Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Lukas 5 >> 

1Dina hiji poe Yesus keur ngadeg di sisi Talaga Genesaret. Jalma-jalma anu rek ngadarengekeun pangandika Allah ngarangseg harayang deukeut ka Anjeunna.

2Keur kitu Anjeunna ningali dua parahu keur ditarik ka sisi talaga, ari tukang-tukang ngala laukna geus tarurun, keur meresihan.

3Yesus tuluy naek kana hiji parahu, bogana Simon, bari mundut supaya parahuna diwelah rada ka tengah. Gek Anjeunna linggih dina eta parahu seug ngawulang ka jalma rea.

4Rengse ngawulang Anjeunna ngalahir ka Simon, "Ieu parahu katengahkeun deui ka nu jero, pasang deui jaringna jeung batur, ngala lauk."

5Ceuk Simon, "Parantos sawewengi abdi-abdi ngala lauk teh, Juragan! Nanging henteu kekengingan. Ayeuna ku margi Juragan miwarang, mangga jaring bade dipasang."

6Prak maranehna nurunkeun jaring. Lauk anu beunang kacida lobana, jaringna mani meh bedah.

7Tuluy nyalukan deui babaturanana menta dibantuan. Seug dibarantuan ngangkatan lauk. Parahu duanana meh ngalelep bawaning pinuh ku lauk.

8Nenjo kitu, brek bae Simon mendek payuneun Yesus tuluy miunjuk, "Gusti, enggal abdi kantunkeun. Abdi teh jalmi gede dosa!"

9Simon jeung nu ngabaturanana mani barengong narenjo lauk beubeunanganana sakitu lobana.

10Nya kitu deui babaturan Simon, anak Sebedeus, nya eta Yakobus jeung Yohanes. Saur Yesus ka Simon, "Ulah sieun; ti semet ayeuna maneh bakal ngala jelema."

11Geus kitu maranehna marilu ka Yesus. Parahuna ditarik ka sisi, tuluy ditaringgalkeun jeung eusi-eusina.

12Hiji mangsa Yesus aya di hiji kota. Di dinya aya hiji jelema, awakna ruksak ku lepra. Barang breh nenjo Yesus brek mendek tuluy ngalengis, "Gusti, upami Gusti kersa, Gusti tangtos iasa nyageurkeun kasakit abdi!"

13Yesus nyabak kana awakna tuluy ngalahir, "Kami daek, geura cageur!" Harita keneh kasakitna leungit.

14Eta jalma ku Yesus dilahiran, "Ulah bebeja ka saha-saha, terus bae ka imam menta dipastikeun yen maneh geus cageur. Tuluy haturkeun kurban sakumaha anu diparentahkeun ku Musa."

15Sanajan kitu ge Yesus beuki kautarakeun bae. Jelema-jelema ngaleut rek ngarupingkeun Anjeunna jeung harayang dicalageurkeun kasakitna.

16Tapi Anjeunna mah geus angkat ka tempat anu sepi, sembahyang.

17Dina hiji poe waktu Yesus keur ngawulang, aya sawatara urang Parisi jeung guru-guru agama daratang ti kota-kota, ti Galilea, ti Yudea, jeung ti Yerusalem, marilu dariuk. Yesus kenging kawasa ti Pangeran pikeun nyageurkeun anu keuna ku kasakit.

18Aya anu ngagotong jelema lumpuh dina bale-bale, seseleke rek asup ka jero imah ka payuneun Yesus.

19Tapi teu barisaeun norobos lantaran jelema kacida lobana. Tungtungna nu lumpuh teh dibawa naek ka luhur hateup, hateupna dibuka nyieun liang, nu geringna tuluy diulur jeung bale-balena ka handap, meneran ka tengah-tengah riungan payuneun Yesus.

20Barang Yesus uningaeun yen kapercayaan maranehna sakitu mantepna, seug ngalahir ka nu lumpuh, "Dosa hidep dihampura, dulur!"

21Guru-guru agama jeung urang Parisi mimiti ngaromong dina hatena, "Saha ieu jelema teh bet ngahina ka Allah? Ngan Allah anu kawasa ngahampura dosa mah!"

22Yesus uninga kana pikiran maranehna, tuluy ngalahir, "Ku naon pikiran aranjeun kitu?

23Babari mana nyebutkeunana: ‘Dosa-dosa hidep dihampura’, atawa: ‘Geura nangtung tuluy leumpang’?

24Tapi ayeuna ku Kaula rek dibuktikeun yen Putra Manusa teh di ieu dunya kawasa ngahampura dosa." Ti dinya Anjeunna ngalahir ka nu lumpuh tea, saur-Na, "Geura hudang, bale-balena angkat, jung geura balik!"

25Sapada harita keneh jung eta jelema nangtung hareupeun sarerea, bale-bale urutna ngedeng dipanggul, tuluy balik bari ngamulyakeun ka Allah.

26Jalma-jalma barengong! Hatena galimir, breng maruji ka Allah pokna, "Ajaib ieu kajadian anu ku urang kasaksi poe ieu!"

27Ti dinya Yesus angkat. Di jalan ningali hiji tukang mulung pajeg ngaranna Lewi, keur diuk di kantorna. Ku Yesus didawuhan, "Hayu milu ka Kami!"

28Lewi cengkat tuluy milu ka Yesus, ninggalkeun sagala rupa.

29Di imahna, Lewi ngayakeun pesta ngabageakeun Yesus. Semah-semahna kacida lobana, tukang-tukang mulung pajeg jeung salianna.

30Sawatara urang Parisi jeung guru-guru agama ti golonganana ngaweweleh ka murid-murid Yesus, pokna, "Ku naon maraneh bet daraek dahar bareng jeung tukang-tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema anu teu paruguh?"

31Diwalerna ku Yesus, "Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun.

32Kaula datang lain rek ngajak tobat ka anu marulya, tapi ka jelema-jelema anu dianggap hina."

33Aya anu naranya ka Yesus, "Murid-murid Yohanes sering puasa sareng sembahyang, nya kitu keneh murid-muridna urang Parisi. Dupi murid-murid Ajengan mah dahar nginum sabiasa."

34Waler Yesus, "Na bisa aranjeun nitah puasa ka tamu-tamu dina pesta kawin sapanjang ki panganten aya keneh dina riungan? Tangtu moal!

35Lamun ki panganten geus dibawa indit tina riungan, kakara maranehna paruasa."

36Geus kitu Yesus maparin misil kieu ka maranehna, "Moal aya anu nambal baju heubeul ku lawon tina baju anyar, sabab kudu nyoehkeun baju anyarna, padahal tambalan tina lawon baju anyar teh moal matak hade kana bajuna anu geus heubeul, samalah bakal mawa soeh deui anu heubeul.

37Jeung moal aya anu ngeusikeun anggur peresan anyar kana kantong kulit anu heubeul, sabab tangtu matak bedah eta kantong, anggurna kapiceun, kantongna ruksak.

38Anggur anyar wadahna ge kudu anyar!

39Jeung moal aya anu hayang nginum anggur peresan anyar sanggeus nginum anu geus lila, lantaran: ‘Anggur anu geus lila mah leuwih ngeunah,’ kitu saurna."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Lukas 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel