1Jabur Daud. Ieu lagu abdi, ngeunaan kasatiaan sareng kaadilan, bade dinyanyikeun ka Gusti, nun PANGERAN.
2Abdi seja milampah kalakuan nu taya cawadeunana. Iraha Gusti bade rawuh ka abdi? Abdi di rorompok sumeja ngalakonan hirup beresih,
3bade nebihan lampah nirca, ngabaidkeun laku lampah nu malurtad ti Allah, narah biluk ka nu karitu.
4Moal serong hate, moal miluan kana lampah doraka.
5Anu sok haruwas-harewos ngagogoreng batur, ku abdi bade diusir; moal nyabaran ka nu adigung adiguna.
6Anu bade diluluskeun teh jalmi anu tigin ka Allah, bade dikengingkeun hirup di karaton abdi. Anu leres-leres lempeng hatena, tangtos diwidian ngawula.
7Abdi moal ngampihan tukang tipu, moal miara jalma pura-pura.
8Unggal-unggal dinten, abdi bade ngabasmi anu jarahat ti jero nagri. Para durjana sadayana bade diusiran, moal diantep hirup di kotana PANGERAN.