Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 23 >> 

1"Ulah ngaliarkeun beja teu puguh. Ulah daek biluk ka nu salah, nyimbutan kasalahanana.

2Ulah tuturut ka jalma rea anu marigawe kasalahan, atawa lamun maranehna nyerongkeun urusan jeung kaadilan.

3Nguruskeun perkara jelema anu malarat ulah beurat sabeulah.

4Upama maraneh pareng nenjo sapi atawa kalde musuh leupas ka mana-mana pangnewakkeun, anteurkeun ka nu bogana.

5Upama kalde musuh maneh tea ngudupruk ku momotanana, bantuan ngahudangkeun, ulah api lain.

6Upama aya jalma malarat datang ka pangadilan ngunjukkeun urusanana, uruskeun sakumaha mistina, ulah nyimpang tina kaadilan.

7Ulah nyieun panuding palsu nepi ka anu teu salah meunang hukum pati. Kalakuan kitu kacida jahatna, ku Kami pasti disapa.

8Ulah beunang ku pangruruba, sabab pangruruba teh sok ngalolongkeun rasa bebeneran, ngaruntuhkeun hak nu tanpa dosa.

9Ulah neungteuinganan ka jelema anu ngumbara, da maraneh oge kungsi ngumbara di Mesir, nyaho kumaha rasana jalma ngumbara."

10"Lahan dipelakanana genep taun genep taun, hasilna kumpulkeun.

11Dina katujuh taunna lahan kudu diperekeun sarta tutuwuhanana ulah diala, nu kitu mah keur bagian anu mariskin, ari sesa ngalaan anu mariskin keur bagian sato leuweung. Pon kitu keneh kebon anggur jeung kebon jetun.

12Barang gawe kudu genep poe genep poe bae, supaya badega-badega jeung anu karuli di maneh nyareunghap heula. Malah sasatoan oge kudu direureuhkeun.

13Gumatikeun ieu timbalan Kami, PANGERAN. Jeung maraneh ulah neneda ka allah-allah sejen, ulah nyambat-nyambat acan ngaranna."

14"Tilu kali dina sataun maraneh kudu ngayakeun pesta pikeun ngamulyakeun ka Kami.

15Kahiji dina bulan Abib, nya eta bulan maraneh ninggalkeun Mesir, kudu ngayakeun Pesta Roti Teu Make Ragi sakumaha anu ku Kami diandikakeun tea, lilana tujuh poe. Sapanjang pesta maraneh teu meunang dalahar roti anu make ragi. Maraneh ngabakti ka Kami teh teu meunang lengoh.

16Pesta kadua nya eta Pesta Panen, dilampahkeunana waktu mitembeyan panen. Pesta katilu nya eta Pesta Saung, dilampahkeunana dina usum ngala buah anggur jeung bubuahan lianna.

17Dina eta pesta anu tilu rupa, sakabeh lalaki kudu ngadareuheus jeung ngabarakti ka Kami, PANGERAN Allah maraneh. Kitu bae unggal-unggal taun.

18Lamun maraneh ngurbankeun sato ka Kami, rotina teu meunang nu make ragi. Jeung sato-sato nu dikurbankeun ka Kami sapanjang pesta, gajihna teu meunang nyesa nepi ka isuk.

19Unggal-unggal taun, hasil lahan maraneh anu diala pangheulana kudu dibaktikeun ka gedong panglinggihan PANGERAN Allah maraneh. Ngulub daging anak domba atawa anak embe teu meunang ku cisusu indungna."

20"Kami rek miwarang hiji malaikat heulaeun maraneh, sina ngaraksa di jalan nepi ka datang ka tempat beunang Kami nyadiakeun.

21Sing hade-hade, naon parentahna turut, ulah baha, sabab eta piwarangan Kami. Lamun dilawan moal aya hampurana.

22Sabalikna lamun maraneh nurut kana parentahna sarta ngalakonan sagala timbalan Kami, ieu Kami anu bakal merangan musuh-musuh maraneh.

23Malaikat Kami bakal aya di hareup heulaeun maraneh mawa asup ka tanahna urang Emor, urang Het, urang Pares, urang Kanaan, urang Hiwi, jeung urang Yebus. Eta bangsa-bangsa ku Kami bakal dibasmi.

24Pacuan maraneh nyembah atawa ngabakti ka allah-allah maranehna, jeung ulah nurutan tata ibadahna. Aallahan-aallahanana basmi, pilar-pilar batu karamatna gempur.

25Upama maraneh ngabarakti ka Kami, PANGERAN Allah maraneh, tanwande diberkahan, dicukup dahareun dicukup cai, jeung lamun katerap ku kasakit, Kami nu bakal ngaleungitkeun panyakitna.

26Di tanah tempat maraneh moal aya awewe kaluron, moal aya anu gabug, jeung maraneh bakal dipanjangkeun umur.

27Bangsa-bangsa lawan maraneh rek disina ngompod sarieuneun ka Kami. Bangsa anu merangan ka maraneh rek disina guyur tagiwur, musuh-musuh sina kalabur.

28Musuh-musuh maraneh ku Kami rek disina garugup. Urang Hiwi, urang Kanaan jeung urang Het, ana ku maraneh geus dijorag ku Kami rek dijongklok-jongklokkeun sina nyaringkah.

29Tapi disingkahkeunana moal disakalikeun di jero sataun, sabab lamun kitu tanahna bakal suwung jeung diareusian ku sato-sato galak, tangtu matak susah ka maraneh.

30Diusiranana rek ditungtut saeutik-saeutik, nepi ka maraneh cukup waktu pikeun ngarebut tanahna.

31Wawatesan tanah maraneh nya eta ti semet Teluk Akaba kebat ka Walungan Eprat, jeung ti semet basisir Laut Tengah nepi ka gurun. Upama ku maraneh geus dijorag, pribumina ku Kami rek disina kadeseh ku maraneh datang ka kalalabur.

32Maraneh ulah nyieun perjangjian naon-naon ka maranehna, sumawonna ka allah-allah sesembahanana.

33Ulah dibere cicing di nagara maraneh, supaya ulah jadi lantaran maraneh migawe dosa ka Kami. Lamun maraneh ngabakti ka allah-allah sesembahanana, geus tangtu maraneh kajiret terus carilaka."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel