Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 10 >> 

1Ku naon tebih, nun PANGERAN? Ku naon nyumput waktos abdi-abdi kasesahan?

2Nu jarahat reujeung angkuh nindes ka nu balangsak; eurad eta jelema-jelema teh ku jiretna sorangan.

3Nu jarahat nyombongkeun napsu-napsu jahatna, nu harawek nyapa sareng nganistakeun PANGERAN.

4Jalma jahat teu malire ka PANGERAN; ceuk pikirna anu sombong Allah teh euweuh.

5Nu jarahat teh naranjung dina sagala hal. Maranehna teu bisa ngarti kana hukum Allah, ka musuh salawasna nguntup.

6Hatena takabur, "Aing moal bisa gagal, moal keuna ku balangsak."

7Eusi omonganana panyapa, tipu, ancaman; kecap-kecapna pinuh ku kangewa jeung jahat.

8Maranehna nyarumput di lembur-lembur, niat ngabinasa ka nu henteu salah, ngadodoho jelema nu taya dayana,

9ngabongohan ti panyumputanana cara singa. Ngadepong ngadago jalma malarat, nu balangsak dieuradan terus digusur.

10Korban-korbanna ngalungsar taya dayana, eleh ku kabedasanana.

11Si jahat ngomong sorangan, "Allah cicing bae! Peureum bae, moal nenjoeun ka aing!"

12Nun PANGERAN, hukum eta nu jarahat teh! Sing emut ka nu balangsak!

13Ku naon nu jahat teh nepi ka bisa nyacampah ka Allah, majar maneh, "Aing ku Allah moal dihukum?"

14Nanging Gusti teh ningali; malire ka nu sangsara sareng lara, tur sayagi nulungan. Nya ka Gusti sumerahna nu teu walakaya teh. Gusti salamina ngabela ka jalmi miskin.

15Basmi kakawasaan nu jahat sareng nu doraka teh, hukum kajahatanana, sangkan ulah deui-deui.

16PANGERAN teh raja sapapanjangna. Anu nyarembah ka allah-allah sejen bakal musna ti tanahna.

17Nun PANGERAN, Gusti kersa ngadangu panyambatna jalmi laip, negerkeun hatena.

18Gusti kersa ngadangukeun panyambat jalma pahatu, kersa mirosea jumeritna nu dikakaya. Gusti kersa ngabela maranehna; dugi ka moal aya deui manusa anu nganiaya ka maranehna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 10 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel