Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Keluaran 36 >> 

1Besalel, Oholiab, jeung tukang-tukang anu sejen, anu ku PANGERAN geus dipaparin pangabisa jeung kanyaho, anu ngalarti kana sagala rupa anu tumali jeung kaperluan nyieun Kemah Suci, kudu nyieun eta barang-barang sakumaha timbalan PANGERAN."

2Geus kitu Musa nyaur Besalel, Oholiab, jeung tukang-tukang anu sejen, anu ku PANGERAN geus dipaparin pangabisa tur iklas ngabarantu barang gawe, ditimbalan mimiti digarawe.

3Barang-barang pangbakti ti urang Israil pikeun kaperluan nyieun Kemah Suci tea ku Musa diserenkeun ka maranehna. Tapi unggal isuk urang Israil teh merul keneh bae marawa pangbakti ka Musa.

4Anu matak tukang-tukang teh

5arunjukan ka Musa, "Hatur uninga, derma ti jalmi-jalmi teh parantos seueur teuing, langkung ti anu kedah dianggo ngadamelan barang-barang anu dipiwarang ku PANGERAN."

6Ti dinya Musa miwarang ngiderkeun parentah ka pasanggrahan, yen derma pikeun Kemah Suci teh eureunan bae, tong aya anu derma deui. Geus kitu kakara jelema-jelema teh eureun dermana.

7Ari derma-derma anu geus asup geus leuwih ti cukup pikeun nganggeuskeun sagala rupa barang anu kudu dijieun.

8Ari Kemah Tepangan PANGERAN dijieunna teh ku tukang-tukang anu pangpinterna. Mimitina nyieun rereganana, tina lenen lemes sapuluh gebar, anu ditinun jeung wol warna, biru, wungu, beureum, tuluy disulam ku sulaman-sulaman anu direka mukarabin.

9Tiap gebar saukuran, panjang dua welas meter, rubak dua meter.

10Anu lima gebar diranjingkeun, dijait dijieun sagebar. Pon kitu anu lima gebar deui.

11Sisi luar gebaran unggal setel ku maranehna diberean kakantet-kakantet tina lawon biru,

12lima puluh kakantet dina gebaran nu hiji setelan kahiji, dicangreudkeun kana lima puluh kakantet anu aya dina tungtung gebaran setelan anu kadua.

13Maranehna nyieun lima puluh kakait emas, tuluy anu dua gebaran teh dihijikeun ku eta kakait-kakait.

14Tuluy nyieun lapis Kemah tina lawon bulu embe sawelas gebar,

15kabeh saukuran, panjang tilu welas meter, rubak dua meter.

16Anu lima gebar diranjingkeun dijait dijieun sagebar, pon kitu anu genep gebar deui.

17Dina sisi gebaran panungtung setelan nu hiji ku maranehna diberean lima puluh kakantet, kitu keneh dina sisi gebaran setelan nu hiji deui lima puluh kakantet.

18Ti dinya nyieun kakantet-kakantetna tina tambaga, lima puluh siki pikeun ngantetkeun eta anu dua gebar sina ngahiji.

19Seug nyieun deui lapis, dua gebar, nu hiji tina kulit domba beunang ngabeureuman, nu hiji deui tina kulit lemes, pikeun tutup Kemah beulah luar.

20Geus kitu nyieun papan-papan anu lalempeng tina kayu pilang, pikeun Kemah.

21Ukuran masing-masing panjang opat meter, rubak genep puluh genep sentimeter,

22marake dua pupurus supaya bisa diranjing-ranjingkeun. Unggal papan kabeh make pupurus kitu.

23Papan pikeun pongpok kidul nyieun dua puluh lembar,

24katut opat puluh tatapakanana tina perak pikeun nahan dua pupurus handap, sapapanna dua tatapakan.

25Pikeun kemah pongpok kaler nyieun dua puluh papan,

26katut tatapakan perakna opat puluh, sapapanna dua tatapakan.

27Pikeun pongpok Kemah beulah tukang beh kulon nyieun genep papan.

28Pikeun popojok-popojokna masing-masing dua papan.

29Papan dina popojok diranjingkeunana tina dasar nepi ka congo luhur. Kitu petana masang papan pojok, sina nyiku.

30kabehna aya dalapan papan pojok katut genep welas tatapakan perakna, sapapanna dua tatapakan.

31Ti dinya nyieun papalang-papalangna tina kayu pilang. Pikeun nahan papan-papan pongpok Kemah beulah ditu lima papalang,

32pikeun nahan papan-papan pongpok beulah dieu lima papalang, pikeun nahan papan-papan pongpok tukang beulah kulon lima papalang.

33Papalang-papalang anu panengah dipalangkeunana satengahna tina luhurna papan-papan, malang ti tungtung Kemah beulah dieu nepi ka tungtung beulah ditu.

34Papan-papanna kabeh dilapis ku emas, kabeh marake imah tulak tina emas paragi nyorokkeun papalang-papalang. Papalang-papalangna oge kabeh dilapis ku emas.

35Ti dinya nyieun deui reregan tina lenen lemes anu ditinun jeung wol warna biru, wungu jeung beureum, sarta disulam ku sulaman-sulaman anu direkakeun mukarabin.

36Geus kitu nyieun tihang reregan opat tina kayu pilang lapis emas, make kakait-kakait tina emas, jeung opat tatapakanana tina perak.

37Reregan pikeun lawang kemah lawonna lenen lemes anu ditinun jeung wol warna biru, wungu, jeung beureum, dihias ku sulaman.

38Pikeun tihang rereganana nyieun lima, make kakait-kakait. Congo-congo tihang jeung papalang-papalangna kabeh dilapis ku emas, katut lima tatapakanana tina tambaga.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Keluaran 36 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel