Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 1 >> 

1Juragan Teopilus, Dina kitab nu kahiji, sugri anu dipidamel sareng diwulangkeun ku Yesus, ku sim kuring parantos diseratkeun sadayana, ti ngawitan Anjeunna barangdamel

2dugi ka Anjeunna dicandak ka sawarga. Memeh ka sawarga Anjeunna maparin pituduh-pituduh ku Roh Suci, ka jalmi-jalmi anu ku Anjeunna diangkat jadi rasul-rasul-Na.

3Saparantosna gugah tina pupus, salami opat puluh dinten Anjeunna sering nembongan ka rasul-rasul-Na, dugi ka teu matak hamham yen Anjeunna estu hirup deui, kataringal sareng sasauran ka aranjeunna perkawis Karajaan Allah.

4Dina hiji dinten Anjeunna ngalahir kieu ka sadaya rasul, "Maraneh ulah waka aringkah ti Yerusalem, dago heula anu geus dijangjikeun ku Rama, sakumaha nu geus dicaritakeun ku Kami tea.

5Yohanes ngabaptisna ku cai, maraneh mah sakeudeung deui bakal ngabaptis ku Roh Suci."

6Dina hiji waktos nuju karempel, rasul-rasul nararos ka Anjeunna, "Gusti, dupi Karajaan Israil teh bade ayeuna diadegkeunana deui ku Gusti?"

7Waler Yesus, "Hal eta, poe jeung waktuna, Rama Kami anu kagungan hak nangtoskeun, maraneh ulah harayang nyaho.

8Tapi maraneh, lamun Roh Suci geus sumping bakal narampa kawasa, pikeun jaradi saksi-saksi Kami di Yerusalem, di sakuliah Yudea, di Samaria, nepi ka tungtung bumi."

9Sanggeus ngalahir kitu, Yesus dicandak ka sawarga, diarawaskeun nepi ka lesna teu katembong kahalangan ku mega.

10Sabot rasul-rasul tingtaranggah ngawaskeun ka langit, jol jleg aya anu ngaradeg duaan deukeut ka aranjeunna anggoanana barodas, tuluy ngalahir,

11"Keur naraon narangtung di dieu taranggah ka langit, urang Galilea? Yesus anu dicandak ka sawarga teh engke bakal sumping deui cara kitu, sakumaha anu bieu katarenjo ku maraneh keur munggahna ka sawarga."

12Rasul-rasul marulih ti Gunung Jetun ka Yerusalem, jauhna kira-kira sakilometer,

13terus lalebet ka kamar di loteng tempat aranjeunna numpang. Aranjeunna nya eta: Petrus, Yohanes, Yakobus jeung Andreas, Pilipus jeung Tomas, Bartolomeus jeung Mateus, Yakobus putra Alpeus, Simon Patriot, jeung Yudas putra Yakobus.

14Rasul-rasul sering samiuk kumpul neneda. Salian ti aranjeunna aya oge wanita-wanita anu ngariring neneda, oge Mariam ibu Yesus, jeung saderek-saderek Yesus.

15Dina hiji poe keur waktu aranjeunna kumpul deui — aya kira-kira saratus dua puluh urang — Petrus ngadeg tuluy sasauran kieu,

16"Para saderek! Anu diserat dina Kitab Suci perkawis pangandika Roh Suci, anu diucapkeun ku Daud ngeunaan hal Yudas anu mingpin nangkep Yesus, memang parantos kedahna laksana.

17Yudas urut batur urang, tadina oge geus kapilih ngiring baranggawe sareng urang."

18(Yudas geus maot di lahan beunangna meuli ku duit upah ngahianat tea, manehna di dinya ngagubrag nepi ka beuteungna gudawang, peujitna amburadul.

19Urang Yerusalem kabeh nyarahoeun kana eta kajadian, anu matak eta lahan ku maranehna dingaranan ku basa maranehna: Akeldama, anu hartina "Lahan Getih".)

20"Margi," saur Petrus deui, "hal eta kaungel dina Kitab Jabur kieu, ‘Mugia imahna sing suwung, sing ulah aya nu ngeusian.’ Sareng kieu, ‘Jabatanana sing diganti ku nu sejen.’

21(1:21-22) Ku margi kitu, urang butuh saurang deui keur gentosna, anu kedah jadi saksi perkawis gugahna deui Gusti Yesus tina pupusna. Jalmina kedah anu parantos ngahiji sareng urang salami Gusti Yesus angkat-angkatan ka mana-mana sareng urang, ti semet Yohanes ngawulangkeun baptisan dugi ka Yesus dicandak ka sawarga."

22(1:21)

23Ku sakur nu araya di dinya dicalonkeun dua jelema piliheun nya eta: Yusup alias Barsabas (sok disebut oge Yustus), jeung Matias.

24Seug diunjukkeun dina paneda, "Nun Gusti anu uninga kana eusi sanubari jalmi-jalmi! Mugi maparin terang anu mana ti antawis ieu pun dulur duaan anu kamanah ku Gusti,

25baris jadi rasul gegentos Yudas anu parantos tigubrag ka tempat anu satimpal."

26Geus kitu eta dua ngaran calon teh dilotre, ari elotna keuna ka Matias. Tuluy anjeunna diangkat jadi rasul pikeun nambahan bilangan rasul anu ngan kari sawelas urang tea.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel