Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kidung Agung 3 >> 

1Saban peuting, ari di ranjang geus sare, anjeunna kaimpi bae, kaimpi keur diteangan, weleh teu kapanggih bae.

2Diaprak saluluar kota, dilongok ka jalan jeung jajahan, disusul ka lulurung, haben bae diteangan, tapi lebeng teu kapanggih.

3Anggur tepung jeung nu ngaronda, ku kuring ditanya, "Manawi pendak sareng panutan kuring?"

4Tapi henteu lila ti harita, ana gok teh anjeunna kapanggih. Gabrug dirangkul tipepereket, henteu dilesotkeun deui, tuluy diajak ka bumi ibu, sup ka pangkeng tempat kuring dijurukeun.

5Wanoja-wanoja Yerusalem, aranjeun kudu jarangji, sumpah demi uncal anu rikat jeung demi uncal bikang, ulah rek ganggu kana kacinta kuring duaan.

6Wanoja: Naon itu anu mumbul ti lebah gurun, jiga haseup ngebun, tur kasawur ku seungit dupa jeung emur, sarupaning seuseungitan dagangan para sudagar?

7Leuh geuning Suleman, sumping nitihan jampana, dikawal ku genep puluh prajurit, prajurit-prajurit petingan Israil,

8kabeh oge jago ulin pedang, ahli jurit tukang tarung, masing-masing nyoren pedang, taki-taki tina bahlaning peuting.

9Raja Suleman nitihan jampana, tina kai kelas hiji,

10tihang-tihangna dilakop perak, tiungna disulam emas, babantalna disarungan lawon wungu, endah lemes beunang ninun putri-putri Yerusalem.

11Heuy, wanoja-wanoja Sion, yap nongton Raja Suleman. Anjeunna nganggo makuta, ibuna ku anjeun nu nerapkeunana, dina poean rendenganana, poe kabagjaanana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kidung Agung 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel