Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Markus 16 >> 

1Sanggeus poe Sabat tutup, Maria Magdalena, Maria indungna Yakobus, jeung Salome, mareuli boreh seungit pikeun ngaboborehan layon Yesus.

2Arinditna ka makam poe Minggu isuk-isuk pisan barang meletek panonpoe.

3(16:3-4) "Saha engke anu manggulingkeun batu tutup pajaratan?" ceuk maranehna bari leumpang. Batuna teh kacida gedena. Tapi batu tutup makam teh kasampak geus aya nu ngagulingkeun,

4(16:3)

5tuluy bae arasup. Barang geus araya di jero, maranehna mani tinggarebeg, nenjo di beulah katuhu aya nu keur calik ngora-ngora, jubahna bodas.

6Pok nu keur calik teh ngalahir, "Tong sarieun! Nyai tangtu rek ngalayad Yesus urang Nasaret anu dihukum salib tea. Anjeunna geus teu di dieu, geus digugahkeun! Tuh, kari urut ebog-Na!

7Geura pupulihkeun bae ayeuna mah ka murid-murid-Na, ka Petrus oge. Bejakeun, ‘Anjeunna geus angkat ti heula ka Galilea sakumaha saur-Na tea, engke tangtu kapanggih ku aranjeun di ditu!’"

8Maranehna kaluar rurusuhan ti jero pajaratan tuluy lalumpatan. Maranehna teu ngomong naon-naon ka saha-saha oge lantaran sarieuneun.

9[Eta wanita-wanita tuluy nepungan Petrus jeung batur-baturna, sarta kalawan ringkes nyaritakeun anu dipesenkeun ka maranehna tea. Sanggeus eta mah Yesus ku Anjeun ku jalan murid-murid-Na ngawawarkeun eta amanat suci tur abadi, ti masrik nepi ka magrib, ngeunaan kasalametan anu langgeng.] [Sanggeus Yesus gugah tina pupus, poe Minggu isuk-isuk, pangheulana nembongan teh ka Maria Magdalena. (Yesus kungsi ngaluarkeun tujuh roh jahat ti manehna.)

10Ku manehna dibejakeun ka mitra-mitra Yesus anu keur prihatin jeung careurik.

11Dibejaan yen Yesus geus hirup deui teh tur jeung Maria mah malah geus papanggih, maranehna teu palercayaeun.

12Geus kitu ku cara sejen Yesus nembongan ka dua jelema ti antara panganut-Na, nu keur di satengahing jalan rek ka hiji kampung.

13Eta anu duaan baralik deui ka kota bebeja ka nu sejen, tapi teu dipercaya.

14Panganggeusanana Yesus nembongan ka sawelas murid-Na waktu maranehna keur dalahar. Maranehna ku Anjeunna diweweleh lantaran teu baroga iman, jeung keukeuh teu percaya ka jelema-jelema nu geus narenjo sorangan Anjeunna hirup deui.

15Geus kitu saur-Na, "Datangan ku maraneh sakuliah dunya, siarkeun Injil Kasalametan ka sakabeh manusa.

16Salamet anu percaya kana eta wawaran sarta dibaptis. Sabalikna cilaka anu arembung percaya.

17Nu palercaya bakal dibere kakawasaan nyieun kaajaiban-kaajaiban; bakal barisa ngusir roh-roh jahat ku nyambat jenengan Kami; bakal barisa ngomong dina basa-basa sejen;

18lamun nyekel oray matih atawa nginum racun maranehna moal naon-naon; lamun nyabak ka nu gering, nu geringna tangtu cageur."

19Tutup Gusti Yesus ngalahir-Na ka maranehna, Anjeunna terus diangkat ka sawarga, terus linggih di tengeneun Allah.

20Murid-murid-Na tuluy ariang nyiarkeun Injil Kasalametan ka suklakna ka siklukna, tur Gusti oge ngiring barangdamel nyarengan maranehna, ngayakeun kaajaiban-kaajaiban geusan ngabuktikeun yen hal anu disiarkeun ku maranehna teh sayaktina.]


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Markus 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel