Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Markus 11 >> 

1Yesus jeung murid-murid geus dareukeut ka Yerusalem, geus aya di Betpage jeung Betania di Gunung Jetun. Ti dinya Yesus miwarang dua murid sina ti heula,

2sarta dilahiran kieu, "Maraneh kudu ka kampung itu di hareup. Sasupna ka ditu engke manggih anak kalde keur dicangcang, ngora keneh pisan tacan kungsi aya nu numpakan. Buka cangcangna, bawa ka dieu.

3Lamun aya anu nanyakeun maraneh keur naon, bejakeun rek dianggo heula ku Gusti, engke dipulangkeun deui."

4Nu dipiwarang bral arindit. Anak kalde kapanggih keur dicangcang kana panto imah di sisi jalan. Sabot maranehna keur muka panyangcangna,

5jelema-jelema anu keur narangtung di dinya naranya, "Hey, keur naraon? Ku naon dileupaskeun eta anak kalde teh?"

6Sanggeus disebutkeun sakumaha pesen Yesus, ku eta jelema-jelema dibikeun dibawa.

7Tuluy dihaturkeun ka Yesus, tonggongna disasarapan ku jubah maranehna, clak Anjeunna nitih.

8Jelema-jelema loba anu ngalamparkeun jubahna di jalan, nu sawareh deui ngalamparkeun dangdaunan beunang ngalaan ti kebon-kebon.

9Ger jelema-jelema nu di hareup nu di tukang sarurak, "Puji Allah! Mugia anu sumping kalawan pajenengan Pangeran diberkahan ku Allah!

10Mugia karajaan anu bakal ngadeg, Karajaan Daud karuhun urang, diberkahan ku Allah. Puji Allah!"

11Yesus lebet ka kota Yerusalem, terus lebet ka Bait Allah, ningalian sakurilingna. Tapi ku sabab harita geus burit, Anjeunna terus ngabujeng ka Betania jeung murid-murid-Na nu dua welas tea.

12Poe isukna, waktu Yesus kaluar ti Betania jeung murid-murid, Anjeunna ngaraos lapar.

13Ti kajauhan anjeunna ningali hiji tangkal kondang, daunna gomplok, tuluy dicaketan rek ditingalian sugan aya buahna. Tapi barang ditingalian teh ngan daun bae wungkul, sabab can usumna buahan.

14Yesus ngalahir ka eta tangkal kondang, "Ti semet ieu moal aya deui anu ngahakan buah maneh!" Kasaurana-Na kadarengeeun ku murid-murid.

15Sanggeus sumping ka Yerusalem Yesus lebet ka Bait Allah, tuluy ngusiran anu keur jarual beuli di dinya. Meja-meja tukang nalukeurkeun duit jeung bangku-bangku tukang ngajual japati dibalik-balikkeun,

16sarta jelema-jelema dilarang barangbawa ngaliwat pakarangan Bait Allah.

17Ti dinya saur-Na ka jalma rea, "Geus ditulis dina Kitab Suci, kieu dawuhan Allah, ‘Bait Kami bakal disarebut tempat paragi sembahyangna sagala bangsa.’ Tapi ari ku maraneh dijieun sayang begal!"

18Ucapan Anjeunna kadarengeeun ku imam-imam kapala jeung guru-guru agama. Maranehna tuluy nareangan jalan supaya bisa maehan Yesus. Maranehna rarisieun ku Anjeunna, sabab rahayat kabeh katarik ku pangajarana-Na.

19Sanggeus burit, Yesus jeung murid-murid-Na kaluar ti jero kota.

20Poe isukna isuk-isuk keneh Yesus jeung murid-murid geus araya di jalan. Tangkal kondang nu kamari teh kasampak geus garing jeung akar-akarna.

21Petrus ingeteun kana kajadian kamari di dinya, tuluy unjukan ka Yesus, "Tingali, tangkal kondang anu kamari disapa ku Bapa teh parantos paeh!"

22Waler Yesus, "Nu matak kudu percaya ka Allah.

23Kami ngabejaan: Saha bae ge bisa nitah ka ieu pasir sina ngajungjung terus ngunclungkeun maneh ka laut, tangtu kajadian. Tapi ulah cangcaya, kudu percaya enya-enya dina hate yen omonganana bakal kajadian.

24Ku sabab eta Kami ngabejaan, lamun maraneh neneda jeung aya anu dipenta, kudu percaya yen pamenta maraneh saenyana geus dikabul, menta naon ge tangtu dibere.

25Jeung lamun maraneh sembahyang, tapi boga kateungeunah ka batur, hampura heula eta batur teh, supaya kasalahan maraneh oge dihampura ku Rama nu di sawarga.

26[Lamun maraneh henteu ngahampura batur, kasalahan maraneh oge moal dihampura ku Rama nu di sawarga!]"

27Sanggeus sumping ka Yerusalem deui, sabot Yesus angkat-angkatan di jero Bait Allah, daratang imam-imam kapala, guru-guru agama, jeung para kokolot.

28Tuluy naranya ka Anjeunna, "Naon dasarna Anjeun migawe kitu? Meunang hak kitu ti saha?"

29Waler Yesus, "Kaula ge rek nanya ka aranjeun saperkara. Lamun kajawab, kakara pertanyaan aranjeun perkara hak Kaula dijawab.

30Ari Yohanes kagungan hak ngabaptis ti saha? Ti Allah atawa ti manusa?"

31Maranehna jadi patanya-tanya jeung pada batur, "Kudu kumaha jawabna? Lamun dijawab ‘Ti Allah’, tangtu ceuk manehna, ‘Ku naon atuh aranjeun teu percaya ka Yohanes?’

32Lamun dijawab ‘Ti manusa’, matak susah ka urang." (Maranehna sarieuneun ku rahayat ari ngajawab ‘Ti manusa’ mah, sabab rahayat mah nganggapna ka Yohanes teh nabi.)

33Tungtungna ngajawabna teh, "Duka teuing!" Saur Yesus, "Ari kitu mah Kaula ge moal ngabejakeun make hak naon Kaula migawe kieu."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Markus 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel