-hade ngurus ka maneh.’

10Sayaktosna abdi Gusti henteu layak nampi kasaean sareng kagetenan Gusti anu parantos-parantos. Abdi mios meuntasan Walungan Yordan mung ukur kadua iteuk, wangsulna abdi sareng ieu rombongan, anu ayeuna dibagi dua bagian.

11Jait abdi, nun Gusti! Abdi sieun ku pun lanceuk Esau. Abdi gimir sieun anjeunna ngagempur abdi sadaya katut para wanita sareng barudak.

12Mugi Gusti emut kana jangji, ‘Kami baris hade-hade ngurus ka maneh. Turunan maneh baris loba tanpa wilangan, tinanding keusik di sapanjang basisir.’"

13Sanggeus ngarereb peuting eta di lebah dinya, isukna anjeunna nyadiakeun pangruruba keur nyecep manah rakana, Esau.

14Embe, bikangna dua ratus, jaluna dua puluh. Domba, bikangna dua ratus, jaluna dua puluh.

15Onta nu keur nyarusuan tilu puluh, sakalian katut jeung anak-anakna. Sapi, bikangna opat puluh, jaluna sapuluh. Kalde, bikangna dua puluh, jaluna sapuluh.

16Seug dititipkeun ka badega-badega, hiji badega hiji rombongan. Kieu saurna ka badega-badega, "Jung ka ditu ieu sato-sato barawa ti heula. Atur, ti rombongan ka rombongan deui sing aya antara anu cukup anggangna."

17Badega anu kahiji diamanatan, "Upama tepung jeung dulur kami Esau sarta anjeunna mariksa, ‘Saha juragan maneh, arek ka mana, ieu ingon-ingon saha,’

18ku maneh kudu dijawab kieu, ‘Sumuhun gaduhna pun Yakub, badega gamparan, seja kahaturkeun ka pangersa dunungan, Juragan Esau. Yakubna di pungkur keneh.’"

19Ka badega nu kadua, katilu jeung saterusna sakur anu dititipan rombongan sato-sato tea, amanatna kitu keneh. "Kitu pipokkeun maraneh ka Esau upama geus amprok.

20Seug sebutkeun, ‘Leres, Yakub badega gamparan nyusul ti pungkur.’" Ceuk Yakub dina manahna, "Aing rek nyoba ngaleehkeun hatena ku panyecep, sato-sato anu sina diinditkeun ti heula. Malak mandar upama geus tepung, anjeunna kersaeun ngahampura ka aing."

21Sato-sato keur panyecep enggeus diinditkeun ti heula, ari anjeunna peuting eta ngarerebna masanggrahan di lebah dinya.

22Peutingna, Yakub nyandak garwa duanana, inang duanana jeung sabelas putrana, meuntasan Walungan Yabok ka peuntas ditu.

23Sanggeus kitu meuntaskeun sagala kakayaanana.

24Beres meuntas-meuntaskeun sagala rupa, anjeunna kantun nyorangan di peuntas dieu. Ari geus nyalira, dumadakan datang hiji jelema, terus galungan jeung Yakub sapeupeuting, nepi ka wanci balebat.

25Sanggeus eta jelema ngarasa moal baris meunang dina gelutna, Yakub diteunggeul tetepokanana nepi ka misalah.

26Saur eta jelema, "Leupaskeun kami! Kaburu bray beurang!" Diwaler ku Yakub, "Kuring moal ngaleupaskeun Juragan, kajabi upami Juragan ngaberkahan kuring."

27"Saha ngaran maneh?" saur eta jelema. "Yakub," walerna.

28Saur eta jelema, "Ngaran maneh lain Yakub deui. Maneh geus gelut jeung Allah, oge jeung manusa, kalawan unggul, ku sabab eta ngaran maneh jadi Israil."

29Saur Yakub, "Dupi salira, saha tea?" Ari walerna, "Naon perluna nanyakeun ngaran kami?" Seug Yakub ku eta jelema diberkahan.

30Saur Yakub, "Aing geus nenjo pameunteu Allah. Ieu aing hirup keneh." Tuluy eta tempat ku anjeunna dingaranan Peniel.

31Panonpoe enggeus meletek, Yakub ngantunkeun Peniel, angkatna jadi pincang lantaran tetepokanana misalah.

32Nya ku karana eta, tug nepi ka kiwari turunan Israil pantrang ngadahar daging urat panjang anu nyambungkeun tetepokan, sabab nya lebah tetepokanana Yakub diteunggeul nepi ka misalah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 32 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel