Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Markus 10 >> 

1Yesus angkat deui ti eta tempat ka daerah Yudea, meuntasan Walungan Yordan. Di dinya ge dirubung-rubung deui ku jalma rea, sarta saperti biasana Anjeunna terus maparin piwulang.

2Urang Parisi ge aya nu daratang, niatna rek ngadoja ka Anjeunna. "Kumaha Hukum Agama urang ngidinan lalaki nyerahkeun pamajikanana?" maranehna nyual.

3Ku Yesus diwaler ku sual deui, "Parentah Musa ka aranjeun kumaha?"

4Jawabna, "Musa ngidinan lalaki nyerahkeun pamajikan, asal mere surat talak."

5Saur Yesus, "Musa pang ngayakeun aturan kitu ka aranjeun teh lantaran aranjeun hese pisan diajar.

6Sabab dina jaman mimiti mah, nya eta waktu Allah ngajadikeun manusa, ku Kitab Suci disebutkeun yen, ‘Allah ngadamel manusa teh lalaki jeung awewe.

7Ku hal eta, lalaki bakal ninggalkeun indung bapana, tuluy ngahiji jeung pamajikanana sarta duanana jadi satunggal.’

8Ku sabab kitu duanana geus lain dua deui, tapi hiji.

9Ku lantaran kitu anu geus dihijikeun ku Allah teu meunang dipisahkeun ku manusa."

10Sanggeus araya di imah, hal eta ku murid-murid ditanyakeun ka Anjeunna.

11Ari saur-Na, "Lalaki anu nyerahkeun pamajikanana tuluy kawin deui ka awewe sejen, eta lalaki teh ngaranyed ti pamajikanana.

12Kitu keneh awewe anu ninggalkeun salakina tuluy kawin ka lalaki sejen, eta awewe teh ngaranyed ti salakina."

13Aya nu marawa barudak leutik ka Yesus, sina ditumpangan panangan ku Anjeunna, tapi ku murid-murid dicarekan.

14Kauninga ku Yesus, seug murid-murid teh diseuseul, sarta saur-Na deui, "Ingkeun eta barudak teh sina ka Kami, ulah dipegatan, sabab Karajaan Allah teh nya pikeun jelema-jelema anu hatena saperti hate ieu barudak.

15Inget, jelema anu henteu narima kana Karajaan Allah saperti budak leutik, moal bisa asup ka eta Karajaan."

16Geus kitu eta barudak teh dirangkulan, ditumpangan panangan, diberkahan.

17Barang Yesus rek angkat neruskeun perjalanan, aya nu lumpat nyampeurkeun, terus deku di payuneuna-Na. "Pa Guru nu sae," carekna, "kedah kumaha lampah abdi supados kenging hirup langgeng?"

18Waler Yesus, "Ku naon Kami disebut hade? Jelema mah taya nu hade, ngan Allah bae.

19Hidep tangtu nyaho parentah-parentah anu kieu: Ulah maehan; ulah ngaranyed; ulah maling; ulah jadi saksi bohong; ulah nipu; sing hormat ka indung bapa."

20"Pa Guru," jawabna, "eta ku abdi parantos dilakonan ti aalit."

21Eta jelema ku Yesus dipeleng bangun nyaah. "Tinggal sarupa deui," saur-Na, "jualan kabeh babandaan hidep, duitna serenkeun ka kaom miskin supaya hidep beunghar di sawarga. Geus kitu ka dieu, tuturkeun Kami."

22Diwaler kitu teh beungeutna mani alum, terus undur bangun nalangsa, kawantu kacida beungharna.

23Yesus neuteup ka murid-murid, tuluy sasauran, "Hese naker jelema beunghar mah asup ka Karajaan Allah teh!"

24Murid-murid tingrarenjag. Tapi Yesus sasauran deui, "Barudak! Kacida hesena asup ka Karajaan Allah teh!

25Leuwih hese jelema beunghar asup ka Karajaan Allah ti batan onta moncor kana liang jarum."

26Murid-murid beuki arolohok, tuluy patanya-tanya, "Lamun kitu, saha nu bisa salamet?"

27Ku Yesus diteuteup kabeh. "Memang, sual eta pikeun jelema mah mustahil, tapi di Allah mah henteu. Allah mah sagala rupa ge iasa."

28"Pa Guru," ceuk Petrus, "abdi-abdi parantos ngantunkeun sagala rupi, teras ngiring ka Bapa."

29"Bener!" waler-Na. "Jeung saha-saha anu iklas ninggalkeun rumah-tanggana atawa ninggalkeun dulurna nu lalaki, nu awewe, atawa ninggalkeun indung atawa bapa atawa anak atawa pakaya lantaran beurat ka Kami jeung kana Injil Kasalametan ti Allah,

30dina jaman ieu bakal meunang gantina leuwih loba. Manehna bakal narima saratus kalieun: imah, dulur lalaki, dulur awewe, indung, anak, pakaya, nya kitu deui panganiayaan, sarta dina jaman nu bakal datang bakal narima hirup anu langgeng.

31Tapi ti nu ayeuna geus ti hareula loba nu bakal jadi pandeuri, sabalikna anu ayeuna ti pandeuri loba nu bakal jadi pangheulana."

32Yesus jeung murid-murid-Na keur di jalan ka Yerusalem. Yesus angkatna hareupeun murid-murid anu keur pinuh ku kahariwang, kitu deui sakur anu naluturkeun di tukang oge kabeh ngarasa risi. Yesus nyaur dua welas murid-Na sina dareukeut, tuluy nyarioskeun hal anu bakal kasorang ku Anjeunna.

33"Darengekeun," saur-Na, "urang ayeuna rek ka Yerusalem. Di ditu Putra Manusa teh bakal diserenkeun ka imam-imam kapala jeung ka guru-guru agama. Ku maranehna bakal diterapan hukum pati, tuluy diserenkeun ka bangsa nu lain Yahudi.

34Ku eta bangsa bakal dipoyok, diciduhan, dirangket, ahirna dipaehan. Tapi sanggeus tilu poe bakal hirup deui."

35Geus kitu Yakobus jeung Yohanes, anak Sebedeus, ngadeukeutan ka Anjeunna tuluy mihatur, "Pa Guru, abdi gaduh panuhun."

36"Naon," Yesus mariksa.

37Tembalna, "Upami Bapa parantos linggih dina tahta Karajaan Bapa anu mulya, abdi duaan nyuhunkeun tempat gedengeun Bapa, tengeneun sareng kiwaeun."

38Waler-Na, "Maraneh teu nyaho ka nu dipenta. Sanggup maraneh nginum lumur eusi kasangsaraan anu rek diinum ku Kami? Sanggup dibaptis ku baptisan anu rek dilakonan ku Kami?"

39Jawabna, "Sanggem." Saur Yesus, "Memang, maraneh ge bakal nginum eusi lumur anu ku Kami kudu diinum, jeung bakal dibaptis ku baptisan anu ku Kami kudu dilakonan.

40Tapi Kami henteu wenang nangtukeun anu kudu diuk di kenca katuhueun Kami. Eta tempat disadiakeunana ku Allah, pikeun jelema-jelema anu geus dikersakeun ku Mantenna."

41Murid-murid sejen ngadarenge eta pamenta teh arambekeun ka Yakobus jeung Yohanes.

42Ku sabab kitu Yesus ngalahir ka sarerea, "Maraneh nyaho, bangsa anu teu wawuh ka Allah mah nu jadi pamarentahna sakawenang-wenang, nu jaradi pamingpin-pamingpinna sakama-kama ka rahayatna teh.

43Maraneh mah ulah kitu. Lamun hayang jadi nu punjul kudu daek ngawula ka nu sejen,

44lamun hayang jadi nomer hiji kudu ngawula ka nu rea.

45Putra Manusa oge ka dunya teh lain hayang dikawulaan, malah rek ngawulaan jeung ngorbankeun nyawa-Na supaya loba jelema anu salamet."

46Sanggeus narepi ka Yeriho, sarta barang Yesus jeung murid-murid kitu deui jalma loba kaluar ti eta kota, aya nu lolong keur diuk baramaen sisi jalan, ngaranna Bartimeus, anak Timeus.

47Sanggeus nyahoeun yen aya Yesus urang Nasaret, tuluy bae gegeroan, pokna, "Yesus, Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!"

48Ku jalma rea disentak dititah jempe, tapi kalah ka beuki bedas, "Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!"

49Yesus liren sarta ngalahir, "Calukan ka dieu." Tuluy eta nu lolong teh dicalukan. Ceuk nu nareangna, "Sing senang! Maneh disaur ku Anjeunna!"

50Bartimeus ngalungkeun jubahna, jung nangtung tuluy nyampeurkeun ka Yesus.

51Yesus mariksa, "Hayang dikumahakeun ku Kami teh?" "Pa Guru," jawabna, "abdi hoyong tiasa deui ningal."

52"Heug, cageur! Sabab maneh percaya ka Kami," saur-Na. Dadak sakala manehna bisaeun nenjo, tuluy milu ngiring Anjeunna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Markus 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel