Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Markus 3 >> 

1Yesus mulih deui ka imah ibadah. Di dinya aya hiji jelema anu leungeunna kemper sabeulah.

2Jeung aya nu sejen deui, anu saenyana ngarep-ngarep supaya Yesus midamel kasalahan, rek didakwa. Maranehna kacida ngarawaskeunana, sugan bae Anjeunna nyageurkeun eta jelema harita keneh dina poe Sabat.

3Yesus ngalahir ka nu kemper tea, "Ka dieu, ka hareup!"

4Ti dinya saur-Na ka nu rea, "Pagawean kumaha anu ku Hukum Agama urang meunang dipigawe dina poe Sabat? Nulungan atawa nyilakakeun, nyalametkeun nyawa batur atawa mergasa?" Maranehna teu narembal naon-naon.

5Yesus neuteup ka maranehna, manah-Na bendu pacampur jeung sedih ku anu sakitu baredegongna jeung saralahna. Tuluy ngalahir ka nu kemper tea, "Lempengkeun leungeun hidep!" Ku manehna dilempengkeun, bet leungeunna nu kemper teh jadi cageur.

6Urang Parisi tinglaleos, terus ngabadamian jelema-jelema kaomna Herodes rek nelasan Yesus.

7Yesus angkat ka Talaga Galilea jeung pangiring-Na. Anu naluturkeun kacida lobana, ti Galilea, ti Yudea,

8ti Yerusalem, ti wilayah Idumea, ti wetaneun Walungan Yordan, jeung ti sakurilingeun kota-kota Tirus jeung Sidon, anu geus mareunang beja perkara anu dipidamel ku Anjeunna.

9Ku loba-lobana jelema, Anjeunna nepi ka mundut parahu ka murid-murid supaya ulah kasedekkeun.

10Geus loba anu gering anu dicageurkeun ku Anjeunna, sarta anu garering teh mani pasedek-sedek hayang nyabak ka Anjeunna.

11Ari anu kasarurupan ku roh jahat mah barang ret ka Anjeunna teh terus bae sujud ka payuneuna-Na bari ngagero, "Anjeun teh Putra Allah!"

12Tapi eta roh-roh jahat teh ku Yesus dicarek teu meunang pisan nyebut Anjeunna saha.

13Ti dinya Yesus unggah ka hiji pasir, tuluy nyaur sababaraha jelema anu cocog jeung manah-Na. Sanggeus karumpul,

14ku Anjeunna dipilih dua welas urang. Eta anu kapilih ku Anjeunna disebatna rasul. "Maraneh ku Kami dipilih pikeun maturan Kami salawasna," saur-Na. "Sarta ku Kami baris diutus oge pikeun ngawurukan jalma-jalma,

15jeung bakal dibere kakawasaan ngusir roh-roh jahat."

16Anu kapilih teh ieu ngaran-ngaranna: Simon (ku Yesus dipaparin ngaran Petrus);

17Yakobus jeung Yohanes (adi lanceuk anak Sebedeus, duanana ku Yesus dipaparin ngaran Boanerges, hartina "Guludug");

18Andreas, Pilipus, Bartolomeus, Mateus, Tomas, Yakobus bin Alpeus, Tadeus, Simon Patriot,

19jeung Yudas Iskariot, anu engkena ngahianat ka Anjeunna.

20Yesus mulih ka bumi-Na. Breg deui digimbung ku jalma rea, nepi ka Anjeunna jeung murid-murid teu kaburu tuang-tuang acan.

21Barang wargi-wargina ngadarenge hal eta, tuluy nareang Anjeunna rek diajak mulih, sabab aya beja majar, "Anjeunna geus owah!"

22Aya sawatara guru-guru agama anu daratang ti Yerusalem, ngaromong kieu, "Eta jelema teh kaasupan Beelsebul! Nu matak jadi bisaeun ngusir roh-roh jahat teh lantaran meunang kakawasaan ti eta kapala roh jahat."

23Maranehna ku Yesus disaur. Geus kitu Anjeunna nyarios, tapi ku ibarat-ibarat. "Kumaha bisana Iblis ngusir Iblis?" saur-Na.

24"Hiji kota anu pecah jadi sababaraha golongan anu silih lawan tangtu ancur.

25Hiji kulawarga anu pecah jeung silih lawan, tangtu awut-awutan.

26Nya kitu keneh karajaan Iblis, lamun pecah jadi golongan-golongan anu silih lawan, ngadegna moal lila, karajaanana tangtu enggeusan.

27Moal aya anu bisa ngabongkar imah jelema bedas sarta nyokotan harta bandana, kajaba lamun eta nu bedas teh ditalikung heula kakara imahna bisa dijarah.

28Kaula mere terang, jelema anu nyieun dosa jeung anu omonganana jahat bisa dihampura.

29Tapi anu ngagogoreng Roh Suci mah teu bisa dihampura, sabab nu kitu mah dosana teh langgeng."

30(Yesus nyebatkeun kitu teh ka jelema-jelema anu nyebutkeun majar Anjeunna kaasupan roh jahat.)

31Ibu jeung saderek-saderek Yesus geus narepi ka dinya, tapi di laluar bae, nalatahkeun supaya Anjeunna kaluar.

32Anjeunna keur dirariung ku jalma rea. "Itu aya ibu di luar sareng saderek-saderek istri pameget, hoyongeun nepangan," ceuk maranehna.

33"Saha ari ibu Kami? Saha ari dulur-dulur Kami?" waler-Na,

34bari terus neuteup ka anu ngariung ka Anjeunna. "Ieu ibu jeung dulur-dulur Kami mah!" saur-Na deui.

35"Saha-saha anu ngalampahkeun pangersa Allah, eta ibu Kami, dulur-dulur Kami awewe lalaki."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Markus 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel