Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kisah Para Rasul 4 >> 

1Sabot Petrus jeung Yohanes sasauran ka jalma rea, ngadak-ngadak didatangan ku imam-imam kapala dibarengan ku kapala pangawal Bait Allah jeung urang Saduki.

2Maranehna arambekeun dumeh saur Petrus jeung Yohanes ka jalma-jalma, Yesus geus gugah tina pupusna, anu hartina nu maraot teh bakal harirup deui.

3Eta dua rasul ditangkep. Ku lantaran harita geus peuting, aranjeunna ditahan heula di jero panjara, ngadago isuk.

4Tapi loba jelema anu palercaya kana kasauran aranjeunna. Anu palercaya ka Yesus jumlahna geus aya kira-kira lima rebu urang.

5Poe isukna para pamingpin Yahudi, para kokolot, jeung guru-guru agama karumpul di Yerusalem,

6diluuhan ku Imam Agung Anas jeung Kayapas, Yohanes, Aleksander, jeung salian ti eta anu kaasup ka kulawarga Imam Agung.

7Petrus jeung Yohanes dijagragkeun tuluy dipariksa, "Kumaha carana maraneh nyageurkeun ieu jelema teh? Make kawasa naon, atawa nyambat ngaran saha?"

8Petrus ngawaler, kadorong ku Roh Suci, "Para pamingpin bangsa sareng para sesepuh sadaya!

9Upami anu dipariksakeun teh perkawis nulungan jalmi lumpuh sareng perkawis nyageurkeunana,

10mugi kauninga ku Juragan-juragan sareng ku sakumna urang Israil, yen ieu jalmi anu nangtung di payuneun, jadina sehat waluya teh ku kakawasaan Yesus Kristus urang Nasaret, anu ku Juragan-juragan parantos disalib, nanging parantos digugahkeun ku Allah tina pupusna.

11Dupi Yesus teh nya eta anu ku Kitab Suci disebat kieu, ‘Batu anu dipiceun ku aranjeun tukang-tukang wawangunan, nyatana mah jadi batu anu pangpentingna.’

12Anjeunna, sareng mung Anjeunna bae anu tiasa nyalametkeun manusa teh. Di saalam dunya teu aya deui manusa anu ku Allah dipaparin kawasa nyalametkeun, mung Yesus Kristus."

13Kasonagaran Petrus jeung Yohanes matak ngarenjag Mahkamah; sakaterang maranehna, Petrus jeung Yohanes teh jalma-jalma basajan bae, lain anu palinter. Kakara ku Mahkamah kapikir yen Petrus jeung Yohanes teh anu sok babarengan jeung Yesus.

14Tapi Mahkamah teu bisa majar kumaha sabab aya bukti, jelema anu dicageurkeunana jonghok.

15Dua rasul teh ku Mahkamah dikaluarkeun heula ti jero sidang, tuluy perkarana dibarempugkeun.

16Salaurna, "Kudu dikumahakeun eta dua jelema teh? Teu bisa dipungkir mujijatna sakitu tetelana ka sakumna urang Yerusalem.

17Ayeuna, supaya hal eta ulah terus nerekab, eta dua jelema urang ancam teu meunang nyarita nyebut-nyebut deui ngaran Yesus."

18Petrus jeung Yohanes disaur deui, tuluy diancam teu meunang cacarios atawa ngawulang nyebut jenengan Yesus.

19Petrus jeung Yohanes ngawaler, "Para Juragan kantun nimbang-nimbang, mana anu sapagodos sareng pangersa Allah, kedah tunduk ka Juragan-juragan atanapi kedah tumut kana timbalan Allah.

20Sim kuring moal tiasa upami dugi ka henteu nyanggemkeun perkawis eta, anu parantos katingal sareng kakuping pribadi."

21Mahkamah beuki ngancam; tapi ngan semet kitu, teu bisaeun ngahukum, lantaran jalma-jalma anu narenjo eta mujijat kabeh maruji ka Allah. Tungtungna Petrus jeung Yohanes dibebaskeun.

22Jelema anu kakara cageur ku jalan ajaib tea umurna geus opat puluh taun leuwih.

23Sanggeus bebas, Petrus jeung Yohanes terus mendakan pakumpulanana. Sagala kasauran imam-imam kapala jeung para kokolot teh dicarioskeun.

24Geus kitu pakumpulan teh samiuk neneda ka Allah, kieu panedana, "Nun Pangeran, Gusti nu ngadamel langit, bumi, laut sareng saniskanten eusina!

25Gusti kapungkur ngandika ku Roh Suci ka Daud kawula Gusti karuhun abdi sadaya. Ku anjeunna disaurkeun kieu, ‘Eta jelema-jelema anu henteu nyarembah ka Allah, ku naon amarah? Eta bangsa-bangsa, ku naon ngareka perkara anu mubadir?

26Raja-raja di bumi tatan-tatan, pamingpin-pamingpin sakait, rek ngalawan ka Pangeran jeung ka Kristus-Na.’

27Margi saleresna Herodes, Pontius Pilatus, sareng jalmi-jalmi anu henteu nyarembah ka Allah kitu deui urang Israil, di ieu kota parantos karumpul bade ngalawan ka Yesus, Abdi Suci Gusti, anu ku Gusti dijenengkeun Jurusalamet.

28Maranehna parantos rempug bade ngahalang-halang perkawis anu ku Gusti parantos ditangtos baris kajadian.

29Nun Pangeran, tingali kumaha ngancamna maranehna ka abdi sadaya. Mugi abdi-abdi sadaya para kawula Gusti dikersakeun taya kasieun nyanggemkeun pangandika Gusti.

30Mugi ku pitulung Gusti abdi-abdi tiasa nyageurkeun anu aludur, sareng ku kawasana jenengan Yesus Kristus Abdi Suci Gusti, tiasa ngayakeun hal-hal anu ajaib sareng mujijat-mujijat anu luar biasa."

31Tamat pakumpulan nenedana, tempat anu keur dipake kumpul teh inggeung. Aranjeunna dieusian Roh Suci, jadi kacida laludeungna nguarkeun pangandika Allah.

32Pakumpulan anu palercaya teh estu saniat sapikir, sabanda saboga. Harta bandana sorangan ge teu diaku bogana pribadi, sagala pangabogana dipake keur kapentingan babarengan.

33Ari rasul-rasul mertelakeun hal gugahna Gusti Yesus tina pupus teh gede pisan pangaruhna sarta kacida diberkahanana ku Allah.

34Di eta pakumpulan teh taya pisan saurang oge anu hirupna kakurangan. Nu baroga lahan atawa imah dijarual,

35beubeunanganana diserenkeun ka rasul-rasul, duitna dibagi-bagi, gedena panta-panta nurutkeun pangabutuh masing-masing.

36(4:36-37) Yusup oge anu turunan Lewi asal Siprus, anu ku rasul-rasul dilandi Barnabas (hartina "Panglipur"), ngajual lahan milikna, duitna diserenkeun ka rasul-rasul.

37(4:36)


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kisah Para Rasul 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel