Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 19 >> 

1Sanggeus nyarios kitu Yesus angkat ti Galilea ka daerah Yudea peuntaseun Walungan Yordan.

2Nu naluturkeun loba pisan, sarta anu gareringna ku Anjeunna dicalageurkeun di dinya.

3Aya urang Parisi anu nyalampeurkeun ka Anjeunna rek ngadoja, nyual kieu, "Ari Hukum Agama urang ngidinan lalaki nyerahkeun bojona ku lantaran naon bae?"

4Waler Yesus, "Naha aranjeun can maca Kitab Suci anu nyebutkeun yen waktu Khalik mimiti ngadamel manusa, ngadamelna teh lalaki jeung awewe?

5Jeung Allah nimbalan, ‘Ku hal eta lalaki bakal ninggalkeun indung bapana tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.’

6Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji. Ku lantaran kitu, anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa."

7Ceuk urang Parisi, "Geuning Musa ngayakeun aturan yen lalaki kudu mere surat talak ka pamajikanana anu diserahkeun?"

8Waler Yesus, "Musa ngidinan soteh nyerahkeun lantaran aranjeun hese pisan diajar. Keur jaman ngajadikeun mah teu aya aturan kitu.

9Nu matak Kaula ngabejaan: lalaki anu nyerahkeun pamajikan padahal pamajikanana henteu nyelewer, lamun kawin deui jeung awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed."

10Ari ceuk murid-murid ka Anjeunna, "Upami antawis salaki sareng pamajikan kitu sualna mah atuh langkung sae henteu kawin."

11Waler Yesus, "Pangajaran kieu lain keur unggal jelema, ngan keur anu geus dikersakeun ku Allah bae.

12Sababna jelema teu bisa kawin teh rupa-rupa, aya nu geus perbawa ti barang lahir, aya anu dilantarankeun ku pada jalma nepi ka teu bisa kawin, aya oge anu ku tekadna sorangan ngarah lugina kumawulana ka Allah. Anu bisa narima ieu pangajaran, pek lampahkeun kitu."

13Aya nu marawa barudak leutik ka Yesus sina ditumpangan panangan jeung didungakeun ku Anjeunna, tapi ku murid-murid dicarekan.

14Saur Yesus ka murid-murid, "Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dipegatan. Sabab Karajaan Sawarga teh nya pikeun jelema-jelema anu hatena saperti hate ieu barudak."

15Ti dinya barudak teh ditumpangan panangan jeung didungakeun. Geus kitu Anjeunna angkat ti dinya.

16Dina hiji poe aya budak ngora datang ka Yesus. "Pa Guru," carekna, "lampah kumaha anu sae, anu kedah dilakonan ku abdi supados tiasa kenging hirup langgeng?"

17Waler-Na, "Ku naon nanyakeun mana nu hade? Nu hade mah ngan Hiji. Ari hayang bisa meunangkeun hirup mah lampahkeun bae parentah-parentah Allah."

18"Parentah anu mana?" carekna deui. Waler Yesus, "Ulah maehan, ulah ngaranyed, ulah maling, ulah jadi saksi palsu,

19sing hormat ka indung bapa, jeung kudu nyaah ka batur cara ka diri sorangan."

20"Eta mah parantos dilakonan," ceuk eta budak ngora. "Kedah kumaha deui?"

21Waler-Na, "Ari hayang sampurna mah jual kabeh sagala kaboga hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin, geus kitu hidep ka dieu, tuturkeun Bapa."

22Dipiwarang kitu teh eta budak ngora balikna nguyung, sabab loba pisan harta bandana teh.

23Yesus ngalahir ka murid-murid, "Memang kacida hesena jelema beunghar mah asup ka Karajaan Sawarga teh.

24Sakali deui, ceuk Kami kacida hesena jelema beunghar asup ka Karajaan Sawarga, leuwih hese ti batan onta moncor kana liang jarum."

25Ngadarenge kitu teh murid-murid mani arolohok, tuluy naranya, "Upami kitu mah atuh saha nu tiasa salamet?"

26Yesus neuteup ka maranehna, geus kitu saur-Na, "Mustahil soteh ceuk manusa, keur Allah mah teu aya nu mustahil."

27Pihatur Petrus, "Tingali! Abdi-abdi parantos ngantunkeun sagala rupi, ngiring ka Bapa. Bakal kenging naon?"

28Waler-Na, "Sing percaya, engke dina Jaman Anyar, sarta Putra Manusa geus linggih dina tahta kamulyaana-Na, maraneh oge, dua welas urang panganut Kami bakal ngadiukan tahta, marentah ka dua welas kaom Israil.

29Jeung sing saha anu iklas najan kudu pisah ti imah, ti dulur lalaki, ti dulur awewe, atawa ti bapa, ti indung, ti anak, atawa ninggalkeun rajakaya lantaran leuwih beurat ka Kami, ganjaranana bakal saratus kalieun jeung diganjar hirup langgeng.

30Tapi nu ayeuna ti hareula, loba nu bakal jadi pandeuri. Anu ayeuna pandeuri, loba nu bakal jadi ti heula."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Matius 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel