Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mikha 4 >> 

1Mangsa ka hareup, gunung tempat ngadegna Bait Allah pijadieun pangluhurna, ngawang-ngawang ngaluhuran sakabeh pasir. Loba bangsa-bangsa ngabrul ngajugjug ka dinya.

2Rahayatna ngaromong, "Hayu urang naranjak ka pasir PANGERAN, ka Baitna Allah Israil, karana Mantenna seja nerangkeun pamundut-Na, urang teh kudu kumaha. Urang bakal nempuh jalan nu dipilih ku Mantenna. Piwulang Mantenna teh kaluarna ti Yerusalem, diandikakeunana ka umat-Na ti Sion."

3PANGERAN bakal mutus perkara di tengah bangsa-bangsa, di antara nagri-nagri gede jauh deukeut. Pedang-pedangna ku maranehna dijieunan wuluku, tumbak-tumbakna dijieunan peso pangkas. Bangsa-bangsa moal perang deui, moal sasadiaan perang deui.

4Tiap jalma hirupna ayem tengtrem, bisa jongjon ngurus kebon anggur jeung kondang, moal manggih deui pikasieuneun. Kitu jangji ti PANGERAN Nu Maha Kawasa.

5Tiap bangsa anut ngabakti ka dewana masing-masing. Tapi urang mah ngabakti jeung ngabdi teh ka PANGERAN Allah urang, salalanggengna.

6"Geus deukeut mangsana," timbalan PANGERAN, "umat anu bareto ku Kami dihukum sarta sangsara di pangbuangan, ku Kami rek dikumpulkeun.

7Maranehna geus lalumpuh, tur jauh ti lemah cai. Tapi nu araya keneh ku Kami rek mimiti dipulihkeun, supaya jadi bangsa gede. Ti semet ayeuna, Kami anu baris ngatur maranehna di Gunung Sion salalanggengna."

8Sarta maneh Yerusalem, tempat Allah ngaraksa umat-Na lir pangangon ngaraksa dombana, pijadieun deui ibukota karajaan maneh, sakumaha tadina.

9Ku naon maneh ceurik mani jejeritan? Ku naon nepi ka ngarasa nyeri kawas awewe keur ngajuru? Naha lantaran maneh teu boga raja, jeung juru-juru nasehat maraneh paraeh?

10Eh urang Yerusalem, pek geura pepelengkingan jeung udah-aduh cara awewe keur ngajuru, lantaran ayeuna maraneh kudu kaluar ti kota, kudu harirup di tegal. Maraneh kudu arindit ka Babul. Sarta di ditu maraneh baris dijait ti leungeun musuh.

11Loba bangsa anu geus karumpul arek narajang ka maraneh. Ceuk maranehna, "Yerusalem kudu digempur! Urang tenjo runtagna!"

12Eta bangsa-bangsa teu nyarahoeun kumaha pikersaeun PANGERAN. Teu nyarahoeun, pangna maranehna dikumpulkeun teh pikeun narima hukuman, dijieun saperti gandum dibawa ka pangirikan terus diirik.

13PANGERAN ngandika, "Eh urang Yerusalem, geura iang, hukum musuh-musuh maraneh! Maraneh ku Kami rek dibere kakuatan lir banteng anu boga tanduk beusi jeung kuku tambaga, sanggup ngancurkeun bangsa nu loba. Kakayaan maranehna, beubeunangan katelengesanana, ku maraneh baris dijarah, tuluy disanggakeun ka Kami, PANGERAN sakubeng jagat."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mikha 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel