Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 19 >> 

1(19:1-2) Ti Repidim urang Israil arindit deui. Dina tanggal hiji bulan katilu ti sanggeus kaluar ti Mesir, narepi ka Gunung Sinai, tuluy masanggrahan di gurun keusik Sinai.

2(19:1)

3Musa unggah ka eta gunung seja ngadeuheusan ka Allah. PANGERAN ngandika ka anjeunna ti luhur gunung, miwarang supaya anjeunna misaur kieu ka urang Israil, turunan Yakub,

4"Maraneh geus narenjo anu ku Kami, PANGERAN, dijalankeun ka urang Mesir, geus nyaraho petaning Kami mawa maraneh lir galudra anu mawa hiber anakna dina jangjangna, nepi ka dieu ka payuneun Kami.

5Lamun maraneh narurut kana perjangjian Kami, tanwande bakal jadi umat Kami pribadi. Jagat saeusina memang kagungan Kami, ngan ari maraneh mah ku Kami diunculkeun

6geusan jadi milik Kami, dijadikeun imam-imam anu ngabarakti ka Kami."

7Musa lungsur ti gunung, ngumpulkeun kapala-kapala. Sakur timbalan PANGERAN ka anjeunna tea disaurkeun.

8Jalma-jalma narembalan, "Sagala timbalan PANGERAN bakal diestokeun." Ku Musa tuluy diunjukkeun ka PANGERAN.

9PANGERAN nimbalan ka Musa, "Kami rek datang ka maneh dina mega kandel, rek cacarios jeung maneh, sina kadarengeeun ku jalma rea, supaya ti ayeuna maranehna palercayaeun ka maneh." Jawaban jalma-jalma tea ku Musa diunjukkeun ka PANGERAN,

10sarta Mantenna ngadawuh, "Bejaan jalma-jalma, poe ieu jeung isukan kudu dipake susuci geusan ngabakti. Parentahkeun sina nyareuseuh papakean,

11pakeeun pageto. Pageto Kami rek lungsur ka ieu Gunung Sinai, bakal tembong ku jalma rea.

12Turut-turut sisi ieu gunung kudu diwatesan, teu meunang diliwatan. Omat-omatkeun supaya jalma-jalma ulah unggah ka ieu gunung, ulah deukeut-deukeut acan. Sing saha anu liwat tina eta wates kudu dipaehan,

13baledogan ku batu atawa dijamparingan, awakna teu meunang kacabak. Boh jalma boh sato kudu dikitukeun, misti dipaehan. Lamun geus aya tangara tarompet, kakara maranehna meunang arunggah."

14Musa lungsur ti gunung, ngawartosan jalma-jalma sina sasadiaan pikeun ngabakti. Prak jalma-jalma nyareuseuh papakean.

15Ti dinya Musa ngalahir, "Pageto maraneh kudu geus tarapti. Jeung sajero waktu kitu teu meunang sapatemon heula."

16Dina poe pagetona isuk-isuk aya kilat ngajorelat dituturkeun ku sora gugur ngageleger. Pucunghul di luhur gunung aya mega angkeub ngabelegbeg, sengek aya sora tarompet tarik pisan. Jalma-jalma sapasanggrahan mani kokoplokan sarieuneun.

17Tuluy ku Musa dijejeran kaluar ti pasanggrahan rek dicandak marek ka Allah. Reg ngarandeg heula deukeut suku gunung.

18Gunung Sinai buni kabulen ku haseup, sabab PANGERAN lungsurna ka dinya teh dina seuneu hurung, haseupna ngabulak-bulak kawas haseup tina tungku gede. Jalma-jalma ngagaleter awakna sarieuneun beak karep.

19Sora tarompet beuki tarik, beuki tarik. Pok Musa miunjuk, diwaler ku Allah ku sora gugur ngageleger.

20PANGERAN lungsur ka puncak Gunung Sinai, tuluy ngagentraan ka Musa. Seug Musa unggah ka puncak.

21PANGERAN nimbalan ka anjeunna, "Turun heula, jalma-jalma elingan ulah liwat tina kalang dumeh harayang nenjo Kami, sabab tangtu bakal loba anu paraeh.

22Kajeun para imam, memeh ngadareuheus ka Kami teh kudu susuci heula, bisi ku Kami disamber."

23Piunjuk Musa, "Sumuhun, jalmi-jalmi moal warantuneun ngaliwat tina wates pedah harayang ningal ka Gusti, reh ku Gusti parantos diemutan yen ieu gunung kedah diwatesan sareng disucikeun."

24Waler PANGERAN, "Geura jut mudun, jeung Harun bawa ka dieu. Para imam jeung jalma lianna pacuan liwat tina wates, ulah naranjak harayang teges ka Kami, supaya ku Kami henteu disamber."

25Musa mudun, ngawartoskeun timbalan PANGERAN ka jalma rea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel