Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mikha 1 >> 

1Ieu pangandika PANGERAN ka Mika, urang Moreset, waktu Yotam, Ahas jeung Hiskia patuturut jumeneng raja di nagri Yuda. PANGERAN maparinkeun ieu wahyu ka anjeunna, ngeunaan sagala perkara anu tumali jeung Samaria jeung Yerusalem.

2Eh bangsa-bangsa kabeh, darengekeun! Raregepkeun ku sakabeh pangeusi bumi! PANGERAN Nu Maha Agung baris jadi saksi ngalawan maraneh. Regepkeun! Mantenna ngandika ti bait-Na di sawarga.

3PANGERAN tereh sumping ti tempat-Na nu suci, lungsur angkat di puncak-puncak gunung.

4Gunung-gunung handapeun Mantenna laleyur kawas lilin leyur ku seuneu. Leleyuranana nyeot ka lebak-lebak, kawas cai nyeot ti lamping pasir.

5Ieu kabeh pasti kajadian, ku karana urang Israil geus migawe dosa jeung ngalawan ka Allah. Saha anu ngalantarankeun Israil jadi ngaralawan? Samaria, ibukotana sorangan! Saha nu ngalantarankeun nagri Yuda nyembah ka brahala? Yerusalem sorangan!

6Eta sababna PANGERAN ngandika, "Samaria ku Kami rek dijieun tumpukan barangkal di tegal, rek dijadikeun kebon anggur. Barangkalna rek diurug-urugkeun ka lebak, dasar-dasar pademenna sina nonggerak.

7Brahala-brahalana anu marahal rek diremuk-remukkeun, barang-barang pangabakti palacur-palacur kuil-kuilna kabeh rek diduruk, kitu deui arca-arca sesembahanana rek sina nalambru. Samaria pantes dihukum kitu, lantaran ibadahna ka dewa kasuburan. Ayeuna eta sesembahan-sesembahanana teh bakal diakut ku musuh-musuhna, pikeun kuil-kuil palacuranana."

8"Ku hal eta", saur Mika, "kaula rek midangdam, arek aluk-alukan. Rek leumpang ngider bari bulucun nandakeun sungkawa hate. Rek gagaukan cara ajag babaung, humarurung cara manuk onta.

9Samaria borokna moal aya nu bisa nambaan. Yuda oge bakal kitu. Balahi geus nepi ka lawang gapura Yerusalem, ka tempat bangsa kaula."

10Ieu kacilakaan urang poma ulah kabejakeun ka musuh urang di Gat. Maranehna ulah nyarahoeun urang ceurik. Eh urang Bet Le Apra, geura gugulingan dina kebul, nandakeun prihatin.

11Eh urang Sapir, geura jugjug pangbuangan bari sataranjang nandang kaera. Urang Saanan teu waranieun kaluar ti kotana. Mun maraneh ngadenge urang Bet Esel aluk-alukan, eta nandakeun yen di ditu geus euweuh enggon nyalindung.

12Urang Marot hariwang ngarep-ngarep pitulung, sabab PANGERAN geus nompokeun balahi ka Yerusalem.

13Eh urang Lakis, kareta-kareta perang maraneh geus pasangan kuda. Maraneh geus nurutan dosana urang Israil. Maneh nu jadi lantaran Yerusalem tigebrus kana dosa.

14Ari maraneh, urang Yuda, geura pamitan ti kota Moreset Gat. Raja-raja Israil moal meunang bantuan pitulung ti kota Aksib.

15Eh urang Maresa, maraneh bakal diselehkeun ka hiji musuh anu bakal ngarebut kota maraneh. Para pamingpin Israil bakal marubus ka guha Adulam.

16Eh urang Yuda, gundulan sirah maraneh, nandakeun kaleleban ku anak-anak kanyaah maraneh. Sing nepi ka barotak kawas manuk bangke, sabab anak-anak maraneh bakal digiring ka pangbuangan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mikha 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel