Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 36 >> 

1Ieu turunan-turunan Esau, anu disebut oge Edom:

2Esau nikah ka urang kanaan, ka Adah binti Elon urang Het, jeung ka Oholibama binti Ana, putu Sibeon urang Hiwi,

3jeung ka Basmat binti Ismail, rayina Nebayot.

4Putra Esau ti Adah nya eta Elipas, ti Basmat putrana teh Rehuel.

5Ari ti Oholibama putrana teh Yehus, Yalam jeung Korah. Eta putra-putra Esau anu lalaki, dilahirkeunana kabeh di tanah Kanaan.

6Ti dinya garwa-garwana, pala putra lalaki awewe kitu deui sakabeh jiwa eusi bumina, katut ingon-ingon jeung sakabeh babandaanana beubeunangan ti tanah Kanaan, ku Esau dicandak ka tanah sejen, ngantunkeun Yakub rayina.

7Pangna ngalih, lantaran eta tanah geus taya petana bisa dicalikan reureujeungan, kawantu rajakaya jeung ingon-ingon masing-masing kacida lobana.

8Ku sabab kitu Esau matuhna teh di pagunungan Edom.

9Ieu turunan Esau, karuhun bangsa Edom.

10(36:10-13) Elipas, putra ti geureuha nu ngaran Adah, kagungan putra lima lalaki nya eta: Téman, Omar, Sepi, Gatam jeung Kenas. Aya deui putra lalaki ngaranna Amalek, ieu mah putra ti parekan, Timna. Rehuel, putra Esau ti geureuha nu ngaran Basmat, kagungan opat putra lalaki nya eta: Nahat, Serah, Syama jeung Misa.

11(36:10)

12(36:10)

13(36:10)

14Ari ti geureuha nu ngaran Oholibama binti Ana putu Sibeon, putrana Yehus, Yalam jeung Korah tea.

15Ieu kaom-kaom turunan Esau: Putra Esau anu cikal, Elipas tea, jadi karuhun kaom Téman, kaom Omar, kaom Sepo, kaom Kenas,

16kaom Korah, kaom Gatam, jeung kaom Amalek. Eta kabeh turunan Esau ti geureuhana nu ngaran Adah.

17Ari putrana anu jenengan Rehuel, jadi karuhun kaom Nahat, kaom Serah, kaom Syama jeung kaom Misa. Eta kabeh turunan Esau ti geureuhana nu ngaran Basmat.

18Turunan Esau ti geureuhana nu ngaran Oholibama binti Ana nya eta kaom Yehus, kaom Yalam jeung kaom Korah.

19Eta kaom-kaom kabeh turunan Esau, Edom tea.

20(36:20-21) Pribumi asli tanah Edom dibagi ku kaom-kaom nurutkeun ngaran luluhurna, putra-putra Seir urang Hori, nya eta: Lotan, Sobal, Sibeon, Ana, Dison, Eser, jeung Disan.

21(36:20)

22Lotan jadi karuhun kaom Hori jeung kaom Heman. (Lotan kagungan saderek istri, Timna.)

23Sobal jadi karuhun kaom Alwan, kaom Manahat, kaom Ebal, kaom Syepo jeung kaom Onam.

24Ari Sibeon kagungan dua putra lalaki, nya eta: Aya jeung Ana. (Ana teh anu manggih sababaraha cinyusu di gurun keusik basa keur ngangon kalde anu ramana.)

25(36:25-26) Ana teh ramana Dison, karuhun warga-warga Hemdan, Esban, Yitran, jeung Keran. Ana kagungan oge putra istri, jenenganana Oholibama.

26(36:25)

27Ari putra-putra Eser nya eta Bilhan, Saawan jeung Akan.

28Ari putra-putra Disan nya eta Us jeung Aran.

29(36:29-30) Ieu ngaran kaom-kaom Hori di tanah Edom, nya eta: Lotan, Sobal, Sibeon, Ana, Dison, Eser, jeung Disan.

30(36:29)

31(36:31-39) Samemeh anak putu Israil boga raja, tanah Edom teh patuturut diparentah ku raja-raja bangsa Edom. Raja anu mimiti marentah di tanah Edom nya eta: Bela bin Beor, ti Dinhaba. Yobab bin Serah ti Bosra. Husam ti wewengkon Téman. Hadad bin Bedad ti Awit, anu ngelehkeun urang Midian di tanah Moab. Samla ti Masreka. Saul ti Rehobot sisi walungan. Baal Hanan bin Akbor. Hadad ti Pahu (garwaanana ka Mehetabel putra Matred putuna Mesahab).

32(36:31)

33(36:31)

34(36:31)

35(36:31)

36(36:31)

37(36:31)

38(36:31)

39(36:31)

40Ari kaom-kaom Edom turunan Esau, nurutkeun kaomna masing-masing, tanah pamatuhanana masing-masing, sanagarana-sanagarana, nya eta: Kaom Timna, kaom Alwa, kaom Yetet,

41kaom Oholibama, kaom Ela, kaom Pinon;

42kaom Kenas, kaom Téman, kaom Mibsar,

43kaom Magdiel, kaom Iram. Ngaran-ngaran tanah pamatuhan tiap-tiap kaom katelah ku ngaran kaomna masing-masing.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 36 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel