Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 38 >> 

1Harita Yuda indit ninggalkan dulur-dulurna, ngadon cicing di hiji jelema anu ngaran Hirah, anu asalna ti Adulam.

2Hiji mangsa nenjo hiji wanita, anakna urang Kanaan nu ngaran Sua, tuluy dikawin.

3Sanggeus kakandungan terus ngalahirkeun, anakna lalaki, dingaranan Er.

4Boga deui anak, lalaki, dingaranan Onan.

5Anakna anu katilu lalaki deui, dingaranan Selah. Waktu Selah lahir, Yuda geus pindah ka Kesib.

6Pikeun bojo putra cikalna anu ngaran Er, Yuda milih Tamar.

7Tapi Er nyieun pibendueun PANGERAN, nyieun hiji kajahatan. Ku sabab kitu ku PANGERAN dicabut nyawana.

8"Eta randa akangna teruskeun pirabi ku maneh," ceuk Yuda ka Onan dulurna Er. "Wajiban sakumaha mistina, neruskeun kawajiban akangna, supaya lanceuk maneh aya turunanana."

9Ari Onan, ku sabab nyaho yen anak ti eta awewe lain eukeurna, nu matak unggal sapatemon jeung eta, cimanina sok dikana taneuhkeun, ngarah lanceukna teu boga turunan.

10PANGERAN bendu, nu matak Onan oge dicabut nyawana.

11Ceuk Yuda ka Tamar, "Balik bae heula ka bapa Nyai, ngadago Selah anak bapa akil baleg." Nitah kitu soteh pedah risi, bisi Selah oge dicabut nyawana kawas lanceuk-lanceukna. Tamar balik ka bapana.

12Rada lila ti harita, bojo Yuda tea maot. Sanggeus waktu-waktu sungkawana kaliwat, Yuda indit ka Timna, duaan jeung Hirah sobatna, urang Adulam tea, rek nyukuran domba.

13Aya nu bebeja ka Tamar, pokna, "Mitoha Nyai ayeuna keur ka Timna, rek nyukuran domba."

14Tamar dangdan, papakean rarandaanana diganti ku pakean biasa, ari beungeutna buni make cindung. Bral leumpang ka Enaim, hiji lembur sisi jalan ka Timna, tuluy ngajanteng di lebah kaca-kaca. Tamar geus nyahoeun yen Selah anak Yuda nu lalaki ayeuna geus sawawa, tapi tacan bae diamprokkeun ka manehna.

15Ana katenjo ku Yuda, panyanana awewe bangor. Teu wawuheun kawantu buni dicindung.

16Ku Yuda disampeurkeun ka sisi jalan. Ceuk Yuda, "Nyai, urang pelesir." Panyanana lain minantuna. Tembal Tamar, "Bade ku naon mayarna?"

17Ceuk Yuda, "Ku embe bae, engke ku Akang dikirimkeun." "Mangga," tembal Tamar, "nanging kedah nganggo barang tanggungan, kangge tawis moal jalir."

18Ceuk Yuda, "Hayang ku naon?" Tembal Tamar, "Ku eta bae, cap sareng rantayna, sareng eta teteken." Sok barangna diserenkeun, tuluy sapatemon. Lila-lila Tamar ngandung.

19Harita Tamar tuluy balik, cindungna dibuka, rap make deui pakean rarandaanana.

20Ti dinya Yuda ngirimkeun embe keur pamayar, dianteurkeun ku sobatna urang Adulam tea sarta barang nu dipake tanggungan kudu dipenta. Tapi anu diteang teu kapanggih.

21Seug ditanyakeun, "Di mana rorompokna awewe bangor urang Enaim teh?" Jawabna, "Da di dieu mah ti kapungkur oge teu aya awewe bangor."

22Sobat Yuda balik, bebeja, "Teu kapanggih. Ceuk katerangan, ti bareto oge di dinya mah teu aya awewe bangor."

23Ceuk Yuda, "Kajeun atuh. Hanas barang lapur, geus bae teu kudu dipapay, bisi matak disaleungseurikeun. Boro dikirim embe, ari heug henteu kapanggih."

24Heuleut tilu bulan aya anu bebeja ka Yuda, pokna, "Nyi Tamar, mantu Bapa, gaduh kalakuan sapertos awewe bangor, ayeuna keur ngandung." Jawab Yuda, "Duruk awakna, sina paeh."

25Waktu rek diduruk, Tamar nitahan jelema sina ngomong ka mitohana, kieu, "Abdi ngandung teh ku lalaki anu gaduh barang ieu: Cap sareng rantayna, sareng teteken. Mangga barangna tingalian."

26Yuda ujug-ujug wawuh kana barangna. Ceuk Yuda, "Bener manehna, aing nu salah. Henteu buru-buru dikawinkeun ka Selah anak aing." Ti harita, tetep Yuda henteu sapatemon deui jeung Tamar.

27Barang geus deukeut kana waktuna Tamar ngalahirkeun, kanyahoan yen kakandunganana kembar.

28Waktuna keur diheujeunkeun, orok nu hiji kaluar leungeunna heula. Ceg ku parajina dicekel, tuluy leungeunna dibeungkeut ku benang beureum, sarta ceuk parajina, "Ieu lanceukna."

29Tapi eta leungeun teh ngalepot deui, ana borojol anu kaluar teh orok nu hiji deui. Ceuk parajina, "Na utun, bedas-bedas teuing ngaborojol teh!" Ku kituna seug dingaranan Peres.

30Ti dinya kakara nu hiji deui kaluar, anu leungeunna geus dibeungkeut ku benang beureum tea. Tuluy dingaranan Serah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 38 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel