Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 41 >> 

1Dua taun ti harita, raja Mesir ngimpen ngadeg di sisi Walungan Nil.

2Anjeunna ningali aya tujuh sapi lalintuh naker haranjat ti walungan terus nyaratuan.

3Beh deui ningali tujuh sapi sejen, rarangkebong awahing ku begang-begangna, haranjat ti walungan, nyalampeurkeun ka sapi anu lalintuh.

4Seug nu lalintuh teh ku eta dileglegan taya nu ngari. Nyah raja lilir.

5Ana kulem deui, ngimpen deui, ningali gandum tujuh ranggeuy tina satangkal, nya baleuneur nya parepel.

6Beh ningali tujuh ranggeuy deui barijil tina satangkal, nya harapa nya parerang lantaran katebak angin ti gurun keusik.

7Eta tujuh ranggeuy anu harapa teh ngaleglegan ka nu baleuneur nepi ka beak. Korejat raja tanghi, emut yen ngimpen.

8Nepi ka isukna manahna guling-gasahan. Geus kitu, tukang-tukang sihir, jelema-jelema pinter ti sa-Mesir diangkir kudu nerangkeun impenan, tapi weleh taya nu sanggup.

9Ti dinya mantri nu ngurus leueuteun tea miunjuk ka raja, "Kapungkur, nalika abdi Gusti gaduh dosa,

10ku Gusti dihukum dikabuikeun, ka panjara anu di gedong kapala kawal karaton, bareng sareng mantri nu ngurus katuangan.

11Hiji wengi abdi sareng pribadosna masing-masing kenging impenan, masing-masing aya hartosna.

12Eta impenan disanggemkeun ka hiji nonoman urang Ibrani, sami-sami sakitan, gandekna kapala kawal karaton. Ku eta nonoman, impian abdi masing-masing diterangkeun pihartoseunana.

13Bet leres, kateranganana kabuktosan: Abdi Gusti dijenengkeun deui, pun mantri nu sanesna digantung."

14Raja miwarangan supaya Yusup disaur. Gancang Yusup dikaluarkeun ti panjara, diparasan jeung disalinan, tuluy dideuheuskeun ka raja.

15Timbalan raja ka Yusup, "Kami ngimpi, euweuh nu bisa nerangkeun. Aya nu nyarita ka kami, yen maneh bisa nerangkeun impian."

16Wangsulan Yusup, "Abdi Gusti mah teu pisan-pisan. Anging Allah nu iasa nerangkeun, sareng bakal kamanah ku dampal Gusti."

17Timbalan raja, "Kami ngimpi keur nangtung di sisi Walungan Nil.

18Beh aya tujuh sapi lalintuh naker haranjat ti walungan terus nyaratuan.

19Aya deui tujuh sapi garoreng patut, bararegang kari tulang. Di sa-Mesir, kami mah kakara nenjo aya sapi begang-begang teuing.

20Eta sapi nu baregang teh seug ngaleglegan nu lalintuh.

21Tapi sakitu tas ngalegleg hiji ge taya nu jadi lintuh, angger bae rangkebong jiga tadina. Nyah kami lilir.

22Sakali deui kami ngimpi, nenjo aya gandum tujuh ranggeuy dina satangkal, baleuneur jeung parepel, meujeuhna asak.

23Beh tujuh ranggeuy deui tina satangkal, hararapa jeung parerang katebak angin ti gurun keusik.

24Ieu tujuh ranggeuy nu harapa ngaleglegan ka nu baleuneur. Ku kami geus diomongkeun ka dukun-dukun, tapi saurang ge taya nu sanggup nerangkeun."

25Piunjuk Yusup ka raja, "Impenan Gusti, duanana sami hartosna. Allah parantos mintonkeun ka dampal Gusti naon pikersaeuna-Na.

26Tujuh sapi nu lalintuh, hartosna tujuh taun, sareng tujuh ranggeuy gandum anu pepel, eta oge nawiskeun tujuh taun. Duanana sahartos.

27Saparantos eta, tujuh sapi kuru sareng tujuh ranggeuy gandum anu hapa tur perang katebak angin ti gurun keusik, hartosna tujuh taun paceklik.

28Sapertos anu bieu ku abdi Gusti kapiunjuk: Allah parantos mintonkeun ka dampal Gusti naon pikersaeuna-Na.

29Di salebet tujuh taun, nagara Mesir bakal nyorang kamakmuran.

30Saparantos eta, bakal katarajang ku paceklik anu kalintang bangetna, lamina tujuh taun, dugi ka kamakmuran di salebet tujuh taun nu kalangkung teh teu aya urut-urutna, tigerat di sakuliah nagara.

31Mangsa-mangsa makmur moal kaemut-emut deui, ku hebat-hebatna paceklik anu nuturkeunana.

32Gusti ngimpen dugi ka dua kali, nun Gusti, eta nawiskeun yen Allah parantos ngadamel kapastian pijadieunana, tur bade enggal-enggal dibuktoskeun.

33Dampal Gusti kedah milari hiji jalmi, nu tarampil tur wijaksana, kanggo nyangking sareng ngatur bahan pangan rahayat Mesir.

34Sareng kedah ngangkat padamel-padamel purah ngatur-ngatur. Saperlima tina hasil tatanen salebet tujuh taun kamakmuran, kedah disimpen.

35Eta padamel-padamel kedah ngempelkeun katedaan samangsa taun-taun kamakmuran nu bakal dongkap. Eta sadayana kedah aya dina panalingaan dampal Gusti. Bahan-bahan tedaeun kedah disimpen sae-sae di gudang-gudang nagara sareng dijagi.

36Maksadna taya sanes, kanggo pibekeleun sanagara di mana paceklik anu tujuh taun tea dongkap ka ieu nagara, supados rahayat Mesir ulah kantos maraot ku langlayeuseun."

37Eta rarancang ku raja Mesir katut mantri-mantrina kamanah pisan.

38Dawuhan raja ka mantri-mantrina, "Saha deui jelema nu kawas ieu, kalinggihan Roh Allah?"

39Geus kitu dawuhanana ka Yusup, "Eta katerangan-katerangan maneh tetela asal ti Allah. Hamo aya anu leuwih pinter jeung wijaksana kawas maneh.

40Maneh pantes ngatur di karajaan kami, ditarurut ku sakumna rahayat. Euweuh nu leuwih luhur ti maneh kajaba kami, raja."

41Dawuhanana deui, "Maneh ayeuna ku kami diangkat jadi kawasa di sakuliah Mesir."

42Raja nyabut lelepen cap karajaan tina remana, dianggokeun ka Yusup. Rap Yusup dianggoanan anggoan tina linen lemes, tenggekna dianggoanan kangkalung emas.

43Clak ditunggangkeun kana kareta kadua tutungganganana raja. Heulaeun kareta aya palatuk purah ceceluk: "Hormat, bere jalan!" Kitu carana Yusup diangkat geusan mangkon kawasa di sakuliah Mesir.

44Ngadawuh deui raja ka anjeunna, "Kami raja. Tapi tanpa idin ti maneh, di sakuliah Mesir teu meunang aya nu ngajalankeun pokal naon-naon."

45Yusup ku anjeunna dipaparin jenengan bangsa Mesir, Sapnat-Paaneah, tuluy direndengankeun ka Asnat, putra istri Potifera, imam kota On. Geus kitu Yusup ngideran satanah Mesir.

46Basa mimiti ngabdi ka raja Mesir yuswa Yusup geus tilu puluh taun. Damelna papariksa ka sakuliah nagara.

47Sajero tujuh taun nagara teh mani lubak-libuk subur makmur, sagala tatanen ngajadi, cukul mucekil beunghar ku hasil.

48Sapanjang taun-taun anu makmur, sagala hasil bumi ku Yusup disimpen di gudang di kota-kota. Di unggal kota aya gudang hasil bumi ti wewengkon masing-masing.

49Hasil gandum mani kawas banjir, tinanding salobana keusik jero sagara, nepi ka teu ditaker-taker acan da geus lain taker-takereun.

50Memeh usum paceklik datang, Yusup geus kagungan dua putra ti Asnat geureuhana.

51Duanana pameget. Nu cikal dijenenganan Menase, sabab saurna, "Ku kersaning Allah, aing geus hanjat tina balangsak, geus paler tina inget ka bapa sapala putra."

52Nu kadua dijenenganan Epraim, karana saurna, "Di nagara urut aing kabalangsak, ku Allah dipaparin anak."

53Ti dinya, musim makmur tujuh taun di Mesir enggeus wekasan.

54Musim paceklik nu tujuh taun mimiti narajang, cocog sakumaha panorah Yusup. Di mana-mana, di nagara sejen geus meh taya dahareun, sabalikna di Mesir mah cukup kabina-bina.

55Tapi di Mesir oge saterusna mah geus mimiti aya bahla kalaparan. Rahayat jumerit ka raja. Ari dawuhan raja ka rahayatna, "Maraneh ka Yusup bae, turut kuma dipetakeun ku anjeunna."

56Sanggeus sakuliah nagara keuna ku paceklik, tur paceklikna beuki rosa, Yusup muka gudang-gudang gandum, dijualan ka rahayat Mesir.

57Jalma-jalma ti nagara-nagara sejen oge murubul ka Mesir ngaradon meuli gandum, kawantu paceklik teh geus nerekab ka unggal nagara.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 41 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel