Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 13 >> 

1Di jamaah Antioki aya sababaraha nabi jeung guru, nya eta: Barnabas, Simeon (anu katelah si Hideung), Lukius (ti Kirena), Menahem (anu digedekeunana bareng jeung Raja Herodes), jeung Saulus.

2Hiji mangsa waktu aranjeunna keur ngalakonan ibadah ka Gusti jeung paruasa, Roh Suci nimbalan, "Kami menta Barnabas jeung Saulus, pikeun ngajalankeun pagawean ti Kami pribadi."

3Sabada paruasa jeung neneda, Barnabas jeung Saulus ditumpangan panangan ku aranjeunna tuluy diutus.

4Barnabas jeung Saulus anu diutus ku Roh Suci arangkat ka Seleukia, ti dinya terus balayar ka pulo Siprus.

5Sanggeus sarumping ka Salamis tuluy ngawulangkeun pangandika Allah di imah-imah ibadah urang Yahudi, dibantu ku Yohanes Markus.

6Aranjeunna ngideran eta pulo nepi ka Pafos. Di dinya pendak jeung hiji tukang sihir ngaran Bar Yesus, urang Yahudi anu ngakukeun nabi,

7anu nyobat jeung Sergius Paulus jalma pinter, gupernur eta pulo. Eta gupernur ngahaturan sumping ka Barnabas jeung Saulus, hoyongeun ngadangu pangandika Allah.

8Tapi aranjeunna dilawan ku tukang sihir tea anu boga ngaran Yunani Elimas, maksudna supaya eta gupernur ulah nepi ka percaya ka Yesus.

9Saulus, anu harita geus katelah Paulus, mureleng ka eta tukang sihir lantaran kadorong ku Roh Suci,

10tuluy ngalahir kieu, "Anak Iblis! Maneh satruna sakur nu hade, pinuh ku sagala tipu daya, purah ngabohongkeun kayaktian-kayaktian ti Gusti!

11Ayeuna rasakeun ieu panangan Gusti! Maneh bakal lolong, sababaraha lilana moal nenjo-nenjo panonpoe." Sapada harita keneh reup Elimas ngarasa poek, panonna katutup ku pepedut hideung, tuluy uyup-ayap neangan nu pinungtuneun.

12Ningali kajadian kitu, gupernur jadi percaya ka Yesus, sabab anjeunna kacida katarikna ku pangajaran hal Gusti.

13Paulus jeung rerencanganana anu duaan balayar ti Pafos ka Perga, hiji kota di Pampilia, ti dinya papisah jeung Yohanes Markus anu terus mulang ka Yerusalem.

14Ti Perga anjeunna jeung Barnabas terus ka Antioki di Pisidia, poe Sabatna aranjeunna ngiring kempelan di imah ibadah urang Yahudi.

15Sabada aosan tina Kitab Musa jeung tina Kitab Nabi-nabi, pangurus-pangurus imah ibadah ngahaturanan ka aranjeunna, pokna, "Bilih para Saderek bade maparin amanat atanapi pangdeudeul sumanget, mangga dihaturanan ka payun."

16Jung Paulus ngadeg, tuluy maparin isarah ku panangan, barabat sasauran: "Dulur-dulur urang Israil katut anu sanes-sanesna anu karempel di dieu ngalakonan ibadah ka Allah! Darangukeun!

17Allahna bangsa Israil parantos milih karuhun urang. Karuhun urang nalika ngumbara di Mesir ku Mantenna dijadikeun hiji bangsa gede. Ti dinya ku Allah maranehna dicandak kaluar ti Mesir.

18Opat puluh taun Mantenna nyabaran tingkah polah maranehna di gurun keusik.

19Tujuh bangsa di Kanaan ku Mantenna dibasmi, tanahna dijadikeun milik maranehna.

20Kitu saterasna dongkap ka opat ratus lima puluh taun. Sabada eta, maranehna diatur ku hakim-hakim anu diangkat ku Mantenna dugi ka jaman Nabi Samuel.

21Ti dinya maranehanana marenta raja. Ku Allah dikabulkeun, Saul bin Kis ti kaom Binyamin diangkat jadi rajana dugi ka opat puluh taun.

22Saul ku Allah dikeser, Daud dijadikeun raja gegentosna. Kieu timbalan Allah perkawis Daud, ‘Kami uninga, Daud anak Isai teh jelema pikapanujueun, anu bakal ngalakonan sagala pangersa Kami.’

23Allah ngalaksanakeun jangji-Na, ti turunan Daud aya anu ku Mantenna dijadikeun Jurusalamet pikeun urang Israil, nya eta Yesus.

24Samemeh Yesus ngawitan ngajalankeun padamelanana, sakumna bangsa Israil diajak tobat ku Yohanes sareng kedah dibaptis.

25Saparantos tugasna meh rengse, Yohanes ngalahir kieu ka maranehna, ‘Saha ari kaula, ceuk aranjeun? Kaula lain anu keur diarep-arep ku aranjeun. Anjeunna mah sumpingna engke sanggeus kaula. Ka Anjeunna kaula teu wani mangudarankeun tarumpah-tarumpah-Na acan.’

26Para saderek turunan Ibrahim, kitu deui nu sanes, anu karempel di dieu ngalakonan ibadah ka Allah! Eta wawaran pisalameteun teh pikeun urang!

27Margi urang Yerusalem mah katut para pamingpinna teu tarerangeun yen nya Anjeunna Jurusalamet maranehna. Unggal Sabat maranehna maraca seratan nabi-nabi, tapi eusina teu kahalartieun. Yesus ku maranehna dihukum, cocog sareng anu disaurkeun ku nabi-nabi.

28Sanajan maranehna teu manggih pisan sabab pikeun ngaragragkeun hukum pati ka Anjeunna, keukeuh marenta ka Pilatus supaya Yesus dihukum pati.

29Sanggeus sagala niat jahat maranehna ka Anjeunna tinekanan sakumaha anu kaungel dina Kitab Suci, layon Anjeunna diturunkeun tina tihang salib, digolerkeun di jero kuburan.

30Nanging ku Allah digugahkeun deui tina pupusna.

31Saparantos gugah, di lebet sababaraha dinten sering nembongan ka jalmi-jalmi anu tadina ngingiring Anjeunna ti Galilea ka Yerusalem, anu ayeuna jaradi saksi perkawis Anjeunna ka urang Israil.

32(13:32-33) Ayeuna sim kuring seja ngadongkapkeun ka aranjeun Injil Kasalametan, nya eta: Perkawis anu baheula dijangjikeun ku Allah ka karuhun urang teh ayeuna laksana, ka urang anu jadi turunanana, reh Allah parantos ngahirupkeun deui Yesus, sakumaha anu parantos kaungel dina Jabur anu kadua, kieu, ‘Hidep Putra Ama; ayeuna Ama geus jadi Rama Hidep.’

33(13:32)

34Perkawis Yesus gugah ti nu maraot dugi ka salira-Na henteu kungsi buruk di jero kuburan, kieu pangandika Allah: ‘Hidep ku Ama bakal diberkahan, ku berkah suci tur pasti sakumaha jangji Ama ka Daud.’

35Dina bagian sejen aya deui, ungelna: ‘Gusti moal ngantep abdi-Na nu satia ajur di jero kuburanana.’

36Daud anu ngalakonan pangersa Allah parantos pupus, dikurebkeun di makam karuhunna, salirana ajur di jero kuburan.

37Nanging Yesus mah henteu kitu, margi ku Allah digugahkeun deui ti nu maraot.

38(13:38-39) Ku margi kitu mugia aruninga, perkawis panghampura dosa anu diwawarkeun ka aranjeun teh jalanna ti Yesus. Sakur anu percaya ka Anjeunna bakal dileupaskeun tina dosa-dosa, anu moal bisa dileungitkeun ku Hukum Musa.

39(13:38)

40Ku margi kitu sing ariatna, supaya aranjeun ulah kaasup ka jalmi-jalmi anu ku nabi-nabi disaurkeun kieu:

41‘Ati-ati maraneh, tukang ngahina! Maraneh bakal ngarenjag tuluy paraeh! Kiwari Kami keur ngalaksanakeun hiji perkara, anu sanajan dipertelakeun ge ku maraneh moal dipercaya!’"

42Waktu keur kalaluar ti dinya, ka Paulus jeung Barnabas pada ngahaturanan supaya Sabat hareup sarumping deui ngalajengkeun piwulang anu bieu.

43Bubar kumpulan, Paulus jeung Barnabas ditaluturkeun ku urang Yahudi jeung ku nu sejen nu arasup agama Yahudi. Maranehna ku aranjeunna dinasehatan supaya hirupna tetep aya dina rahmat Allah.

44Dina poe Sabat deui urang dinya meh kabeh daratang ngadarengekeun pangandika Allah.

45Nenjo anu karumpulan sakitu lobana, urang Yahudi kacida darengkieunana, tuluy ngahina ka Paulus, piwulang anjeunna dibarantah.

46Tapi Paulus jeung Barnabas malah tambah wani, saurna, "Saenyana pangandika Allah teh wajib ditepikeun ka aranjeun heula. Tapi ku lantaran aranjeun embung narima, jadi aranjeun sorangan anu nangtukeun yen aranjeun mah teu layak narima hirup anu langgeng. Ku sabab kitu aranjeun mah rek ditinggalkeun bae, kaula rek nyanghareup ka bangsa sejen.

47Karana Pangeran geus marentah ka kaula, timbalana-Na: ‘Maneh ku Kami geus dijadikeun cahaya pikeun nyaangan bangsa sejen anu lain Yahudi, supaya salamet manusa saalam dunya.’"

48Ngadarenge kasauran kitu jelema-jelema nu lain bangsa Yahudi kacida barungaheunana, tuluy maruji kana pangandika Allah. Eta sakur anu ku Allah geus ditangtukeun kana hirup langgeng teh jaradi jelema anu palercaya.

49Pangandika Allah jadi kautarakeun ka sakuliah wewengkon eta.

50Tapi jelema-jelema urang Yahudi tea ngangsonan ka para gegeden kota jeung ka wanita-wanita priyayi anu aribadah ka Allah, jeung mimiti nyarusahkeun ka Paulus jeung Barnabas, sarta tungtungna aranjeunna diusir ti wewengkon maranehna.

51Paulus jeung Barnabas kaluar ti dinya bari ngagibrigkeun kekebul tina sampeanana nyirikeun kakeuheul, terus ngabujeng ka Ikonium.

52Ari para panganut Yesus anu di Antioki hatena barungah sarta pinuh ku Roh Suci.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel