Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 5 >> 

1Ieu daptar turunan Adam. (Allah midamelna manusa teh numutkeun kumaha rupi Mantenna.

2Dipidamelna lalaki jeung awewe. Ku Mantenna diberkahan, jeung dingaranan "Manusa".)

3Sanggeus yuswana 130 taun, kenging putra, anu rupina siga anjeunna, dijenenganan Set.

4Ti semet eta, Adam masih jumeneng keneh 800 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.

5Pupusna dina yuswa 930 taun.

6Set, sanggeus yuswana 105 taun, kenging putra Enos.

7Ti semet eta jumeneng keneh 807 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.

8Pupusna dina yuswa 912 taun.

9Enos sanggeus yuswana 90 taun kenging putra, Kenan.

10Ti semet eta jumeneng keneh 815 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.

11Pupusna dina yuswa 905 taun.

12Kenan, sanggeus yuswana 70 taun kenging putra, Mahalalel.

13Ti semet eta jumeneng keneh 840 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.

14Pupusna dina yuswa 910 taun.

15Mahalalel, sanggeus yuswana 65 taun kenging putra, Yared.

16Ti semet eta jumeneng keneh 830 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.

17Pupusna dina yuswa 895 taun.

18Yared, sanggeus yuswana 162 taun kenging putra, Hanok.

19Ti semet eta jumeneng keneh 800 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.

20Pupusna dina yuswa 962 taun.

21Hanok, sanggeus yuswana 65 taun, kenging putra, Metusalah.

22Ti semet eta jumeneng keneh 300 taun, ibadah ruket jeung Allah, sarta kenging deui putra sababaraha urang.

23Yuswana nepi ka 365 taun.

24Sapanjang jumenengna raraketan jeung Allah, geus kitu gaib, karana dicandak ku Allah.

25Metusalah, sanggeus yuswana 187 taun kenging putra, Lamek.

26Ti semet eta jumeneng keneh 782 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.

27Pupusna dina yuswa 969 taun.

28Lamek, sanggeus yuswana 182 taun kenging putra.

29Pok misaur, "Ieu budak bakal ngajait urang tina gawe beurat migawe taneuh anu geus keuna ku panyapa PANGERAN." Ku sabab eta, putrana teh dijenenganan Enoh.

30Ti semet eta Lamek jumeneng keneh 595 taun, sarta kenging deui putra sababaraha urang.

31Pupusna dina yuswa 777 taun.

32Enoh, sanggeus yuswana 500 taun kenging putra tilu: Sem, Ham jeung Yapet.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel