Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 26 >> 

1"Ari Kemah Suci, Kemah Tepangan Kami, ti jerona kudu make reregan sapuluh gebar tina lenen lemes anu digintir tina wol biru, wungu, jeung beureum. Rereganana kudu make sulaman-sulaman anu direkakeun mukarabin.

2Gebaranana kabeh saukuran, panjangna 12 meter, rubakna 2 meter.

3Anu lima gebar sambung-sambungkeun, jait sagebarkeun, pon kitu anu lima gebar deui.

4Kudu nyieun kakantet-kakantet tina lawon biru, terapkeun kana tungtung-tungtung luar tiap gebaran.

5Gebaran kahiji kakantetna lima puluh, nerapkeunana sing meneran kana lima puluh kakantet dina gebaran kadua.

6Dikantetkeunana kudu make kakantet tina emas, lobana lima puluh siki.

7Kemah pongpok kaler ti luhurna kudu dikeput ku lawon tina bulu embe, sawelas gebar,

8masing-masing ukuranana kudu sarua, panjangna 13 meter, rubakna 2 meter.

9Anu lima gebar sambung-sambung, jait sagebarkeun, pon kitu anu genep gebar deui. Gebar anu kagenep tilep dua di lebah Kemah bagian hareup.

10Tungtung lambaran anu hiji dina sisina kudu diberean lima puluh kakantet, kitu keneh lambaran sejenna dina tungtung sisina kudu diberean lima puluh kakantet.

11Kudu nyieun lima puluh kakait tambaga, tuluy terapkeun kana kakantet-kakantet tea pikeun nyambungkeun supaya anu dua lambar teh jadi disalambarkeun.

12Reregan anu sapotong deui gantungkeun dina tukangeun Kemah.

13Leuleuwihna dina dua tungtung ka panjangna anu masing-masing 50 sentimeter, gantungkeun dina gigir Kemah dua beulahanana sina nutupan.

14Kudu nyieun dua deui pikeun tutup pangluarna, hiji tina kulit domba jalu beunang ngabeureuman, hiji deui tina kulit anu lemes.

15Pikeun Kemahna kudu nyieun papan-papan kayu pilang, sing lalempeng,

16anu ukuranana masing-masing panjangna opat meter, rubakna 66 sentimeter,

17sarta kudu make dua pupurus supaya bisa diranjing-ranjingkeun. Kabeh papan kudu dipupurusan.

18Papan pikeun sisi kidul lobana dua puluh,

19make dadampar opat puluh siki tina perak, sapapanna dua-dua pikeun nahan pupurusna.

20Pikeun sisi kaler dua puluh papan,

21dadampar perakna opat puluh, sapapanna dua-dua.

22Pikeun sisi tukang beulah kulon genep papan.

23Dina tiap juruna dua-dua papan.

24Ieu papan-papan pojok dipasangna di handap kudu pasambung terus nepi ka luhur. Papan anu dua lambar anu ngawangun dua popojok, dijieunna kudu kitu.

25Jadi kudu aya dalapan lambar papan, katut genep belas dadampar perakna, unggal papan dua-dua.

26Kudu nyieun pikeun papalangna lima welas siki tina kayu pilang, lima keur papalang papan-papan Kemah sisi anu sabeulah,

27lima keur papalang papan-papan sisi anu sabeulah deui, lima deui keur papalang papan-papan tukang beulah kulon.

28Papalang panengah cicingna kudu satengah tangtung papan jeung kudu kebat ti tungtung nepi ka tungtung.

29Papan-papanna kudu dilapis ku emas, jeung kudu diberean geulang-geulang tina emas keur imah papalang. Papalang-papalangna oge kudu dilapis ku emas.

30Jieun eta Kemah sing cocog jeung anu ku Kami ditataan ka maneh di gunung.

31Rereganana nyieun hiji deui, lenen anu ditinun jeung benang wol warna biru, wungu, jeung beureum, sarta kudu dihias ku sulaman anu direkakeun mukarabin.

32Eta reregan gantungkeun dina opat tihang kayu pilang lapis emas anu dadamparna perak, cocogkeun jeung kakait-kakaitna.

33Dipernahkeunana handapeun jajaran cacantel anu dina lalangit Kemah, kait-kaitkeun rereganana kana eta. Peti Perjangjian anu dieusi dua papan batu tea, teundeun di tukangeun eta reregan. Gunana eta reregan pikeun wates anu misahkeun Kamar Suci ti Kamar Pangsucina.

34Tutup pangrapihna pasang dina luhur Peti Perjangjianana.

35Ari meja tea diteundeunna kudu di luareun Kamar Pangsucina, nyanghareup ka sisi kaler, ari suku palita diteundeunna nyanghareup ka sisi kidul.

36Lawang asup ka jero Kemah kudu ditetebengan ku reregan tina lenen lemes anu ditinun jeung benang wol warna biru, wungu, jeung beureum, dihias ku sulaman.

37Rereganana kudu make lima tihang tina kai pilang anu dilapis ku emas. Tatapakan tihang-tihangna kudu ku tambaga."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 26 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel