Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 20 >> 

1Ti dinya Allah nimbalan, kieu timbalana-Na,

2"Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngaluarkeun maraneh ti Mesir tempat maraneh dibudakkeun.

3Ulah ngabakti ka aallahan salian ti ka Kami.

4Ulah nyieun titironan saniskara anu aya di langit, atawa di bumi, atawa di cai sahandapeun bumi.

5Poma ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala. Sabab ieu Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kami moal aya hampura ka sakur anu ngalawan. Kami bakal nyiksa ka sakur anu mikagiruk ka Kami, kitu deui ka turunanana, nepi ka turunan katilu jeung kaopat.

6Sabalikna bakal mikaasih ka rebuan turunan, ka sakur anu mikanyaah ka Kami sarta ngestokeun hukum-hukum Kami.

7Ulah nyebut jenengan Kami geusan teu puguh, sabab Kami, PANGERAN Allah maraneh, moal henteu nyiksa ka sakur anu nyumahkeun jenengan Kami.

8Masing gumati kana poe Sabat, kudu disucikeun salalawasna.

9Aya genep poe pikeun maraneh barang gawe,

10ari poe nu katujuh eta teh poe reureuh, poe kagungan Kami. Dina poe eta ulah aya anu digawe, boh maraneh, boh anak, boh badega, boh sato, nya kitu keneh jalma asing anu ngadon hirup di nagri maraneh.

11Di jero genep poe Kami PANGERAN ngadamel bumi, langit, laut, jeung saniskara eusina. Dina poe nu katujuh Kami reureuh. Ku sabab kitu poe Sabat diberkahan jeung disucikeun ku Kami, PANGERAN.

12Masing hormat ka bapa jeung ka indung, supaya awet nya hirup di tanah anu rek dipaparinkeun ku Kami.

13Ulah maehan.

14Ulah ngaranyed.

15Ulah maling.

16Ulah jadi saksi palsu.

17Ulah mikahayang imah batur; ulah mikahayang pamajikan batur, atawa mikahayang badegana, sapina, kaldena, atawa naon bae sakur nu jadi milik batur."

18Sanggeus jalma-jalma ngadarenge sora tarompet jeung narenjo kilat kitu deui gunung anu kabulen ku haseup, kacida sarieuneunana, terus ngarejat narangtung ti kajauhan bari tingdaregdeg.

19Pok arunjukan ka Musa, "Kuring sadaya teu wantun nguping pangandika Allah, tangtos paraeh. Pangandika-Na lahirkeun ku Bapa bae, tangtos diestokeun."

20Waler Musa, "Tong sarieun. Allah ngan rek ngadoja ka maraneh, jeung supaya maraneh salalawasna boga kasieun ku Mantenna, nepi ka moal marigawe dosa."

21Tapi maranehna marugen, narangtung bae ti kajauhan. Seug Musa angkat nyalira, nyaketan mega angkeub anu dilinggihan ku Allah.

22PANGERAN nimbalan ka Musa, miwarang nyaurkeun kieu ka urang Israil, "Maraneh nyaho yen Kami PANGERAN ngandika ka maraneh ti sawarga.

23Ulah nyieun sesembahan gaganti Kami, boh tina perak boh tina emas.

24Kudu nyieun hiji altar tina taneuh pikeun Kami, paragi maraneh ngurbankeun domba jeung sapi anu kudu diduruk kabeh jeung geusan kurban panarima. Kami bakal sumping ka saban tempat anu ku Kami ditangtukeun pikeun tempat ngabakti ka Kami, rek ngaberkahan ka maraneh.

25Upama rek nyieun altar batu, batuna teu meunang aya anu dibeulah. Sabab lamun batuna kaungkulan ku pahat, nista pikeun Kami.

26Jeung altarna teu meunang make hambalan paranti mancat, bisi ana maraneh mancat ka dinya heug tembong orat."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 20 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel