Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Lukas 18 >> 

1Geus kitu Yesus nyarioskeun ieu misil ka murid-murid, pikeun ngajar supaya maranehna salawasna rajin neneda jeung ulah leutik hate.

2Kieu saur-Na, "Di hiji kota aya hiji hakim anu teu sieuneun ku Allah jeung teu padulian ka batur.

3Di kota eta keneh aya hiji randa anu ngan pulang-anting bae ka eta hakim, menta dibelaan perkarana, pokna, ‘Tulungan abdi mayunan lawan!’

4Lila eta hakim teh embungeun ngadenge pamentana, tapi tungtungna ceuk hatena, ‘Najan aing teu sieun ku Allah jeung teu padulian ka batur ge,

5tapi ku sabab ieu randa kacida ngagangguna, keun ku aing rek dibela, sabab lamun henteu manehna bakal datang deui, datang deui, musingkeun aing!’"

6Saur-Na deui, "Tengetan omongan eta hakim anu teu bener teh!

7Ku sabab kitu, naha enya Allah moal kersaeun ngabelaan ka umat-Na ku manten anu beurang peuting nyambat pitulung-Na? Naha enya bakal talangke nulungan ka umat-Na?

8Sing percaya: Mantenna bakal gancang ngabela perkara maranehna. Tapi engke dina waktu Putra Manusa sumping, naha bakal mendak jelema anu percaya di ieu bumi?"

9Yesus nyarioskeun deui ieu misil, pikeun jelema-jelema anu ngarasa dirina sorangan jelema hade, ari ka nu lian ngahandapkeun.

10Kieu misil-Na: "Hiji mangsa aya dua jelema arindit ka Bait Allah rek neneda; nu saurang urang Parisi, nu saurang deui tukang mulung pajeg.

11Urang Parisi nangtungna misah, nenedana kieu, ‘Nun Allah, sim kuring muji sukur ka Anjeun, dumeh sim kuring henteu sami sareng jalmi sanes, anu sararakah, anu teu jalujur, anu sok jarinah. Sim kuring muji sukur lantaran henteu sapertos itu, tukang mulung pajeg.

12Sim kuring mah sok puasa saminggu dua kali, sareng sok nyanggakeun perpuluhan tina sagala pangasilan sim kuring.’

13Ari tukang mulung pajeg nangtungna di nu jauh, jeung nenedana mani ngeluk teu wani tanggah, bari ngusap-ngusap dadana. Kieu nenedana, ‘Nun Allah, sim abdi nyuhunkeun piwelas, rumaos jalmi doraka!’

14Sing percaya," saur Yesus, "waktu maranehna balik ka imah, anu bakal dibenerkeun ku Allah teh tukang mulung pajeg, lain urang Parisi. Sabab saha-saha anu ngagulkeun diri sorangan bakal dikahandapkeun, saha-saha anu ngahandapkeun diri sorangan bakal dijungjung."

15Aya anu daratang marawa anakna anu laleutik keneh ka Yesus, supaya ku Anjeunna dicabak. Ku murid-murid dicarekan teu meunang karitu.

16Tapi barudak teh ku Yesus disalaur. "Ingkeun ieu barudak teh sina ka Kami," saur-Na, "ulah dihalang-halang. Sabab nya jelema anu hatena kawas ieu barudak anu bakal jadi umat Karajaan Allah teh.

17Saha-saha anu hatena henteu cara hate barudak leutik, moal bisa jadi umat Karajaan Allah."

18Aya hiji pamingpin urang Yahudi naros ka Yesus, "Pa Guru nu sae manah, sim kuring teh kedah kumaha supaya tiasa nampi hirup anu langgeng?"

19Waler Yesus, "Ku naon Kami disebut hade hate? Anu sae manah mah teu aya deui ngan Allah.

20Anjeun terang kana timbalan-timbalan anu kieu: ‘Maneh ulah jinah; maneh ulah maehan; maneh ulah maling; maneh ulah nuduh teu karana nyata; sing hormat ka bapa jeung ka indung.’"

21Jawabna, "Sumuhun, eta parantos dilakonan ti ngongora."

22Lahiran Yesus, "Aya saperkara deui anu kudu dilakonan. Jualan kabeh babandaan, duitna sidekahkeun ka nu mariskin, supaya meunangkeun harta anu di sawarga, tuluy ka dieu anut ka Kami."

23Dilahiran kitu eta jelema mani ngaheruk, kawantu kacida beungharna.

24Ningali kanalangsaan manehna Yesus ngalahir, "Kacida banggana jelema beunghar asup ka Karajaan Allah teh!

25Babari keneh onta moncor kana liang jarum ti batan nu beunghar asup ka Karajaan Allah."

26Ngadarenge saur-Na kitu jelema-jelema naranya, "Upami kitu, atuh saha nu pisalameteun?"

27Waler Yesus, "Perkara anu mustahil di jelema, Allah mah iasaeun bae."

28Piunjuk Petrus, "Tingali! Abdi-abdi parantos ngantunkeun saniskanten, ngiring ka Bapa."

29"Bener," waler Yesus. "Jeung sing percaya, saha-saha anu iklas ninggalkeun imahna atawa pamajikanana, atawa dulur-dulurna, atawa indung bapana atawa anak-anakna tina sabab Karajaan Allah,

30bakal nampa sababaraha patikelaneun di jaman ayeuna, jeung bakal hirup langgeng di jaman engke."

31Murid-murid ku Yesus dicandak nyisi, sarta Anjeunna tuluy ngalahir ka maranehna, "Darengekeun! Ayeuna urang keur ka Yerusalem. Di ditu, naon-naon anu geus ditulis ku nabi-nabi tina hal Putra Manusa bakal kajadian.

32Anjeunna bakal diserenkeun ka bangsa anu anutna lain ka Allah, pada moyok, pada ngahinakeun, jeung pada nyiduhan,

33tuluy dirangket, tungtungna dipaehan. Tapi sanggeus tilu poe ti semet eta bakal hirup deui."

34Tapi murid-murid-Na teu ngalartieun naon-naon kana hal eta, maranehanana paroekeun, pilahir Yesus teh henteu kajudi maksudna.

35Sanggeus Yesus meh sumping ka kota Yeriho, aya nu lolong keur diuk musapir di sisi jalan.

36Ngadenge loba jelema ngaliwat manehna nanyakeun, "Aya naon?"

37Dijawab, "Yesus urang Nasaret keur ngalangkung."

38Gero manehna sasambat, "Nun Yesus, Putra Daud, sing hawatos ka abdi!"

39Ku anu laleumpang panghareupna dicarek, dititah repeh, tapi sasambatna leuwih tarik, "Nun Putra Daud! Masing hawatos ka abdi!"

40Yesus ngarandeg, nu lolong teh dipiwarang dicandak ka Anjeunna. Sanggeus aya di payuneuna-Na ku Anjeunna dipariksa,

41"Hayang dikumahakeun ku Kami teh?" Jawabna, "Juragan, abdi teh hayang tiasa ningal deui."

42Saur Yesus, "Heug, sing bisa nenjo deui! Maneh geus cageur lantaran percaya."

43Sapada harita keneh ge bisaeun nenjo, terus ngiring ka Yesus bari muji ka Allah. Jelema rea nu harita nyaraksian oge tuluy maruji ka Allah.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Lukas 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel