Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Kolose 1 >> 

1(1:1-2) Dumateng dulur-dulur di Kolosa, umat Allah anu saratia ka Kristus. Sim kuring Paulus anu ku Allah dikersakeun jadi rasulna Yesus Kristus, jeung Timoteus, ngadoakeun mugia dulur-dulur dipaparin rahmat rahayu ku Allah, Rama urang.

2(1:1)

3Keur waktu mangnedakeun aranjeun, sim kuring muji sukur dina paneda ka Allah, Rama-Na Gusti urang Yesus Kristus,

4reh nguping warta aranjeun percaya ka Kristus jeung mikanyaah ka sakabeh umat Allah.

5Dulur-dulur bisa percaya jeung nyaah kitu teh kajurung ku pangarep-arep kana hal anu ku Allah disadiakeun di sawarga, sakumaha anu ditetelakeun ku amanat anu ngandung kayaktian, nya eta Injil Kasalametan anu katarima ku aranjeun tea.

6Warta ti Allah teh geus sumebar mawa berkah rahmat Allah ka sakuliah dunya, sakumaha anu katampa ku aranjeun basa mimiti ngadenge hal eta bari tuluy dilenyepan nepi ka terang.

7Aranjeun terang teh ti Epapras, kanyaah sim kuring sasama ngawula, anu satia ngalakonan gawe ti Kristus nyuluran sim kuring.

8Nya ti anjeunna sim kuring terang yen aranjeun teh ku Allah dipaparinan kanyaah saperti kitu.

9Ti barang nguping hal kaayaan aranjeun kitu, sim kuring teu kendat neneda nyuhunkeun ka Allah supaya Roh-Na nyaangan hate aranjeun sangkan ngarti enya-enya kana pangersa-Na,

10sarta salawasna sanggup ngalampahkeunana, sapuk jeung manah-Na. Lamun kitu dulur-dulur teh salawasna bakal tunduk kana sakersa Allah, bisa ngajalankeun sagala kahadean jeung beuki terang ka Allah.

11(1:11-12) Mugi tekad dulur-dulur dikuatkeun ku kaagungan kawasa Allah, sanggup jeung sabar tawekal nandangan sagala cocoba, dibarengan ku kabungah jeung pamuji sukur ka Rama, anu mikersa supaya aranjeun layak meunang bagian ti nu geus disadiakeun pikeun umat-Na di karajaan caang.

12(1:11)

13Urang ku Mantenna geus dijait tina genggeman kawasa poek, salamet dicandak ka karajaan Putra-Na kaasih,

14anu geus ngabebaskeun urang, tegesna ngahampura dosa-dosa urang.

15Kristus teh wujudna Allah nu teu katingal. Anjeunna unggul ti sakabeh mahluk, jadi Putra cikal.

16Sabab nya ku Anjeunna Allah ngajadikeun saniskara nu aya di langit jeung di bumi, nu katingal jeung nu teu katingal, kaasup roh-roh kawasa, pupunjungan-pupunjungan, pangawasa-pangawasa jeung sakur anu nyakrawati di dalam gaib. Sakumna alam ciciptan Allah diwujudkeunana teh ku Kristus jeung keur Kristus.

17Samemeh nu sejen aya, Kristus mah geus aya, sarta nya ku karana Kristus sakumna nu aya teh marentah di tempatna masing-masing.

18Ari jeung gareja, Kristus teh lir sirah jeung awak. Anjeunna teh sirah gareja, sumber hirupna gareja, ari gareja nya eta raga salira Anjeunna. Kristus teh Putra cikal, anu geus digugahkeun deui tina kakawasaan maot, pikeun jadi Nu pangpunjulna ti antara sakabeh.

19Nya Allah ku manten anu nangtoskeun supaya sakumna sipat Allah tumerap ka Anjeunna, Putra-Na.

20Seug eta Putra-Na teh dianggo jalan supaya sakur nu aya di satungkebing langit jeung di satangkaraking jagat mulang deui kana cepengan Mantenna. Nya ku Putra-Na anu nepi ka pupus lantaran disalib, sakumna nu aya di bumi jeung di sawarga bisa diangken hade deui ku Allah.

21Dulur-dulur teh asalna mah jauh ti Allah, musuh Mantenna lantaran jahat kalakuan jeung pipikiran.

22Tapi ku ajal Putra-Na, ayeuna dulur-dulur ku Allah teh diangken, rek dicandak ka payuneuna-Na dina kaayaan geus suci murni taya kuciwa.

23Ku sabab kitu aranjeun tangtu kudu satia, kudu pangger, ulah leupas tina pangarep-arep anu ditetelakeun ku warta ti Allah tea. Eta warta teh geus diembarkeun ka saban jelema saalam dunya. Nya ku karana hal eta nu matak sim kuring ge, Paulus, jadi hiji kawula purah ngawawarkeunana.

24Sim kuring sangsara keur kasalametan aranjeun teh bungah, sabab ku nyorang sangsara lahir teh sim kuring sarua jeung nganggeuskeun kasangsaraan Kristus anu ngupayakeun kasalametan gareja-Na, atawa raga salira-Na tea.

25Allah miwarang sim kuring ngawulaan gareja ngalakonan parentah-Na keur kasalametan aranjeun. Jadi sim kuring teh wajib ngawawarkeun amanat Mantenna saweuteuhna.

26Eta amanat Allah anu geus mangabad-abad dirasiahkeun ka sakumna manusa teh ayeuna geus ditembrakkeun ka umat-Na.

27Mantenna seja mintonkeun eta rasiah ka umat-Na, anu nya jembar nya agung pikeun sakumna jelema, nya eta: Kristus aya di jero hate aranjeun, tegesna aranjeun bakal aya di jero kamulyaan Allah.

28Ku sabab kitu Kristus teh ku sim kuring kudu dimashurkeun ka unggal jelema. Sim kuring kudu ngawurukan, ngajar sabisa-bisa bari ngetrukkeun kanyaho, supaya unggal jelema bisa dideuheuskeun ka payuneun Allah dina kayaan sampurna rohanina lantaran geus ngahiji jeung Kristus.

29Supaya ieu tujuan kahontal, sim kuring digawe banting tulang ngagunakeun tanaga anu ditunjang ku kakawasaan Kristus anu barangdamel di jero hate.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Kolose 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel