Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kejadian 8 >> 

1Allah teu lalieun ka Enoh jeung ka sasatoan anu di kapal. Seug Mantenna ngagerakkeun angin niup cai. Cai mimiti rodrodan surud.

2Sungapan-sungapan di jero taneuh, kitu keneh lawang-lawang hujan di langit ngalalingkup deui. Hujan raat,

3cai beuki lila beuki surud di jero saratus lima puluh poe.

4Dina tanggal tujuh belas bulan nu katujuh, kapal teh nyangsang di hiji puncak jajaran Gunung Ararat.

5Cai surud terus, sarta dina tanggal hiji bulan kasapuluh, puncak-puncak gunung mimiti tarembong.

6Opat puluh poe ti harita, Enoh mukakeun jandela,

7pur ngaleupaskeun manuk gagak. Gagak teh teu balik deui, terus bae ngalayang kukurilingan nepi ka saatna cai.

8Sabot kitu, pur deui Enoh ngaleupaskeun japati, seja naksir cai geus orot atawa acan.

9Tapi ku sabab bumi kakeueum keneh, eta japati teu manggih pieunteupeun. Kalayang balik deui ka kapal, ku Enoh ditewak.

10Anjeunna ngantos deui saminggu, pur japati teh dileupaskeun deui.

11Pasosore eta manuk balik deui, mawa pucuk jetun seger keneh dina pamatukna. Ayeuna Enoh uninga, yen cai geus orot.

12Anjeunna ngantos deui saminggu, japati dileupaskeun deui. Teu balik deui ayeuna mah.

13Nincak kana 601 taun yuswa Enoh, dina tanggal hiji bulan nu kahiji, cai geus saat. Enoh muka hateup kapal, rarat-reret, katingalieun taneuh geus mimiti tuus.

14Dina tanggal dua puluh tujuh, bulan anu kadua, bumi geus tuhur pisan.

15Ngandika Allah ka Enoh,

16"Geura kaluar ti kapal saanak pamajikan jeung minantu.

17Kaluarkeun deuih manuk jeung sasatoan sejenna, gede leutik, sina baranahan tuluy malencar ka sakuliah jagat."

18Ti dinya Enoh saputra garwa jeung mantu kaluar ti kapal,

19kitu deui sasatoan jeung manuk, kalaluar papasangan, nurutkeun golonganana.

20Ti dinya Enoh ngadamel altar haturan PANGERAN. Tuluy ngurbankeun sasatoan jeung manuk anu halal, sasiki-sasiki ti tiap golongan, diduruk dina eta altar.

21Seungitna eta kurban matak bingah ka PANGERAN, seug Mantenna sasauran lebeting manah, "Kami hamo nyapa-nyapa deui bumi ku tina kalakuan manusa. Kami nyaho, pipikiranana teh geus kotor ti ngongorana. Moal deui-deui Kami ngabasmi sakabeh mahluk anu nyawaan saperti ayeuna.

22Sapanjang jagat gumelar, kudu aya usum pepelakan, aya usum panen. Sapapanjangna kudu aya panas, aya tiis, aya usum halodo, aya usum hujan, aya beurang, aya peuting."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kejadian 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel