Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 1 >> 

1Nya bagja jalma anu nolak pangajak jalma jahat, anu teu kabaud kana laku teu puguh, teu kabawakeun ka anu sok nyapirakeun Allah.

2Sabalikna resep nurut kana Hukum PANGERAN, bari diulik beurang peuting.

3Jelema anu kitu ibarat tangkal nu jadi di sisi walungan, dina usumna tangtu buahan, daunna ge moal aya alumna, sapanejana tangtu tinekanan.

4Sabalikna jelema jahat, kaayaanana jeg huut katiup angin.

5Jalma jahat ku Allah tangtu dihukum, jeung dipisahkeun ti umat-Na.

6Jalma bener, diraksa jeung dijaga ku PANGERAN, sabalikna jalma jahat mah nuju kana kamusnaan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel