Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kidung Agung 7 >> 

1Nonoman: Duh ku agung, enung teh terah linuhung. Sampean mutuh ku sieup tur payus nganggo selop. Bitis lir jaksi sajantung, lir beunang masieup seniman.

2Udel lir cacangkir cekong moal bahe anggur nu jadi eusina. Lambut lir tumpukan gandum diriung ku kembang bakung.

3Pinareup siga uncal sakembaran, siga uncal bikang papasangan.

4Tenggek lir munara gading, soca lir empang di kota Hesbon deukeut gapura eta kota gede. Pangambung lir munara Libanon anu nanjeur neuteup ka Damsik.

5Mastaka dangah lir Gunung Karmel, rambut ririakan, cahayaan, lemes lir sutra, kaendahanana sanggup ngunduh jajantung raja.

6Ku manis enung, ku geulis! Sugri pangemat cinta, di enung nyampak sadia.

7Salira lampanyat lir tangkal korma, pinareup lir ranggeuyan buahna.

8Eta korma engke arek ditaekan arek diunduh buahna. Pinareup enung lir rantuyan buah anggur. Seungit napas enung, seger lir serengna jeruk.

9Baham enung saibarat cianggur petingan. Wanoja: Saupama kitu, eta anggur baris ngocor ka panutan baris nyegeran lambeyna baris maseuhan waosna.

10Da kuring anu anjeunna, nu teu kendat mikatineung.

11Mangga panutan, urang iang ka padesan, urang ngendong di tegalan,

12ngarah enjing-enjing pisan bisa ningalian pelak anggur, parantos marentik atawa tacan, kembangna parantos beukah atawa tacan. Kitu deui dalima, parantos pentilan atawa tacan. Tah di dinya, abdi sumeja ngalayanan kacinta engkang.

13Engke ku engkang kaangseu seungitna tangkal arak katut bubuahan nu raraos, parantos aya caket panto, nu anyar sareng nu parantos lami, kenging abdi nyimpen haturan engkang, jungjunan!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kidung Agung 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel