Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 13 >> 

1Poe eta keneh Yesus angkat ti eta imah ka sisi talaga, tuluy ngawulang di dinya bari calik.

2(13:2-3) Jelema nu kumpul kacida lobana nepi ka Anjeunna pindah calikna kana parahu, tuluy nyarioskeun rupa-rupa misil, didarengekeun ti darat. Aya hiji jelema indit nebarkeun binih.

3(13:2)

4Waktu tebar, binihna aya anu ragragan ka jalan, seug datang manuk maracokan eta binih nepi ka beak.

5Aya nu ragragan kana taneuh anu cadasan, taneuhna ipis. Eta binih tereh jadi lantaran taneuhna henteu jero,

6tapi sanggeus kasebrot ku panonpoe, binih nu kakara mentik teh ngulapes tuluy garing lantaran akarna henteu jero.

7Aya anu ragragan kana rungkun cucuk, rungkunna ngagedean, nepi ka ahirna binih teh kaheumpikan.

8Anu ragragna kana taneuh anu riduh jeung lendo, jadina alus sarta baruahan, hasilna aya nu saratus kalieun, genep puluh kalieun jeung tilu puluh kalieun asalna."

9Geus kitu saur-Na, "Lamun baroga ceuli pek ieu darengekeun!"

10Murid-murid naranyakeun ka Anjeunna, "Ku naon Bapa nyarios ka maranehna nganggo misil-misil?"

11Waler-Na, "Sabab maranehna tacan nyaraho kana rasiah-rasiah Karajaan Sawarga, ari maraneh mah geus dibere nyaho.

12Sabab saha-saha anu geus bogaeun bakal ditambahan nepi ka leuwih ti cukup, sabalikna anu teu bogaeun mah malah kabogana ge kajeun ngan saeutik bakal dicokot.

13Bapa nyarita ka maranehna ku misil, lantaran maranehna mah narenjokeun tapi teu narenjoeun, ngadarengekeun tapi teu ngadarengeeun, teu ngalartieun.

14Maranehna teh anu baheula diramalkeun kieu tea ku Yesaya: ‘Eta jelema-jelema, ngadarengekeun mah teu weleh, tapi moal datang ka ngarti. Narenjokeun ge teu weleh, tapi moal datang ka narenjo.

15Sabab uteukna geus mintul, geus nyocokan ceulina, meureum-meureumkeun panonna. Lamun teu karitu mah panonna tangtu narenjo, ceulina tangtu ngadarenge, uteukna tangtu ngalarti, tangtu bakal ngadareuheus ka Kami — timbalan Allah — geus tangtu ku Kami dicalageurkeun.’

16Maraneh mah kacida untungna! Panon narenjo, ceuli ngadarenge.

17Sing percaya ka Bapa, loba nabi jeung jelema-jelema nu aribadah ka Allah anu kacida harayangeunana narenjo anu katarenjo ku maraneh, tapi teu bisa. Loba anu harayangeun ngadenge anu geus kadarenge ku maraneh, tapi teu bisa."

18"Ayeuna darengekeun, raregepkeun, naon hartina eta misil anu tebar teh.

19Binih anu ragragan ka jalan, hartina: Amanat hal Karajaan Sawarga anu diwawarkeun ka jelema-jelema anu ngan semet ngadarengekeun, henteu malikiran. Amanat anu diwawarkeun ka maranehna teh dicabut ku Si Jahat.

20Binih anu ragragan kana taneuh ipis anu cadasan, hartina: Barang mimiti mah eta amanat teh ditarima reujeung suka,

21tapi henteu tahan lila sabab henteu sakumaha nyerepna kana hate nu narima. Sanggeus ngarasa yen nyekel eta amanat teh jadi diteungteuinganan ku sasama hirup, tuluy bae murtad.

22Binih anu ragragan kana rungkun cucuk hartina: Amanat teh ditarima, tapi kaelehkeun ku kasalempangan hirup jeung ku napsu hayang beunghar, henteu nepi ka buahan.

23Binih anu ragragna meneran kana taneuh anu riduh jeung lendo, hartina: Amanat teh ku nu ngadengena ditarima jeung dihartikeun, seug ngabuahkeun, aya nu saratus kalieun, nu genep puluh kalieun, jeung nu tilu puluh kalieun."

24Yesus nyarioskeun deui hiji misil: "Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nebarkeun bibit hade di lahanna.

25Dina hiji peuting waktuna jalma-jalma sarare, datang musuhna nyebarkeun bibit eurih dina eta lahan tuluy indit.

26Gandum jaradi geus mimiti ranggeuyan, eurih oge jadi.

27Bujang-bujangna popoyan, ‘Juragan, anu ditebarkeun teh pan binih sae. Ku naon jadi seueur eurih, ti mana dongkapna?’

28Jawabna, ‘Tangtu pagawean musuh.’ Ceuk bujang-bujangna deui, ‘Kumaha, kedah dicabutan eurihna?’

29Jawabna, ‘Ulah, bisi gandumna kacabut.

30Keun bae sina jaradi bareng. Engke dina waktu ngala, kami rek nitah ka nu digarawe nyabutan heula eta eurih sina dibeungkeutan keur durukeun, gandumna sina dikumpulkeun asupkeuneun ka leuit.’"

31Yesus nyarioskeun deui hiji misil: "Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya jelema nyebarkeun siki sasawi dina lahanna.

32Siki sasawi teh di antara sisikian mah panglembutna, tapi lamun geus jadi tangkalna teh panggedena ti sagala palawija, nepi ka dahan-dahanna bisa dipake nyayang ku manuk-manuk."

33Yesus nyarioskeun misil sejen deui: "Karajaan Sawarga teh ibarat kieu. Aya hiji awewe nyokot ragi, tuluy diadukkeun kana tipung opat puluh liter, seug adonanana beukah."

34Yesus nyariosna ka eta jelema-jelema teh kabeh ku misil, teu kersaeun mun lain ku misil.

35Pang midamel kitu teh ngalaksanakeun ucapan nabi baheula anu kieu: "Kami nyarita ka maranehna arek ku misil-misil, nyaritakeun hal-hal anu buni ti sajlegna dunya dijadikeun."

36Sanggeus Yesus ngantunkeun jalma rea jeung geus aya di bumi, murid-murid-Na nyalampeurkeun naranyakeun ka Anjeunna, "Dupi misil eurih di lahan gandum teh naon hartosna?"

37Saur Yesus, "Jelema anu nyebarkeun binih hade, nya eta Anak Manusa.

38Ari lahanna nya eta dunya ieu. Binih nu hade, nya eta jalma-jalma anu geus jaradi warga Karajaan Sawarga. Eurih, nya eta jelema-jelema anu aranut ka Iblis.

39Musuh anu melak eurih nya eta Iblis. Waktu ngala nya eta Poe Kiamat. Nu digarawe nya eta para malaikat.

40Sakumaha eurih tea dikumpulkeun jeung diduruk, nya kitu engke kaayaan dina Poe Kiamat teh.

41Anak Manusa bakal miwarang para malaikat-Na nyabutan sakur anu ngalantarankeun manusa jadi dosa, jeung sakur anu garoreng lampah, dicabutan ti Karajaana-Na,

42tuluy dialung-alungkeun ka jero pameuleuman anu keur hurung ngagedur-gedur, tingjarerit jeung huntuna tingkereket.

43Ari anu ngarabdi ka Allah mah bakal cahayaan kawas panonpoe, di Karajaan Allah Rama maranehna. Lamun baroga ceuli pek darengekeun!"

44"Jeung Karajaan Sawarga teh ibarat jelema anu nimu pependeman di hiji kebon, tuluy dirimbunan deui. Kacida atoheunana nepi ka tuluy ngajual sagala pangabogana dipake meuli eta kebon."

45"Jeung ibarat kieu Karajaan Sawarga teh. Aya jelema neangan mutiara anu alus.

46Sanggeus manggih mutiara anu luar biasa alusna, tuluy ngajual sagala harta bandana dipake meuli eta mutiara."

47"Jeung kieu ibaratna Karajaan Sawarga teh. Aya nu ngarala lauk di talaga make jaring. Rupa-rupa lauk kajaring.

48Sanggeus jaringna pinuh ku lauk tuluy diangkat, nu ngalana ngariung milihan lauk. Lauk nu aralus diasup-asupkeun kana wadah, anu taya mangpa’atna dipiceunan.

49Dina Poe Kiamat oge kitu, para malaikat bakal nyokotan jelema-jelema anu jarahat, dipisahkeun ti anu ngarabdi ka Allah

50tuluy digalebruskeun kana pameuleuman anu keur ngagudag-gudag, tingjarerit jeung huntuna tingkereket."

51Yesus mariksa ka murid-murid, "Kumaha maraneh ngalarti?" "Sumuhun ngartos," tembal murid-murid.

52Saur Yesus, "Tah kitu. Anu matak lamun unggal guru agama jadi warga Karajaan Sawarga, eta ibarat jelema anu ngabudalkeun barang sisimpenanana ti imahna, boh nu anyar boh nu heubeul."

53Sanggeus nyarioskeun eta misil-misil Yesus angkat ti dinya,

54ngabujeng ka kota tempat asalna, tuluy ngawulang di imah ibadah. Urang dinya kacida hareraneunana. Tuluy carek maranehna, "Ti mana meunang hikmat kitu eta jelema teh?

55Lain anak tukang kayu tea eta teh? Indung-Na lain Mariam? Bapa-Na lain Yusup? Dulur-dulur-Na pan Yakobus, Yusup, Simon jeung Yudas.

56Dulur-dulur-Na nu awewe oge pan di dieu, lain? Na ti mana manehna meunang nu kitu?"

57Ku sabab eta maranehna nolak ka Anjeunna. Saur Yesus ka maranehna, "Nu jadi nabi mah di mana-mana ge diajenan, kajaba di lemburna jeung ku kulawargana sorangan."

58Anjeunna di dinya mah henteu loba ngayakeun kaajaiban, lantaran urang dinya arembungeun percaya.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Matius 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel