Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Markus 1 >> 

1Ieu Injil Kasalametan anu ngawartakeun Yesus Kristus, Putra Allah.

2Ungel mimiti eta warta sakumaha anu diserat ku Nabi Yesaya, kieu: "Allah ngandika, ‘Ieu utusan Kami ku Kami rek diutus heulaeun Hidep, sina nyadiakeun jalan pikeun Hidep.’

3Aya nu cumeluk di gurun keusik, ‘Sadiakeun jalan pikeun Pangeran! Jieun jalan anu lempeng pikeun Mantenna!’"

4Nya bukti di gurun keusik aya nu muncul, ngabaptis jeung ngawulang, nya eta Yohanes. Piwulangna kieu, "Geura tarobat, geura dibaptis, geus tangtu dosa maraneh dihampura ku Allah."

5Mangpirang-pirang jelema ti Yudea jeung ti kota Yerusalem daratang ngabarandungan piwulangna, terus ngaraku dosana, sarta tuluy ku anjeunna dibaptis di Walungan Yordan.

6Anggoan Yohanes tina bulu onta jeung nganggo sabuk kulit. Ari barangtuangna simeut jeung madu leuweung.

7Anjeunna ngumumkeun kieu, "Engke, pandeurieun kami bakal aya anu sumping tur leuwih agung batan kami. Pikeun dongko di payuneuna-Na ge, ngudaran tali tarumpah-Na, kami ngarasa teu layak.

8Kami ngabaptis maraneh teh ku cai, tapi Anjeunna mah ngabaptisna ka maraneh engke ku Roh Suci."

9Teu lila ti harita, Yesus oge ti Nasaret wewengkon Galilea sumping dibaptis ku Yohanes di Walungan Yordan.

10Barang timbul ti jero cai, Anjeunna ningali langit muka, sarta Roh Allah lungsur ka Anjeunna dina rupa manuk japati.

11Ti langit aya soara, ungelna, "Hidep teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami."

12Harita keneh manah Yesus digerakkeun ku Roh Allah, Anjeunna tuluy angkat ka gurun keusik,

13cicing di dinya opat puluh poe opat puluh peuting, digoda ku Iblis. Di tempat eta loba oge sato alas, tapi Anjeunna dilalayanan ku para malaikat.

14Sanggeus Yohanes dipanjara, Yesus angkat ka Galilea ngawawarkeun Injil Kasalametan ti Allah.

15Saur-Na, "Geura tarobat, geus waktuna, sabab Karajaan Allah geus meh ngadeg! Sing percaya kana ieu Injil Kasalametan!"

16Waktu Anjeunna keur angkat mapay sisi Talaga Galilea, ningali dua jelema adi lanceuk keur ngarala lauk, ngaranna Simon jeung Andreas.

17Ku Anjeunna diajak sareng, "Marilu ka Kami, engke ku Kami diajar ngala jelema."

18Harita keneh duanana marilu, heurapna diculkeun.

19Yesus angkat deui. Angkat can pati jauh ti dinya ningali deui dua jelema adi lanceuk, Yakobus jeung Yohanes anak Sebedeus, keur ngaromean heurap dina parahu.

20Harita keneh disaur tuluy marilu, ninggalkeun bapana dina parahu jeung kuli-kuli.

21Yesus sumping ka kota Kapernaum jeung murid-murid. Dina poe Sabat Anjeunna lebet ka imah ibadah, ngawulang.

22Cara Anjeunna ngawulang estu pikaresepeun anu ngabarandungan, beda ti guru-guru agama maranehna. Anjeunna mah ngajarna teh gede wibawana.

23Sabot kitu, aya hiji jelema anu kasurupan roh jahat asup ka jero imah ibadah bari cocorowokan,

24"Arek naon datang ka urang, Yesus urang Nasaret? Rek ngabinasa? Kuring nyaho Anjeun teh utusan anu suci ti Allah!"

25"Repeh maneh!" saur-Na ka eta roh jahat. "Geuwat kaluar ti eta jelema!"

26Sanggeus ngageubig-geubig kacida nemenna ka eta jelema, eta roh jahat teh tuluy nyingkah.

27Anu nyaraksian mani harookeun sarta tuluy ngaromong pada batur, "Wah, naon ieu? Pangajaran anyar, kitu? Kawasa temen eta jelema teh, roh-roh jahat dititah kalaluar teh mani narurut kitu!"

28Beja hal Yesus gancang pisan nerekabna ka mana-mana di sakuliah daerah Galilea.

29Yesus jeung murid-murid-Na kaluar ti imah ibadah, tuluy ka imah Simon jeung Andreas. Yakobus jeung Yohanes ge milu.

30Ari mitoha awewe Petrus keur gering muriang, aya di enggon bae. Jadi barang Yesus sumping jeung anu ngariring terus bae diwartosan.

31Anjeunna terus ningalian mitoha Petrus, leungeunna diangkat terus dibantu dihudangkeun. Rep muriangna cageur, tuluy cakah-cikih ngalalayanan.

32Sanggeus panonpoe surup jeung mimiti peuting, loba anu daratang ka Anjeunna mawa anu garering jeung anu kasarurupan roh jahat.

33Urang kota eta tumplek mani ngagimbung di buruan eta imah.

34Yesus terus nyageur-nyageurkeun anu garering loba pisan sarta panyakitna rupa-rupa. Roh-roh jahat anu nyurup ge ku Anjeunna diusiran, loba pisan. Eta roh-roh jahat ku Anjeunna teu diidinan ngaromong naon-naon, sabab geus nyarahoeun saha Anjeunna.

35Poe isukna subuh-subuh keneh Yesus kaluar ti eta imah, ngabujeng hiji tempat sepi di luar kota, sembahyang.

36Simon sabatur-batur nareangan.

37Sanggeus kapanggih maranehna arunjukan, "Bapa dipilarian ku sadayana."

38Tapi waler Yesus, "Urang kudu terus ka desa-desa sejen sakurilingeun ieu. Maranehna oge perlu ku Kami diwuruk, sabab kitu tujuan Kami datang teh."

39Geus kitu Anjeunna ngider ka sakuliah Galilea, ngawulang di imah-imah ibadah jeung ngusir roh-roh jahat anu nyurup ka jelema.

40Aya jelema lepra datang ka Anjeunna, sujud ka payuneuna-Na menta ditulungan. Pokna, "Manawi Juragan kersa, Juragan iasa nyageurkeun abdi."

41Manah Yesus welas pisan ka eta jelema, tuluy ngantelkeun panangana-Na kana awak eta jelema. "Heug, geura cageur," saur-Na.

42Les leprana leungit, awakna pulih beresih.

43Ku Anjeunna dipiwarang buru-buru indit ti dinya sanggeus diomat-omatan heula,

44saur-Na, "Kade ulah cacarita ka saha-saha perkara ieu, terus bae ka imam menta dipariksa awak, tuluy haturkeun kurban sakumaha anu diparentahkeun ku Musa, supaya tetela ka sarerea yen maneh geus cageur."

45Tapi eta jelema inditna teh terus cacarita ka ditu ka dieu teu eureun-eureun, nepi ka upama Yesus lebet ka kota moal iasa laluasa. Ku sabab eta Anjeunna di luar kota bae anu sarepi. Tapi jelema-jelema teu burung murubul ti mana-mana.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Markus 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel