Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 16 >> 

1Paulus neruskeun angkatna ka Derbe, tuluy ka Listra. Di dinya aya hiji panganut Yesus ngaranna Timoteus. Indung Timoteus urang Yahudi anu percaya ka Gusti, ari bapana mah urang Yunani.

2Ku urang Listra jeung Derbe anu palercaya ka Yesus, Timoteus disarebut jelema hade.

3Ku Paulus rek dicandak, ku sabab kitu Timoteus ku anjeunna disunatan heula, lantaran urang Yahudi di dinya kabeh nyarahoeun yen bapana Timoteus teh urang Yunani.

4Ka para panganut Yesus di saban kota nu disumpingan, aranjeunna nepikeun sarat-sarat ti rasul-rasul jeung para kokolot di Yerusalem tea, sarta dipeupeujeuhan supaya eta sarat-sarat teh ditarurut.

5Kaayaan jamaah-jamaah beuki kuat, kapercayaanana tambah mantep, jeung jumlah anggotana nambahan unggal poe.

6Aranjeunna neruskeun angkatna, Prigia jeung Galata dilangkung, sabab Roh Suci teu ngawidian aranjeunna nguarkeun pangandika Allah di daerah Asia.

7Di wates wewengkon Misia mimitina rek lalebet ka Bitinia, tapi dilarang ku Roh Yesus.

8Ku sabab kitu Misia oge dilangkung, terus ka Troas.

9Peutingna di Troas, dina hiji titingalian Paulus ningali aya anu nangtung di payuneunana, hiji urang Makedoni anu nunuhun kieu ka anjeunna, "Mugi sumping ka Makedoni, tulungan sim kuring sadaya!"

10Lantaran aya titingalian Paulus kitu, sim kuring tiluan gura-giru rek terus ka Makedoni, kajurung ku kayakinan yen geus disaur ku Allah supaya nguarkeun Injil ka urang ditu.

11Terus balayar ti Troas, lempeng ka Samotrake, poe isukna nepi ka Neapolis.

12Ti dieu terus asup ka Pilipi, kota anu mimiti di wewengkon Makedoni, jajahan karajaan Rum keneh. Di Pilipi meunang sababaraha poe.

13Dina poe Sabat sim kuring tiluan arindit ka sisi walungan luareun kota, sabab ceuk taksiran bakal manggih tempat sembahyangna urang Yahudi. Sim kuring tiluan dariuk, cacarita jeung awewe-awewe anu keur di darinya.

14Di antarana aya anu ngaranna Lidia, tukang dagang lawon wungu, asalna ti Tiatira. Lidia ibadah ka Allah, harita hatena digerakkeun ku Gusti, kacida ngaregepkeunana ka anu dilahirkeun ku Paulus.

15Tungtungna Lidia katut saeusi imahna, dibaptis. Anggeus dibaptis manehna ngondang ka sim kuring tiluan pokna, "Upami ku aranjeun parantos kagalih yen abdi leres-leres parantos percaya ka Gusti, aranjeun mugi kersa linggih ka abdi," kitu pokna mani maksa.

16Dina hiji poe waktu rek ka tempat sembahyang tea, di tengah jalan papapag jeung hiji gandek awewe. Eta gandek teh kasurupan ku roh jahat anu bisaeun norah anu tacan kajadian. Pangabisana kana norah kacida nguntungkeunana ka dununganana.

17Manehna ngan nunutur bae ka Paulus jeung rerencanganana bari celak-celuk, "Ieu nu tiluan teh abdi-abdi Allah Anu Maha Agung! Aranjeunna keur nuduhan jalan pisalameteun pikeun maraneh!"

18Kitu jeung kitu bae meunang sababaraha poe, nepi ka tungtungna Paulus jengkeleun. Anjeunna malik nyoreang, tuluy ngalahir ka roh jahatna, "Demi pajenengan Yesus Kristus, geura nyingkah maneh ti eta awewe!" Harita keneh ge roh jahatna kaluar ti eta awewe.

19Anu maliara eta awewe ngarasa dibuntukeun lawang pangasilanana. Paulus jeung Silas ditangkep, disered ka alun-alun dideuheuskeun ka anu wajib,

20didakwakeun ka gegeden-gegeden pamarentah Rum, pokna, "Ieu urang Yahudi nyieun karusuhan di urang,

21ngajarkeun adat kabiasaan anu hamo bisa ditarima atawa dilakonan ku urang, bangsa Rum. Urang teu bisa narima atawa nurut kana eta adat kabiasaan."

22Jalma rea oge pipilueun narajang ka Paulus jeung Silas. Raksukan Paulus jeung Silas ku para pajabat dirangsadan, terus miwarang jelema ngarangket aranjeunna.

23Tas dirangketan kacida nemenna, tuluy aranjeunna dijebloskeun ka pangbuian, bari diomat-omatkeun ka kapala panjara supaya aranjeunna dijaga sing tohaga.

24Ku sabab kitu aranjeunna diasupkeun ka kamar tahanan pangjerona, sampeanana dipasung, didempet ku balok.

25Sanggeus kira-kira tengah peuting, Paulus jeung Silas ngadaroa jeung pupujian ka Allah, kadarengeeun ku sakitan lianna.

26Sabot kitu, aya lini gede teu kira-kira, panjara inggeung-inggeungan nepi ka panto-pantona mararuka, malah rante-rante barogod para sakitan oge ngadadak lalesotan.

27Kapala panjara nyaring tibuburanjat. Barang nenjo panto-panto panjara geus marolongo, tuluy nyabut pedang rek maehan maneh, samarukna sakitan-sakitan geus kalabur.

28Paulus ngagero tarik pisan, "Ulah waka maehan maneh! Kabeh sakitan araya keneh!"

29Kapala panjara menta lampu, tuluy lumpat ka jero, bruk nyuuh kana sampean Paulus jeung Silas, awakna ngadaregdeg.

30Aranjeunna tuluy dibawa ka luar. Ceuk kapala panjara sanggeus di luar, "Juragan-juragan, kedah kumaha abdi teh supaya salamet?"

31Waler aranjeunna, "Kudu percaya ka Gusti Yesus, tangtu anjeun salamet, anjeun sakulawarga."

32Kapala panjara jeung saeusi imahna ku aranjeunna diwulang hal pangandika Allah.

33Wanci eta keneh peuting-peuting Paulus jeung Silas dikaluarkeun ti jero bui, raheut-raheutna diberesihan. Kapala panjara jeung sakulawargana dibaptis peuting eta keneh,

34kacida barungaheunana lantaran geus palercaya ka Allah. Saulus jeung Silas dibawa ka imahna, disuguhan tuang.

35Sanggeus bray beurang, aya upas-upas utusan ti nu kawasa mawa parentah, "Leupaskeun tahanan anu kamari!"

36Ku kapala panjara diwartoskeun ka Paulus, "Juragan-juragan parantos dipiwarang dibebaskeun ku pamarentah. Mangga geura marulih, wilujeng angkat."

37Tapi saur Paulus ka upas-upas, "Kaula duaan teu nyieun kajahatan, tapi nepi ka dirangketan di hareupeun umum. Ieu kaula teh duanana oge warga nagara Rum! Kaula geus meunang kalakuan anu teu adil, nepi ka diasupkeun ka pangbuian, ari ayeuna rek dilepas ririkipan. Kaula teu tarima kitu bae! Gegeden Rum kudu sarumping ka dieu, kaula hayang dibebaskeun masing resmi."

38Pilahirna ku upas-upas diunjukkeun ka gegeden-gegeden Rum. Barang dibejaan yen Paulus jeung Silas warga nagara Rum, para gegeden teh jadi kacida sarieuneunana,

39buru-buru menta dihampura ka Paulus jeung Silas, tuluy ngajarajapkeun aranjeunna kaluar ti panjara bari nunuhun supaya aranjeunna ngantunkeun eta kota.

40Paulus jeung Silas terus ngabujeng ka imah Lidia, nepangan nu palercaya. Sabada maparin saur nu matak teger, tuluy arangkat ti dinya.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel