Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 22 >> 

1Yesus nyarioskeun deui misil ka jalma rea.

2"Karajaan Sawarga teh saperti ieu misil. Aya hiji raja rek nikahkeun putra pamegetna.

3Miwarangan badega-badegana nyusulan ondangan sina geura daratang kana hajatna. Tapi nu disusulan arembungeun datang.

4Raja miwarangan badega-badega sejenna, nepikeun amanat ka para ondangan, ‘Hajat geus tarapti, geus mencitan sapi jeung anak sapi nu pangalusna, geus sadia sagala rupa. Mangga sarumping nungkulan hajat nikah.’

5Tapi nu diarondang teh arapi lain bae, tinglaleos ka pagaweanana, aya nu ka kebon, nu ka toko.

6Malah aya nu terus ngarejeng ka badega-badega teh, terus ditareunggeulan, diparaehan.

7Raja kacida benduna, tuluy ngirim balad numpes jelema-jelema nu maraehan, padumukanana dihuru.

8Tuluy nimbalan ka badega-badega, ‘Ieu hajat geus sakieu sadiana, tapi nu diarondang teh ayeuna mah geus teu layak ka darieu.

9Ku sabab eta pegat ka jalan-jalan gede, nu laliwat saha bae ajak ka dieu, sing loba.’

10Badega-badega arindit, sakur nu liwat, nu bageur nu jahat kabeh diajak kana pesta, balandongan hajat pinuh.

11Raja lebet ka balandongan ningalian. Ret katingalieun aya semah saurang anu henteu make pakean pesta,

12tuluy dipariksa, ‘Ki Sanak, ku naon henteu make pakean pesta?’ Jelemana ngabetem bae.

13Raja nimbalan ka abdi-abdina, ‘Barogod ieu jelema leungeunna jeung sukuna, alungkeun ka nu poek, sina ceurik nandangan sangsara.’"

14Saur Yesus deui, "Anu disaur mah loba, tapi anu kapilih ngan saeutik."

15Urang Parisi ngalaleos, tuluy badami rek ngajiret Yesus ku pertanyaan-pertanyaan.

16Ti dinya nitah murid-muridna nemonan Yesus dibarengan ku jelema-jelema golongan Herodes. "Pa Guru," ceuk maranehna, "abdi terang Bapa jalmi jujur. Bapa ngawurukkeun pangersa Allah ka manusa kalayan satarabasna, henteu inggis ku pamanggih nu sanes, margi Bapa mah henteu pandang harkat.

17Ku margi kitu, kumaha pamendak Bapa perkawis mayar pajeg ka Prabu Rum, ngarempak Hukum Agama urang atanapi henteu?"

18Yesus, anu uningaeun kana eta maksud julig ngawaler, "Eh, anu marunapek! Rek mancing kasalahan Kami maraneh teh?

19Coba kadieukeun duit anu ku maraneh sok dipake mayar pajeg!" Maranehna ngarasongkeun duit.

20"Gambar jeung jenengan saha ieu?" Yesus mariksa.

21"Prabu," jawab maranehna. Saur Yesus, "Bayarkeun ka Prabu nu kagungan Prabu, bayarkeun ka Allah nu kagungan Allah."

22Diwaler kitu maranehna ngaharuleng tuluy arindit.

23Dina poe eta keneh aya deui anu daratang ka Yesus, urang Saduki. Ieu golongan henteu percaya yen jelema bakal harudang deui tina maotna.

24"Guru," carekna, "Musa ngajarkeun, upama hiji jelema maot teu gaduh anak, randana kudu dikawin ku dulur nu maot supaya gaduh anak anu bakal diakukeun ka nu parantos maot tea.

25Kapungkur di dieu kantos aya tujuh jalmi adi lanceuk. Nu cikal kawin tuluy maot, urut bojona dikawin ku nu kadua.

26Nu kadua maot, awewena dikawin ku nu katilu, kitu bae saterusna nepi ka maraot tujuhanana.

27Ahirna awewena oge maot.

28Tah dina waktos nu maraot teh dihirupkeun deui, bojo saha eta awewe teh? Margi tujuhanana parantos ngawin manehna."

29Waler Yesus, "Aranjeun kacida kaliruna, lantaran tacan ngalarti kana Kitab Suci jeung kana kakawasaan Allah.

30Jelema sanggeus hirup deui tina paehna, kaayaanana bakal saperti malaikat di sawarga jeung moal kawin deui.

31Kumaha aranjeun tacan maca timbalan Allah ngeunaan dihirupkeunana deui anu maraot? Dawuhan Allah kieu,

32‘Kami teh Allahna Ibrahim, Allahna Ishak, jeung Allahna Yakub.’ Allah teh Allahna anu harirup, lain Allah pikeun nu paraeh."

33Jalma rea mah ngadenge eta piwulang teh kacida raresepeunana, mani arolohok.

34Barang urang Parisi meunang beja yen Yesus geus ngabungkem urang Saduki, tuluy bareng ngadatangan ka Anjeunna.

35Nu saurang guru agama Yahudi, nyual ka Anjeunna rek ngadoja,

36pokna, "Guru, parentah nu mana dina Hukum Agama anu pangutamana?"

37Waler-Na, "‘Masing nyaah ka Pangeran Allah maneh terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal.’

38Ieu parentah anu pangutamana jeung pangpentingna.

39Nu kadua sarua pentingna, nya eta: ‘Masing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan.’

40Sakabeh eusi Hukum Musa jeung pangajaran nabi-nabi lianna, gumantungna ka ieu dua parentah."

41Sabot urang Parisi di darinya keneh ku Yesus dipariksa,

42"Kumaha ari ceuk aranjeun, turunan saha ari Kristus?" "Turunan Daud," tembalna.

43"Lamun kitu," saur Yesus, "ku naon Roh Allah maparin ilham ka Daud supaya nyebut ‘Gusti’ ka Kristus? Geuning saur Daud oge:

44‘Pangeran ngadawuh ka Gusti kaula: Calik di dieu, katuhueun Kami, nepi ka sakabeh musuh Hidep taraluk nyaruuh ka Hidep.’

45Kumaha nu matak Kristus disebut turunan Daud, sabab Daud nyebut ka Anjeunna teh ‘Gusti’?"

46Maranehna teu bisa ngajawab sakecap-kecap acan ka Yesus. Ti semet harita teu aya anu wanieun deui nyual ka Anjeunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Matius 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel