Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 3 >> 

1Dina hiji poe kira-kira pukul tilu sore, waktuna sembahyang, Petrus jeung Yohanes arangkat ka Bait Allah.

2Di hiji lawang anu ngaranna Panto Alus, aya hiji lalaki anu lumpuh ti barang lahir; unggal poe sok digotong ka eta lawang sina menta sidekah ka nu rek arasup ka Bait Allah.

3Petrus jeung Yohanes oge basa rek lalebet dipentaan sidekah.

4Aranjeunna neuteup, geus kitu Petrus sasauran, "Teuteup ieu kaula duaan!"

5Eta jelema tuluy neuteup bari ngarep-ngarep sidekah.

6Saur Petrus, "Duit mah kaula teu boga. Tapi kaboga kaula ayeuna rek dibikeun. Demi pajenengan Yesus Kristus urang Nasaret, andika geura nangtung, tuluy leumpang!"

7Tuluy ku anjeunna dicekel leungeunna nu katuhu sina nangtung. Harita keneh suku jeung mumuncanganana ngadak-ngadak kuat,

8jung nangtung semu luncat, tuluy leuleumpangan bulak-balik, ti dinya nuturkeun Petrus jeung Yohanes ka jero Bait Allah, ajrug-ajrugan jeung muji ka Allah.

9Jelema-jelema kabeh narenjo manehna leuleumpangan bari muji ka Allah.

10Sanggeus maranehna warawuheun yen eta jelema teh anu lumpuh nu sok musapir di Panto Alus di Bait Allah tea, maranehna kacida hareraneunana narenjo kaajaiban anu tumiba ka si lumpuh tea nepi ka bisa leumpang.

11Petrus jeung Yohanes terus dikikintil bae ku eta jelema. Barang tiluanana nepi ka hiji tepas anu disebut Tepas Suleman, terus pada ngarubung ku jelema-jelema anu hareraneun.

12Petrus ngalahir ka maranehna, "Dulur-dulur, urang Israil! Ku naon hareran ku ieu hal? Ku naon malencrong bae? Dikira cageurna ieu jelema teh ku pangawasa atawa ku kaibadahan kaula?

13Allahna Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, Allahna karuhun urang, geus maparin kamulyaan ka Abdi-Na, nya eta ka Yesus Kristus. Ari ku aranjeun Yesus teh diserenkeun ka para gegeden, seug ditampik di payuneun Pilatus, padahal ku Pilatus mah rek dibebaskeun.

14Anjeunna teh suci, mulya manah, ku aranjeun ditolak; aranjeun anggur marenta ka Pilatus yen anu kudu dibebaskeun teh penjahat tukang maehan.

15Yesus anu nuyun manusa supaya manusa hirup, ku aranjeun dipaehan. Tapi ku Allah geus ditanghikeun ti nu maraot, kaula sarerea saksina.

16Ieu jelema anu asalna lumpuh, pang ayeuna jadi jagjag teh nya ku kakawasaan jenengan Yesus. Katenjo ku aranjeun ieu jelema ayeuna geus cageur. Ieu teh ku sabab percaya ka Yesus, percaya kana jenengana-Na.

17Dulur-dulur! Kaula terang, pang aranjeun jeung para pamingpin karitu kalakuan ka Yesus teh bawaning ku kabodoan.

18Tapi eta kabodoan aranjeun teh jadi jalan laksanana dawuhan Allah, anu baheula didawuhkeun ka nabi-nabi, yen Kristus utusan Mantenna teh bakal dikaniaya.

19Ku sabab kitu ayeuna aranjeun teh kudu tarobat, kudu marulang deui ka Allah sangkan ku Mantenna dihampura. Upama aranjeun tarobat,

20rohani aranjeun ku Pangeran bakal disegerkeun. Mantenna bakal ngutus Yesus ka aranjeun, sabab Yesus teh memang geus diajangkeun jadi Raja Salam pikeun nyalametkeun aranjeun.

21Yesus kudu tetep di sawarga nepi ka sagala perkara ku Allah dianyarkeun, sakumaha anu ku Allah geus diandikakeun ka nabi-nabi suci.

22Musa baheula ngalahir kieu, ‘Pangeran Allah maraneh bakal ngutus hiji nabi asal ti maraneh keneh, sakumaha Mantenna ge geus ngutus ka kami. Sagala kasaurana-Na ku maraneh kudu diturut.

23Sing saha anu teu nurut ka eta nabi bakal dibasmi, disingkirkeun ti kalangan umat Allah.’

24Kitu deui nabi-nabi anu ngemban pangandika Allah, mimiti ti Nabi Samuel nepi ka nabi-nabi sapandeurieun anjeunna, kabeh geus ngembarkeun ti heula sakur anu geus kajadian dina jaman ayeuna.

25Jangji-jangji Allah anu diucapkeun ku nabi-nabi teh pikeun aranjeun. Perjangjian Allah anu diayakeun jeung karuhun-karuhun aranjeun teh pikeun aranjeun ongkoh. Kieu eusina perjangjian Allah ka Ibrahim, ‘Ku jalan turunan maneh, Kami bakal ngaberkahan sakumna manusa di bumi.’

26Eta sababna, Allah ngutus Abdi-Na teh ka aranjeun heula, pikeun nobatkeun aranjeun sangkan ninggalkeun kalakuan anu jahat, supaya bisa meunangkeun berkah Mantenna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel